Ceuk kula mah seni geus mangrupakeun instrumen atau system anu nerap ti diri manusa. Sabab manusa sok cenderung dina hirupna sok neangan kaendahan anu tangtuna bidang seni nyaeta bidang anu nonjolkeun unsur rasa tea. seni. Mun jalma teu boga rasa, hartina eta jalma ERROR. Ngawangun gedung pan kudu aya senina. Kitu deui jeung urusan agama nyaeta Dakwah pikeun nyiarkeun agama Islam apan kudu boga seni. Mun ustad atawa mubalig dina dakwahna henteu boga seni, pasti jalma anu ngahadiran barubar. Conto : Assalamualaikum wr. wb. (norolong jiga motor butut euweuh reman) Hadirin anu dimulyakeun ku Allah, urang kudu solat, kudu puasa, kudu zakat, kudu...kud..kud...kuduuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuu pokona kudu!!!!!!!!! Mun teu sarolat, teu paruasa, teu jarakat asup naraka !!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!! Ceuk jamaah mendingan molor di imah ah........ Beu mun dakwah henteu ngabogaan seni, cilaka tujuh mulud, Islam baris ditingalkeun jamaah.
Dari: Dikdik <[email protected]> Kepada: [email protected]; [email protected] Dikirim: Minggu, 18 September 2011 22:11 Judul: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Agama jeung Seni? Ari ceuk panitenan kuring mah, benang beureumna teh, sabenerna mah aya DUA KALEULEUWIHI! Kaleuleuwihi kahiji: Ulah salah, teu saeutik urang pwk nu resep seni mang, unggal aya pertunjukan wayang ge sok pinuh wae nu nongton sakainget kuring mah, nu jauh ge sok dijugjug komo mun dalang sohor keur manggung. Lain sakadar pamuda, nu geus kolot ge ari kana wayang mah resep. Bapa kuring ge resep, sanajan geus umur 70an. Nu jadi masalah, nu didenge2 ku kuring, boh ti kolot sorangan, boh obrolan para pemuda atawa masyarakat sejenna, urusan patung teh geus kaleuleuwihi. Di kota-na wae ni asa unggal pengkolan aya patung, encan masalah gapura, ni unggal gang digapuraan. Alus sabenerna mah ari urusan gapura, jadi nyeni lah. Ngan ari urusan patung mah da katingalina teh asa terlalu berlebihan, bahkan menurut pendapat ti nu resep wayang. Ti mana atuh dana nyieun patung teh? Ti APBD mang, lain duit pribadi bupati. Ceuk cenah (perlu klarifikasi ieu mah), hiji patung teh nitih 50jt. Wajar, da patungna ge aya nu 5 meter, kuring ningali sorangan lain ceuk batur. Wajar oge 50jt, soalna 50jt batas plafon pengadaan nu teu perlu make lelang, tinggal nunjuk saha2 weh nu dianggap memenuhi syarat, beda jeung lamun pengadaan leuwih ti 50jt nu kudu make lelang nu leuwih riweuh urusan adm-na. Bayangkeun weh lamun aya 10 patung, sabarahaeun eta duit dipake patung? Pan ari rahayat mah ngitungna kitu weh nu babari. Ari pamarentah leuwih nitik beuratkeun kana urusan patung, sedengkeun ari rahayat mah meureun kahayangna ulah sakabeh fokus kana urusan nu teu berhubungan langsung jeung beuteung rahayat. Lamun aya nu nyebut rahayat pwk geus rata2 sejahtera, eta pasti WADUL bin BOHONG. Kasaksian ku panon sorangan masih aya rahayat nu imahna teu leuwih alus batan kandang domba. Kaleuleuwihi kadua: Tah ieu oge sabenerna nu kurang (atawa henteu) alus. Nu teu resep kana kawijakan pamarentah teh kuduna mah make jalan/jalur nu leuwih alus tur mangpaat sarta teu anarkhis, pan bupati jeung jajaranna teh jelema, piraku teu boga ceuli jeung panon, piraku rek ngantep mun aya nu datang secara baik2 mah. Ieu mah ngadon patung nu diruksak. Patung teh nu nyieun pamarentah (bupati+instansi di handapna-jelema keneh), kuduna mah teu kudu protes ka patung da lain jelema. Nya tinggal datang weh atuh. Sakali dua kali teu didenge, piraku atuh ari 10 kali masih teu didenge mah. Kitu mang, jadi harepan kuring mah tina berita2 nu aya ulah nepi ka aya pendapat atwa penggiringan opini yen urang purwakarta teh teu resep seni. kuring salaku urang purwakarta ngahanjakalkeun pisan kajadian ieu teh. Sent from BelekBek® From: Ki Hasan <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Sun, 18 Sep 2011 21:56:29 +0800 To: Ki Sunda<[email protected]> ReplyTo: [email protected] Cc: Baraya Sunda<[email protected]>; Urang Sunda<[email protected]> Subject: [Urang Sunda] Agama jeung Seni? Dina salah sahiji episode Si Cepot sabalad-balad, asana dalang Asep pernah mere conto pentingna seni keur agama. Coba cenah mun nu adzan teu dilagukeun, teu make seni soara, da cawerang, teu negunah kadengena. Numatak, cenah seni teh penting. Mun baroga rasa seni jigana moal kudu ngatuntageun patung wayang sagala nya. Teu percaya, seni penting keur agama? Cobaan geura adazn make intonasi nu keur nyarekan. Ngeunah moal nya? ===== Agama Tanpa Seni? Kering! Kamis, 15 September 2011 19:43 WIB REPUBLIKA.CO.ID, Jakarta - Agama dan seni tak dapat dipisah dalam kehidupan. Hal ini disampaikan Dirjen Bimas Islam Kementerian Agama, Nasaruddin Umar. "Berkesenian dapat menembus rasa dan merupakan bahasa universal," katanya, saat memberi penjelasan terkait penyelenggaraan Festival Eksibisi Budaya Islam dan dialog Seniman Muslim Negara Anggota MABIMS 2011 di Hotel Borobudur Jakarta, 20-24 September mendatang. Nilai-nilai agama, tambah nasaruddin, akan terasa kering jika tak diikuti dengan seni. "Seseorang hatinya akan terasa kering jika ia tak memperdulikan seni. Agar hati tak kering, maka perlu dibasahi dengan berkesenian." Kesenian, Kata Nasaruddin, tak melulu terkait dengan nyanyian. Masih banyak cabang seni, misalnya seni lukis dan lainnya. "Kita jangan lihat perbedaan. Kesenian pun tak seragam. Jika seseorang melihat lukisan, tentu beragam warna akan memberi kontribusi agar hasilnya indah," ujarnya menambahkan. MABIMS adalah organisasi tak resmi kementerian agama Malaysia, Indonesia, Brunei Darussalam, dan Singapura. Menurut Nasaruddin Umar, Festival Eksibisi Budaya Islam dan dialog Seniman Muslim Negara Anggota MABIMS 2011 dimaksudkan untuk membangun ikatan persaudaraan (ukuwwah) dan syiar Islam. Festival yang akan dibuka Menteri Agama Suryadharma Ali tersebut merupakan itikad baik pemerintah untuk mewujudkan dan memperkuat semangat persaudaraan dan mengangkat kedaulatan umat Islam di Asia Tenggara. Redaktur: Siwi Tri Puji B http://www.republika.co.id/berita/dunia-islam/islam-nusantara/11/09/15/lrkdzr-agama-tanpa-seni-kering
