tah geuning...nu ditunggu-tunggu teh ahirna kaluar oge. hatur nuhun Bah Aa. 2 jempol lah..:)
________________________________ Dari: Abbas Amin <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Dikirim: Kamis, 6 Oktober 2011 11:41 Judul: [kisunda] Bharata Yudha ka 80 Saparantos Salya lastari, Yudhistira tos teu ningali Prajurit sareng Pasukan Kurawa, sadayana atos bubar katawuran, atawa tiwas; ngan nu aneh Samiaji teu ningal di mana atawa kamana Duryhodana? Dipilarian katatang koteteng weleh teu kapanggih; da kpan jelas hirup keneh; tapi sigan nyumpit atawa mabur. "Ah ngerakeun pisan, ngerakeun Bangsa Ksatrya; jeung ngerakeun ka Wangsa Bharata" Kitu Yudhistira di na hatena. Nya tidinya mah Yudhistira Bhima rjuna Nakula Sadewa dituturkeun ku Kresna, neangan sugan aya Suyudhana. Seukeut paningal Yudhistira, teras wae nuju ka hiji talaga nu kacida herang cain; ayana di sisi leuweung Kurusetra. Tapi sdayana teu aya nu ningal ayana Suyudhana. Ngan wae aya tapak suku di sisi eta talaga; Yudhistira waspada lajeng wae matek aji panembongan sabalikna ti na aji halimunan. Nyata Duryodhana memang aya keur ngeueum di eta Talaga Saraswati. Gancangna Yudhistira ngagero ka Suyudhana:"Eh Suyudhana, sampeyan teh teu nyana geuning sakieu kecingna ? Sampeyan teh geus ngorbankeun ratusan Rebu Pahlawan jeung prajurit; lantaran sampeyan pisan nu boga pokal nepi ka kajadian Perang gede teh. Tapi mana tanggung jawab sampeyan ?" Suyudhana nu keur muja semedi gugurubug hanjat da nyaho geus katohyan; kabuka nyumputna; terus wae hanjat ka darat. "Hahahaha, Yudhistira sampeyan geus meunang perang; kop we tah Astina cokot ku maneh. Da Kula mah geus teu napsu deui ngawasa Astina; kapan nu bakal sinembah ka Kulana ge geus areuweuh. Sampeyan eya meunang perang; tapi hahahaha, ngan ukur ngawasa Astina nu geus ancur !" Yudhistira:"Perang can anggeus Suyudhana, sabab masih aya keneh sampeyan. Naha sampeyan sieun paeh ? Naha atuh ti babaheula hayng wae perang ?" Suyudhana:"Kaula lain sieun paeh; tapi geus kieu mah euweuh gunana perang ? kapan para pasukan ge geus pada bubar katawuran !?" Yudhistira:"Ayeuna mah teu kudu make pasukan hayu we tagtukeun antara Suyudhana ti Kurawa ? Atawa Pandawa ?" Suyudhna :"Da kapan sampeyan mah limaan, ari Kula sorangan, naha teu era ngoroyok Kaula ?" Yudhistira:"Yeuh Duryodhana ! kieu we atuh.......... sampeyan milih salah sahiji lawan diantara Kaula limaan; mun sampeyan meunang Kaula kabehanana bakal taluk, teu kudu perang deui. Sok rek milih u mana ?" Leng leng ramyaning kng sasngka kumenyar.......................... Suyudhana geus teu bisa mundur deui, kapaksa kudu milih lawan, tadina rek milih Sadewa nu pang ngorana; tapi kpikir deui Sadewa pinter pisan pedangna; jeungna deui bisa nojos kamana bae; sedengkeun Duryhodhana saenyana mah sakti teu bisa teurak ku senjata; ngan pingping nu kenca permatina. Ah teu ungkulan ngalawan Sadewa mah lantaran Paman Sakudi nu sakitu jagona oge kapan paragat ku Sadewa ? Nakula sami mawon. Arjuna ...................??? Iiiiiiy jajauheun Kula kudu nandingan Arjuna; Brehadrata jeung Bhagadhatta oge kapan binasa ku si Arjuna mah. Yudhistira ? Wah loba kaanehan nu ieu mah.................. pek we baheula ku Drona geus ampir2ab; tapi slamet wae. SAtuh Salya nu sakitu saktina kapan ngan sakilat mati ku Yudhistira. Ah paur loba u anehna. Tinggal ieu si Bhima ! Enya aritanagana mah bedas jeung KUAT nahan gebukan, tapi pan laun maen gada teu meunang ngagebug ti bujal ka jandap ! Hahha, masing enya ge nyahoeun ka na permati Kaula; si eta moal bisa neunggeul pingping Kaula. Tah lila lila mah kapan si Bhima capeeun, terus we keok; nya Kaula nu meunang perang. Hhhaha. Enya si Bhima we rek jadi lawan Kula mah.' Sanggeus teteg Suyudhana nyebutkeun yen rek milih Bhima sabage lawanna; ari tarungna ngagunakeun GADA ! HANCA
