Isuk-isuk bieu bari ngaluarkeun motor kuring nempo Bandung TV. Sekira 6.30 an.
Geuning aya tembang tembang nur hidayaan karya Abah Surya. Geunah kana manah;
dipirig ku kacapi suling sareng nu nembang na oge halimpu. Ieu pisan nu kantos
ku abdi disangemkeun ka Kang Oman sareng Kang Hasan nuju dina Halal bi halal
Kisunda lebaran kamari. Ka sadayana member, mun aya mp3 na, abdi nyuhunkeun.
Simpen bae dina file ieu milis. Supados nu sanes tiasa ngupingkeun.
Karasa pisan dina manah abdi, ayat suci Quran ditembangkeun mah.