PBKS - Si Udin jeung Guru Matematika? Ku: Sp Saprudin
Basa kuring diuk di SMP, boga guru matematika anu ngarana Pa Adang. Guru anu pang galakna ka anak murid, mun murid hareureuy di jero kelas, eta sapatuna pasti hiheur dibaledogkeun ka murid anu hareureuy. Mun teu kitu manehna sok nyuridat jambang. Mun nyuridat karasa meni peureus jeung nyeri pisan. Harita poe Rebo di jero kelas 1B SMP PGRI Bayah. "Isep maju ke depan" ceuk Pa Adang guru Matematika nitahan kuring kahareup. Tembal kuring "Baik Pak" terus ngoloyor maju ka hareup. "Coba kamu selesaikan soal ini" bari song eta Pa Adang mikeun buku Matematika. "Yang mana Pak?" ceuk kuring. "Lihat soal nomor 4, coba kamu kerjakan". Terus kuring nempo eta soal, dina hate ah cetek soal kieu mah sakalian reuk ngaheureuyan Pa Adang. "Aduh Pak susah amat soalnya. Kalau tidak bisa saya harus bagaimana Pak?. Tembal Pa Adang "Kalau kamu tidak bisa, ya kamu harus distrap, berdiri di depan dengan kaki sebelah diangkat dan tangan kanan memegang kuping sebelah kiri", kitu ancamanna teh. Kuring mah tenang bae ngadenge ancaman guru teh, dan ningali solna oge henteu pipaureun. Anu soalna mun teu salah kieu : Untuk membuat 60 pasang pakaian, seorang penjahit memerlukan waktu selama 18 hari. Jika penjahit tersebut bekerja selama 24 hari, maka berapa pasang pakaian yang dia buat? Kuring ngotret jawaban dina papan tulis, kieu kotretan kuring : = x/60 = 24/18 = x = 24/18 X 60 = 80 + 2 = 82 Geus beres terus kuring mikeun buku matematika ka Pa Adang "Pak sudah tuh" terus kuring ngoloyor ka tukang muru bangku paranti diuk kuring. Terus eta Pa Adang ngariksa soal dina papan tulis anu geus digawean ku kuring, bari pokna teh "Salah, kamu belum tepat, bukan begitu hasilnya". Menang ponten salah ti guru, kuring nangtung protes bari ngomong "Pak coba teliti lagi dengan cara yang seksama dan dan dalam tempo yang sesingkat-singkatnya, bahwa soal yang saya kerjakan adalah betul 100%. Jika Bapak menyalahkan jawaban soal yang saya kerjakan, berarti Bapak harus kuliah lagi" Ngadenge omongan kitu ti kuring, eta Pa Adang jadi beureum beungeutna rada ambek, bari pokna "Kamu jangan sok tahu, kata saya salah ya salah!!!". Kuring embung eleh gertak, terus nerangkeun jawaban soal "Pak hasilnya itu adalah betul 80, adapun ada angka tambahan 2 itu kan bonus buat Bapak, masa iya guru tidak dikasih? ceuk kuring rada nyengir kuda. Ngadenge kitu, anu tara tisasari Pa Adang seuri, harita seuri ngabarakat "ha...ha...ha..ha..ha..ha...ha...ha.... si budak badeur bisa oge ngabodor" pokna.
