Kamari kuring pendak sareng Bos kang Kumincir Prof. Sangkot Mardjuki di Bali dina acara Akademi Ilmu Pengetahuan Indonesia(AIPI). Para elmuwan ti Indonesia aya Emil Salim, Sajogjo, Bambang Hidayat, Taufik Abdullah, Melly G. Tan, Mayling Oey, Edi Sedyawati, Sjamsuhidaya, Martha Tilaar jeung A Tilaar.. Pokona mah para pakar anu tos kakoncara tingkat Asia.
Waktu kuring ngenalkeun maneh, batur kang Kumi, Prof Sangkot apal nami panjang kang Kumi."Iskandar Alisyahbana?Kenal dimana?" Sesama anggota milis kasundaan. Tadina mah rek naroskeun panalungtikan DNA sukubangsa di Asia anu cenah aya kamiripan, bisa jadi ras bangsa atlantis. Tapi teu aya waktu nu merenah. Anu leuwih penting mah. Kuring geus difoto babarengan jeun Prof Sangkot. Jadi mun hiji waktu kapanggih deui, moal canggung. Fotona ku kuring "dialungkeun" di FB. Para elmuwan mun tos kumpul, sami we jeung urang upama ngobrol. Ngabodor, sempal guyon, kadang kadang ngobrolkeun pangalaman waktu keur aktif jadi birokrat. Kuring ngiluan "ngarewong" ngagoongan lamun aya topik kiwari tapi teu inget para pelakuna. Hiji hal anu punjul ti para ilmuwan teh. Salian ahli dina widang kaelmuanan, maranehanan oge boga minat kana widang sejenna, soal politik, sosial, seni, sastra, jeung soal kadaharan. Jiga kamari, topik obrolan anu haneut dipadungdengkeun di luar topik seminar nyaeta kasusastraan. Cenah ayeuna mah hese mun neangan buku "Sukreni Gadis Bali" buku karya pangarang Pujangga Baru. Wangkongan nepi ka ngobrolkeun buku karangan Pramudya "Keluarga Gerilya" Topik anu paling ngagetkeun perkara gedong PN Balai Pustaka di Jalan Wahidin Jakarta anu dijabel (diambil alih) ku Depkeu. Padahal kantor eta the bagian tina sejarah kasusasteraan Indonesia. Kitu tah salah sahiji wangkongan para elmuwan kahot Indonesia. Powered by Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: Kumincir Wikidisastra <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Fri, 14 Oct 2011 18:12:06 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Lawas ti lawas basa keur budak muga2 ki saprudin dihampura kasalahanana...! heuheu On 13/10/2011, Sp Saprudin <[email protected]> wrote: > Ceuk batur budak purunyus jeung bangor, salembur geu teu bireuk deui ka > ngaran kuring. Bengal kabina-bina taya papadanna, purunyus jeung bangor ka > rea jalma, utamana ka jalmi anu parantos sepuh (aki-aki). Mindeng pisan > aki-aki jadi sasaran kabangoran kuring. > Jalmi sepuh anu kiwari tos mulang raga alias maot. Masih keneh ingeut ka Ki > Nursam (almarhum), ka Ki Bahim (almarhum), ka Ki M. Qoli (almarhum), oge ka > Ki Gawi (almarhum). Aranjeuna anu pernah ku kuring diheureuyan, sampe eta > aki-aki ararambek kana sikap polah kuring, basana teh "Anak culangung, anak > kurang ajar, ka kolot geus kumawani, awas siah dibejakeun ka Aki Siah > sangkan diwarah". > Kuring boga aki saumuran jeung aki-aki ieu. Aki kuring katelah tokoh > masyarakat jeung tokoh agama. Urang lembur mun boga hajat boh nyunatan boh > ngawinkeun song datang ka Aki kuring, maksudna supaya datang ka imahna titah > caramah kaagamaan. > Kacaritakeun hiji mangsa dur bedug Isya ki Bahim angkat ka mushola. Waktu > harita can aya listrik beurang peuting model kiwari. Mun peuting lalampahan > kudu make senter batre atawa colen (obor). Anu biasa dilakukeun ku Ki Bahin > nyaeta mawa colen jeung sok make sendal merk Lily anu handapna ditambalan > make kaleng basana teh ameh awet. Ari jalan rada bongkok, leungen katuhu > nyekel iteuk, leungen kenca nyekel colen, jalana teh "kuprak...kuprak....." > sada sendalna, jeung "uhuku....uhuk....uhuk....." sada batukna. > Kuring ningali Ki Bahim angkat ka Mushola, nuturkeun tuakeungeunna, nanya > kamanehna "Ki bade kamana, eta meni kitukatingalina, sok kadieu Ki ku abdi > dituntun". Ceuk Ki Bahim "Biasa Aki mah rek ka mushola, keun bae tong > dituntun da Aki oge masih keneh kaduga". Ku Kuring eta Ki Bahim lain > dituntun, malah itekna dicokot ku kuring bari ngibrit lumpat. Ki Bahim > reuwas, nempo itekna dicokot ku kuring, bari menerkeun kacamatana > terus ceuceuleuweungan (ngoceak) : "Eta geuning....eta geuning.......anak > haram jadah, sugan teh enya rek nuntun aing, eta malah iteuk aing dibawa > lumpat,balikkeun eta itek aing, gelo sugan budak ta teh" > > Kacaritakeun lalakon anu lain, nyaeta Ki Nursam, sarua saumuran jeung Ki > Bahim, mun angkat ka Mushola oge sok mawa colen (obor). Waktu harita Ki > Nursam tos nyampe ka Mushola, eta colen dipareuman terus sok disimpen > handapeun bedug disenderkeun kana tembok. Kuring geus teunget mun aya colen > nyender di juru deket bedug pasti anu bogana Ki Nursam. Harita kuring ilu > shalat Isya berjamaah. Bada shalat Isya tos salam kuring ngabrit muru tempat > bedug, maksudna rek nukeurkeun colen Ki Nursam jeung panakol bedug. > Kabeneran ukuran colen jeung panakol sapadan (saukuran) gede jeung > panjangna. Kop kuring nyokot panakol bedug ditukeurkeun jeung colen Ki > Nursam, geus kitu leos indit ka luar mushola cicing diteras nungguan Ki > Nursam kaluar. Teu kungsi lila dipelebah panto katembong Ki Nursam keur > nyekel colen anu geus diganti ku kuring. Leungeunna ngodok kantong baju > kampret (koko) ngaluarkeun gas bensin anu maksudna rek nyeungeut eta colen. > "Kcrek...kcrek....." Bray > eta gas bensin hurung, terus song diasongkeun kana tungtung panakol bedug > maksudna rek nyeungeut colen. Geus babaraha kali nyetrekeun gas bensin eta > colen teu dek hurung "Kunaon ieu coleh teu dek hurung bae". Terus panonna > neges-negeskeun eta colen, teu lila lung eta colen teh dibabetkeun kana > tembok mushola bari ngambek "Saha jelemana nu geus nukeurkeun colen aing !!! > Pantesan teu dek hurung bae!!! Mun panggih jelemana ku aing digantung > huluna!!!!. > > Tah kitu, carita lawas ti lawas basa keur budak. Hampura Ki kuring anu tos > ngaheureuyan. Mudah-mudahan we aranjeun anu tos marulang diraksa ku Allah > Swt, dihampuran sagala kasalahana jeung ditarima amal ibadahna, amiin. -- sikandar kumincir.blogspot.com kumincir.multiply.com blog.boleh.com/kumincir www.urang-sunda.or.id su.wikipedia.org
