Ngababatang = jadi siga batang/kai/gebog = ngajepat teu usik teu malik = jadi 
mayit = maot
Kaiwat goda rencana = kabawa ku gogoda = beunang kagoda
Weduk = kebal, teu teurak ku pakarang (conto: lamun dikadek teu cecel teu bocel)
Tumekaning : asalna tina kecap "tekan" (sarua jeung basa Jawa) = datang, nepi, 
anjog; make rarangken "um" di tengah jeung "ing" di akhir: harepan (anu 
terus2an) ngeunaan kadatangan 

Sent from my iPhone
Oman Abdurahman

On 7 Nov 2011, at 10:16, Sp Saprudin <[email protected]> wrote:

> Punten ari kecap di handap ieu ngandung hartos naon?
> Ngababatang =
> Kaiwat goda rancana =
> weduk =
> Nu dugal sartabasangkal =
> Tumekaning =
>  
>  
>  
> 
> Dari: Yeni Kurniatin <[email protected]>
> Kepada: [email protected]
> Dikirim: Jumat, 4 November 2011 22:21
> Judul: Re: [kisunda] Banondari - Jaipongan, haturan kanggo mang Kabayan
> 
>  
> Haturan kanggo mang Kabayan
> Kanggo cooling down saatos mijah
> 
> CEURIK RAHWANA
> Pencipta : Muhtadi, Ibu Saodah Harnadi N.
> Lagam : Cianjuran
> Laras : Madenda
> Banon dari anu lucu
> Bojo akang anu geulis…. Geulis….
> Kadieu sakeudeung heula
> Akang rek mere pepeling…. Aduh
> Geura sambat indung bapa
> Samemeh akang pinasti
> Aduh enung anu ayu
> Nu geulis pupujan ati…. Geuning….
> Akang tangtu ngababatang
> Samemeh akang pinasti… aduh
> Aduh geulis … akang pinasti
> Erek menta dihampura
> Lahir tumekaning batin
> Kaduhung akang kaduhung
> Kataji nu lain lain.. geuning…
> Kaiwat goda rancana
> Kagembang ku sintawati…aduh…
> Geuning kieu balukarna
> Malindes balik ka diri
> Banondari akang ampun
> Rumasa geus nganyenyeri… geuning
> Salawasna dikakaya
> Nyandung geus puluhan kali…aduh…
> CEURIK RAHWANA (2)
> Maneh nu sabar tawekal
> Doraka akang kabadi
> Ayeuna tepung panungtung
> Jeung akang moal panggih deui…geuning
> Akang menta dihampura
> Kaawak maneh nu geulis…aduh
> Poma ulah rek gagabah
> Mun boga salaki deui
> Ulah milih anu weduk
> Anu gagah rongkah sakti… geuning
> Nu dugal sartabasangkal
> Boga rasa ieu aing…aduh..
> Lalanang dikolong jagat
> Bakti manggulang mangguling
> Nu weduk teu burung ajur
> Nu sakti tanwande mati…geuning…
> Nu dugal teu burung ajal
> Da taya anu linuwih…aduh…
> Sakumna mahluk di dunya
> Wekasan nana mah sami
> 
> 
> 2011/10/26 Mang Kabayan <[email protected]>
>  
> Gueee bangeeeet hahahaha kuriiiiing pisaaan... Cocok ieu lagu Kang hahaha... 
> Komo palebah kokorowot jeung keukeureuweut mah hehehe.
> 
> Mun bisa mah lagu-2 kieu teh di rilis deui ieu... Di mix tradisional jeung 
> modern ameh rame generasi ngora apal... 
> 
> Siga ayeuna di Trans TV kuring rajin nongton Comedy Project tea... Aya dalang 
> jeung si cepot sagala euy... Tim kreatip-na alus pisan... Maju teruuuuus 
> kasundaan :).
> Nuhuuuuuns,
> Mang Kabayan
> www.dkabayan.com
> ti urang, ku urang, keur balarea
> From: Irpan Rispandi <[email protected]>
> Sender: [email protected]
> Date: Wed, 26 Oct 2011 17:10:54 +0700
> To: <[email protected]>
> ReplyTo: [email protected]
