Linda Amalia Sari, urang malayu deli, salakina urang sunda : Agum Gumelar
________________________________ Dari: Sp Saprudin <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Kamis, 20 Oktober 2011 10:29 Judul: Bls: [kisunda] Sunda & Reshuffle Ceunah Agung Lakoson oge ngaku urang sunda Cirebon, da manehna can pernah ngaku urang Jawa, oge Suryadharma Ali ngaku katurunan sunda, Linda Amalia Sari urang sunda Sok tah kadinya urang sunda anu parinter, ulah sakadar jadi Menteri, kudu hayang jadi Presiden....... Dari: Waluya <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Kamis, 20 Oktober 2011 8:25 Judul: [kisunda] Sunda & Reshuffle Rada kaget oge waktu ngareungeu wawancara Hidayat Nur Wahid jeung TVone tanggal 18/10/2011 perkara reshuffle kabinet (samemeh diumumkeun ku SBY). Wawancara ieu ngaliwatan telepon da Hidayat Nur Wahid keur aya di Cengkareng arek ka Leiden Walanda. Si pewancara TVone nanya kumaha reaksi PKS perkara rumor Menristek Suharna arek diganti. Pak Hidayat mere reaksi heuras, salah sahiji reaksina cenah lamun Suharna dieureunkeun, hartina representasi "SUNDA" di kabinet teu aya, padahal Sunda teh etnik nomer dua panggedena. Terus terang kuring sajongjonan ngahuleng, mikir, enya kitu, lamun Pak Suharna dieureunkeun, di Kabinet teu aya urang Sunda pisan? Ras inget ari Marty Natalegawa jeung Armida Kusumahatmaja Alisyahbana urang mana? Hilapeun kitu Pak Hidayat Nur Wahid teh? Atawa meureun maksudna teu aya wakil urang Sunda anu ti Parpol (politikus). Duka lamun kitu mah, da ari Marty Natalegawa jeung Armida mah jalma karier/ proffesional sanes politikus. Tapi leupas tidinya, nganuhunkeun ka Hidayat Nur Wahid, nu sacara teu langsung parantos ngingetkeun yen di Indonesia teh aya etnik nu aranna Sunda, jeung nomer dua panggedena ... WLY
