Bade nyarios naon kng yani teh !? teu acan ge tret tos di sent manten nya ? Sakantenan abdi ge ralt : Carbung Silat Sunda sanes sukat sunda ! Hehehehe. Nuhun.
--- In [email protected], mrachmatrawyani@... wrote: > > à > Powered by Telkomsel BlackBerry® > > -----Original Message----- > From: Abbas Amin <abas_amin08@...> > Sender: [email protected] > Date: Sun, 4 Dec 2011 12:07:34 > To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]>; > <[email protected]> > Reply-To: [email protected] > Subject: [kisunda] Carbung _ Sukat Sunda ka VII > > Episode ka-6 KI > NURUSTUNJUNG KA II > >  > > Ki Nurustunjung neruskeun caritana, ayeuna mah soal manggihan manehna; cenah > mah manehna ti umur 4 taun kapanggih keur ceurik sisi leuweung nu deukeut ka > kampung Leuwi Seeng; tapi ti eta sisi leuweung nepi ka Kampung teh aya ka na > welasan kilona; nya ku Ki Nurustunjung eta budak dibawa, dirawat nepi ka > nganggap Ki Nurustunjung bapana sorangan. > > Ku sabab teu nyaho saha ngaran budak, jeung anak saha, nya ku > Ki Nurustunjung dingaranan; nu geus kaliwat dingaranan si Pungut jeung si > Pulung; ari ieu saha nya ? Aya tilu poe tilu peuting mah meureun Ki > Nurustunjung mikirkeun ngaran budak panggihna teh; piraku cenah ari dingaranan > si Pulung deui mah ? Kapanggihna di sisi leuweung; tapi lain monyet; jelema > ieu > budak teh. Ah rek diaranan si Jalma we, ngabedakeun yen eta budak masing > kapanggih sisi leuweung oge, LAIN MONYET ! Nya ti harita eta budak dingaranan > si Jalma. > > Ki Nurustunjung nyaaheun pisan ka Si Jalma teh, lantaran > Kacida calakanana naon wae nu diajarkeun, ngan sakeudeung geus bisa dilakukeun > ku Jalma. Elmu naon we; lain wungkul elmu kanuragan. Jeung mun aya jampe; > sakali we disebut; terus ngan sakeudeung geus apal. Jeung Jalma tara loba > ngabantah, naon wae nu diparentah ku Ki Nurustunjung; terus we dipigawe engke > mun satengah gawe aya kasulitan, kakara Jalma bebeja ka Ki Nurustunjung; atuh > kakara ge 10 taun diajar sagala ku Ki Nurustunjung; kamajuanana Kacida lajuna. > Ki Nurustunjung bungah pisan, na hatena yakin yen âMURIDâ nu dipikahayang > ku > manehna, nyampak aya di Jalma; atuh beuki soson2 ngajarna ieu Ki Nurustunjung. > Sagala ujian geus dicoba ka Jalma; tapi unggal2 lulus wae; malahan na hiji > mangsa mah Ki Nurustunjung kapeupeuh igana; mani tibubuncelik Ki Nurustunjung > , > ku kaget2na; jeung ngarasa nyeri. Ti na kaget manehna gumbira terus nyakakak > mani lila pisan; geus kitu terus diuk; ngagupayan ka Jalma. > > Ki Nurustunjung paromanna Kacida bearna, teu weleh seuri > terus we ngusapan sirah Jalma; pok ngomong:âHehehe, maneh geus tamat Jalma ! > Maneh geus ampir nyaruaan kami. Ku sabab kitu maneh bisa indit ti ieu KARANG > Lungkawing; jung neangan pangalaman jeung kahirupan anyar. Tah di ditu, di > kumpulan manusa sejenna maneh bakal leuwih loba diajar; jeung nya di dinya > palajaran maneh nu sabenerna mah; ari di dieu mah, ngan ukur dadasar wungkul. > Maneh kudu diajar tata krama manusa nu Umum; ulah cara Kula nu loba > cawadeunana > ! Poma maneh tong gampang2 ngaluarkeun kabisa maneh, ari teu perlu mah. Mun > bisa rusiahkeun pisan ulah aya nu nyahoeun yen urang bisa gelut. Engke di > Lingkungan > manusa nu umum, maneh bakal panggih jeung Jago2 Kanuragan, saperti CIBARUSAH, > CIKALONG, CIMANDE; PLEREDAN jrrd. Jeung awas aya oge KUNTAUW Cina. Ari Elmu > Kula mah diolah ku Kula sanggeus sababarha poe semedi menekung, mesuh raga; ti > na elmu2 nu aya ku Kula diringkeskeun, terus dicampurkeun jeung diolah; nepi > ka > jadi saperti ayeuna ! Tah eta teh waktu Kula umur 40 taunan ! Ku sabab teu > nyaho hasilna; ari hayang nyaho kudu dibuktikeun; nya atuh Kula teh nguriling; > lain wungkul di Pasundan dalah ka Tatar wetan jeung ka Sabrang ge; geus > dilakonan ku Kula. Hasilna loba GURU2 Silat nu paragat ku Kaula; Kula > bungangang yen hasil hese cape teh kapetik. Tapi ti harita jadi loba musuh, > utamaana