> Cc: <[email protected]>
> Subject: [kisunda] Banondari - Jaipongan
> 
>  
> Salahsahiji lagu karesep kuring. ^_^
> 
> http://www.youtube.com/watch?v=guacjgbXIDw
> 
> [Rahwana]
> Eeeeee..
> banondari anu denok anu montok matak moho matak pogot
> anu geulis meni amis nu endah matak kabita, duuh..euiiisss..
> I love you i love you darliiingng ... (naha leres kang?)
> 
> Ngan hanjakal euis teh henteu kaopan
> gampil bendu mun kasinggung perasaan
> tutunjuk bari neuteuli, nyarios meni norostos
> cerewed lir manuk toed, duh darliiingng... (saur saha kang?)
> Ait... ciahahahaha.....
> 
> Najan kitu diri nyai tetep narik, imutna matak kapincut, dilakna matak 
> tibelat,
> Lambey ipis lir kueh lapis, mun digegel tangtu amis
> aduh tobat geuliiis....
> Iyaaaahhhhhhh hahahahah....
> 
> Aso lali wa'u wa'eng.... Aso lali wa'u wa'eng
> Aso lali wa'u wa'eng.... Aso lali wa'u wa'eng
> 
> [Banondari]
> Engkaaangng....sembaheun abdi narpati nu gagah sakti (iyayaya akang e' 
> gagah sakti ae!)
> Engkang teh jago ngarayu perceka mikat wanita, teu perduli aya nuboga, 
> engkaaangg.... (eta urusan akang e' nyai)
> Di dunya taya duana pameget nu kawas engkaaang
> waruga jalugjug jangkung, ngajedig halisna kerung purah ngudag-ngudag 
> bikang, aduh engkaaang....(ae! iyahahahaha....)
> 
> Diraksukan ku henteu matut, dilancingan oge randutdut
> kumis cokrom buuk gondrong, lir barongsay keur ngadangong
> aduh engkaaangng...(e' saha nu kos barongsay nyai?)
> 
> [Rahwana]
> Eeee.....Banondari ulah kitu, cinta engkang teh saestu,
> lain cinta imitasi, tapi cinta nu sajati,
> cinta engkang mah teknologina canggih. (Canggih?) euiiis...
> Iyaaa hahahaha.....
> Cinta engkang dijamin moal rek luntur
> Cintaku hanya untukmu (masa sih?)
> Dunya brana teu kabilang, neundeun duit di unggal bank, Emas inten 
> golondongan.
> kop kabeh eta keur nyaiii...ae! iyahahahaha.... (boong kali)
> Bisi hayang pelesiran langlang jagat bari shopping ka unggal nagara
> ka Jepang reujeung ka Hongkong, ka New York reujeung ka Paris
> Atawa rek ka Cilingcing, pek atuh geura balaka
> kahayang pasti aya, asal bener cinta ka akang
> Aduh tobat geuliis...Iyahahahaha...
> 
> Aso lali wa'u wa'eng.... Aso lali wa'u wa'eng
> Aso lali wa'u wa'eng.... Aso lali wa'u wa'eng
> 
> [Banondari]
> Engkaaang....(Akang nyai?)
> Engkang teh geuningan bodo, ngarayu karana sono, nyombo bari 
> ngolo-ngolo, engkaaang....(Naon akang kuno?)
> Cinta sanes komoditi, teu bisa dibeuli-beuli, najan ayeuna keur trendi, 
> atawa ditawar-tawar najan dibayar ku dolar abdimah da henteu hayang.
> Aduh engkang playboy aduh playboy aduh playboy Engkaang..(kumaha lamun 
> ku rupiah cu?)
> 
> Pameget mah dimana-mana ge sami, mun keur pogot sok kokorowot
> mun keur geugeut keukeureuweut, mun can beunang panasaran,
> Engkaang... Panasaaran (iyaaah... panasaraaan ha..ha..ha..)
> 
> 
> 
> 
> -- 
> www.bioeti.com
> il n'y a pas de choses impossible mais seulement des choses difficiles
> 
> 
> 
> 

Kirim email ke