SATUJUUUUUUU.....
DA AHLUL BAIT TEH LAIN FATIMAH, ALI HASAN HUSEN WUNGKUL. NU SEJENNA GE MASIH 
LOBA NU ASUP KA GOLONGAN AHLUL BAIT...


________________________________
 Dari: Irpan Rispandi <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Kamis, 17 November 2011 14:43
Judul: Re: [kisunda] Re: keluarga Rasul wajib dipikacinta  ulah pilih kasih
 

  
Nya abu jahal mah geus jelas eta mah he..he..he..

eta maksudna teh naha ngan Ali Hasan Husen hungkul anu di
    agung-agung, ari istri rosul nu sejen henteu, putra-putra Rasul nu
    sejen henteu (sanajan maraot keur aralit).

Mun erek oge anu diagung-agung teh Khadijah, anu milu sangsara
    tibabaheula, jaman Rasul mimiti da'wah. 

Kitu tah akang-akang Syiah.

^_^

On 11/17/2011 02:34 PM, Ahsa wrote: 
  
>Kang Oman, leres Asyura mah sual posisi bebeneran. Pan jelas saha nu bener 
>saha nu salah.
>
>Kang Irpan, mun salira maos buku Dialog sunnah syiah nu
              terbitkeun Mizan, bakal eces saha bae nu disebatkeun
              keluarga Nabi nu kedah dipikacinta. Maenya, jalma abu
              jahal, nu asup ka kulawargi ageung Muhammad saw kedah
              dipikacinta. pan tos jelas prestasina, ngajauhkeun Islam
              tur merangan. Mun teu lepat mah, kulawarga Nabi nu kaasup
              ma'sum teh: aya opat welasna. Mangga sual dalil na mah
              Kang Zen bae nu medar. Nyanggakeun. 
>
>--- In [email protected], oman abdurahman <omanarah@...> wrote:
>>
>> Kang Irpan srg kang Jalak,
>> 
>> Punten wae, lain pilih kasih atawa
              ngagung-ngagungkeun hiji pihak/tokoh.
>> Sabab, teu aya anu ngabogaan (saperti) maqtal Imam
              Husen. Maksudna, anu
>> syahid ditandasa kalawan beuheungna ditilas
              (dipenggal) mah teu aya deui
>> iwal ti Iman Husen, putera Syaidina Ali ti Sayyidah
              Fatimah, incuna
>> Kangjeng Nabi Muhammad saw. Bari kituna teh, kusabab
              Imam Husen nanjeurkeun
>> kaadilan, melaan rahayata leutik anu katandasa. Bari
              kituna teh apan Imam
>> Husen teh incu Nabi saw anu pohara dipikacintana
              jeung dipakameumeutna
>> (bari jeung lamun Nabi saw mikacinta atawa
              mikameumeut tangtu aya alesan2
>> anu kuat anu lain alesan pedah sagetih / sakaturunan
              wae), kaasup sahabat
>> Nabi saw oge.
>> 
>> Ngeunaan kateuadilan Mu'awiyyah jeung anak incuna,
              eta mah geus teu kudu
>> dicaturkeun deui. Malah nya nepi ka ayeuna, karajaan
              atawa dinasti dina
>> Islam - sakumaha di nagara2 Arab - diwariskeun ti
              Mu'awiyyah lain ti
>> kangjeng Nabi saw. Jadi lain perkara adil teu adil.
              Ieu mah perkara
>> pernahkeun posisi hiji jalmi sakumaha prestasi dina
              hirupna. Kitu heua
>> 
>> Salam,
>> manar
>> 
>> 2011/11/16 Irpan Rispandi <mr.rispandi@...>
>> 
>> > **
>> >
>> >
>> > Lamun sakabeh keluarga Rasul wajib dipikacinta
              ku urang, nya atuh ulah
>> > pilih kasih, nga-agung-agung ka incuna sareng ka
              minantuna hungkul, ari
>> > kulawarga Rasul nu sejenna henteu.
>> >
>> > he..he..he...
>> >
>> >
>> > On 11/16/2011 04:14 PM, mrachmatrawyani@...
              wrote:
>> >
>> >
>> >
>> > Ceuk cenah Rasulullah oge teu damang wales dugi
