Ti Tasuban, anjeuna nyarita : Rasulallah Saw. ngadawuh : "Geus deukeut ummat-ummat sajaba Islam ngariung pikeun nyanghareupan maraneh sukamaha ngariungna jalma-jalma anu dahar nyanghareupan tempat kadaharanana". Tuluy saurang nanya : "Naha kami dina waktu eta saeutik?". Anjeunna nembalan : "Henteu, komo maraneh dina waktu eta loba tapi maraneh eta kawas buih laut, sarta Allah baris ngaleungitkeun di diri satru-satru maraneh rasa sieun ka maraneh sarta nimpakeun ka ati-ati maraneh wahn". Tuluy saurang nanya deui : "Duh Rasulallah naon wahn eta?. Anjeuna nembalan : "Nyaah dunya sarta sieun maot". (Sunnan Abu Dawud No. 4297).