ti Tatar wetan; da ari Tatar Sunda mah oah2na sarieuneun; tong boro > pasinghareup singhareup; kakara ngadenge ngaran Kula disebut oge geus barirat > sarieuneun ! Naon hasil akhirna ? Pada ngajarauhan ! Pada ngamusuhan. Heeeeh; > ahirna jadi jalma teu normal, nyorangan euweuh batur hiji2 acan ! > > Ki Nurustunjung eureun heula nyaritana; meureun sedih atawa > kasedih sejenna. > > Ki Nurustunjung neruskeun amanatna :âTah nu matak maneh mah > Jalma; ku Kula geus diturunkeun kabeh elmu; tah maneh ulah nurutan Kaula; > gagal > sabage manusa; gagal sabage Jelema normal ! Naon sababna maneh dingaranan > Jalma > ? Lantaran Kula hayang maneh mah ngalakukeun kalakuan nu parok jeung batur. > > Ulah hayang ngajago atawa pang jagona ! Da euweuh gunana; tah > buktina Kaula  > > Ayeuna; sosoranganan teu boga batur keur ngawangkong2 acan. > Enggeus eta ge baheula Kula kawin, bari rada kapaksa; aya sataun, terus we > Kula > kabur; nya nepi ka tempat ieu; ieu teh salah sahiji alesan pikeun ngajauhan si > manehna. Ayeuna duka di mana tah si manehna teh ? sigana mah boro2 hayang > neangan Kula tah si kasebelan teh; sigana mah terus we neangan âLalakiâ > sejen. > > Jalma motong :â ah mo enya bapa. Boa geus neangan tapi teu > kapanggih kapan tem patna ge sakieu nyingkurna ?! > > âEnya, cek Ki Nurustunjung ngaenyakeun. Tapi manehna teh > mumpuni oge, lain sambarang awewe; manehna urang Jawa tapi bisa ngomong Sunda; > malah Sunda Priangan bisaan pisan. Eta Nini2 teh teu nyaho geus kojor teu > nyaho > aya keneh; da buktina teu nyusul ka Kula. Meureun mun panggih tea mah pangling > da sarua geus kolot pisan.â > > Jalma megat kalimah deui:âCing pa sebutkeun saha ngaran eta > nini2 teh engke mun panggih bakal dibejakeun ka Bapa.â > > Ki Nurustunjung:âHahahaha ! ah eta nini2 teh teu penting2 > teuing keun we lah; ngan aya hiji hal nu ku maneh kudu diusahakeun nya eta > neangan nu Maha sagalana !â > > Jalma rada kerung teu ngarti:âNaon nu disebut Maha sagalana > teh ?â > > Ki Nurustunjung :âKaula geus mikirkeun yen di ieu alam aya > Hiji nu Nyekel Kakawasaan; nu moal aya nu bisa mapakan; jeung Kula percaya > urang sakabehna teh aya dina keupeulan eta Nu Maha Tea. Tah teangan ku maneh; > mun geus panggih bejakeun ka Kula. Eta mah penting pisan. Ngarti !?â > > Jalma:âHeueuh ngarti, tapi sok we sebutkeun ngaran pamajikan > bapa teh, ngarah sakalian, nu mana we nu panggih ti heula.â > > Ki Nurustunjung:âNyi Padmini; mun panggih aya tandana, nya > eta tanda hideung di na ceulina nu katuhu; tah mun papanggih jeung nini2 kitu > bari ngaranna Padmini; moal salah tangtu si ETA !â > > Jalma:â keun rek diingetkeun pisan.â > > Ki Nurustunjung:âDi na enggoning neangan nu Maha tea; tong > dicampur adukkeun antara agama jeung neangan nu Maha; da ari Agama mah Kula > teh > kaasup geus Islam; da maca Syahadat; kitu deui maneh kapan. Baheula dititah > maca dua kalimah syahadat jeung disunatan. Eta hartina Islam; tapi cenah kudu > shalat jeung jakat; Kula teu ngarti ! Nepi ka ayeuna can ngajaran > ngalaksanakeun > boh shalat boh jakat; komo puasa mah. Tah pek we Elmu eta ge siar ku maneh; da > Kula mah soal kitu mah TUNA pisan !â > > âKade Jalma,â Ki Nurustunjung neruskeun omonganana, ulah > wani2 maneh ngalawan ka Kumpeni; sabab maranehna boga senjata nu hebat pisan; > hamo bisa dilawan ku urang; jadi sabisa bisa maneh kudu ngajauhan ti Kumpeni > jeung seke selerna; mun henteu bahaya pisan; geus sababaraha jagoan nu > wawanian > ngalawan; akhirna mah teu mangga pulia; jadi sing sabar nyanghareupan bangsa > Kumpeni mah; kajeun ngelehan; maranehna memang rata2 adigung adiguna; tapi > aturanana disiplin pisan; nu matak rata2 meunang wae perangna. > > â Jalma enggeus sarena > ?â Jalma buyar lamunanana, sabab nu manggil teh nyata Ki Sarlita; terus we > Jalma beberengkes ; sanggeus beres kakara kaluar bari ngajingjing buntelan. > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