              ka heunteuna sabada nuang
>> > daging domba suguhan hiji kabilah.
>> > Tos jadi teorema, para pamingpin panutan umat,
              dipikasirik dipikamusuh ku
>> > sagolongan umat anu heureut pipikiranana.
>> >
>> > Mrachmatrawyani
>> > Powered by Telkomsel BlackBerry®
>> > ------------------------------
>> > *From: * jalakpakuan@...
>> > *Sender: * [email protected]
>> > *Date: *Wed, 16 Nov 2011 09:07:41 +0000
>> > *To: *<[email protected]> <[email protected]>
>> > *ReplyTo: * [email protected]
>> > *Subject: *Re: [kisunda] MAQTAL IMAM HUSEN
              (Anggitan: Kang Jalal)
>> >
>> >
>> >
>> > Siti Khadijah siti Aisyah siti Fatimah kakasih
              Rasulullah, pantang
>> > ngamilah milah tiluanana
>> > Powered by Telkomsel BlackBerry®
>> > ------------------------------
>> > *From: * Irpan Rispandi <mr.rispandi@...> <mr.rispandi@...>
>> > *Sender: * [email protected]
>> > *Date: *Wed, 16 Nov 2011 14:17:27 +0700
>> > *To: *<[email protected]> <[email protected]>
>> > *ReplyTo: * [email protected]
>> > *Subject: *Re: [kisunda] MAQTAL IMAM HUSEN
              (Anggitan: Kang Jalal)
>> >
>> >
>> >
>> > Hidup A'isyah, Hidup A'isyah.
>> > A'isyah istri Rasul
>> > A'isyah istri Rasul
>> > A'isyah is the best
>> >
>> > A'isyah A'isyah A'isyah
>> >
>> > he..he..he...
>> >
>> > On 11/16/2011 02:00 PM, Ahsa wrote:
>> >
>> >
>> >
>> >
>> > MAQTAL IMAM HUSEN (Anggitan: Kang Jalal)
>> >
>> > 1
>> > Imam Husen imam kaum mustadh`afin
>> > Ngocorkeun getihna
>> > Ngajait nasib nu leutik
>> > Ngabela umat tunggara
>> >
>> > 2
>> > Tara sepi pamingpin anu munafik
>> > Ngabobodo rayat
>> > Majar Islam nu diaping
>> > Padahal mangeran dunya
>> >
>> > 3
>> > Yazid nyebut maneh Amirul mu`minin
>> > Raja nagri Islam
>> > Bari solat bari haji
>> > Kalakuan euwah-euwah
>> >
>> > 4
>> > Rayat ceurik balilihan ting jarerit
>> > Hartana dirampas
>> > Jasmanina dinyenyeri
>> > Jaba batin digerihan
>> >
>> > 5
>> > Imam Husen sumegruk bari lumengis
>> > Di makam eyangna
>> > Bari ngeprikkeun kasedih
>> > Ngemutan umat nu lara
>> >
>> > 6
>> > Islam nu hak kalandih ku Islam batil
>> > Imam ditebihan
>> > Nu ngagem Islam nu asli
>> > Dicempad majarkeun murtad
>> >
>> > 7
>> > Imam Ali nu nyangking wasiat Nabi
>> > Pahlawan khaibar
>> > Kakasih Rabbul Izzati
>> > Dila`nat di mimbar-mimbar
>> >
>> > 8
>> > Di Karbala poek mongkleng sepi jempling
>> > Panon poe sirna
>> > Murubut hujan ti langit
>> > Hujan getih jeung cimata
>> >
>> > 9
>> > Di Karbala ngababatang raga suci
>> > Putrana Fatimah
>> > Deudeuh teuing putu Nabi
>> > Ditandasa ku umatna
>> >
>> > 10
>> > Mastaka nu sok diambung Kanjeng Nabi
>> > Kiwari papisah
>> > Ti jasad kakasih Gusti
>> > Ditancebkeun dina tumbak
>> >
>> > 11
>> > Di Karbala ngagolontor getih suci
>> > Ti para syuhada
>> > Anu tigin kana jangji
>> > Bumela ka Imam Jaman
>> >
>> > 12
>> > Kumaha rek kenging syafaat Jeng Nabi
>> > Umat nu hianat
>> > Ngiclik nuturkeun si iblis
>> > Baheula ka Rasulullah
>> >
>> > Kanjeng Rasul, hapunten abdi nu dolim
>> > Nu teu mirosea
>> > Perlaya na putu Gusti
>> > Al-Husen Abu Abdillah
>> >
>> >
>> > [Jalaluddin Rakhmat, Ketua Dewan Syura IJABI]
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> > 
>> >
>>
>
>

 

Kirim email ke