Ceuk kuringmah ari Kabayan sok dikonotasikeun Jelema kedul, gawena sare bae, 
hirupna teu puguh judul bari ngorekan liang ceuli ku bulu hayam. Najan kitu 
loba akalna jeung jalmana pikalucueun jeung pikaseurieun...
Ari Jawara sok dikonotasikeun jeung jelema anu barangasan, sentak sengor teu 
kaop kasigeung main babuk jeung teunggeul boga elmu pamake weduk. Kahirupan 
sapopoena sarua jeung Kabayan beuki sare, teu puguh judul bari ngorekan liang 
ceuli ku bulu hayam.
Anu ngabedakeun Kabayan jeung Jawara tina masalah watak, anu hiji leuleuy anu 
hiji deui heuras.

Dari: oman abdurahman <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Cc: urang sunda <[email protected]> 
Dikirim: Kamis, 8 Desember 2011 10:34
Judul: [kisunda] Naon bedana atawa saruana si Kabayan jeung Jawara Banten?


  
Baraya,
Kang Tb Rifki dina status FB-na nulis patarosan kieu: "Cik sugan aya nu bisa 
mere beja, naon saruana atawa bedana antara Si Kabayan jeung Jawara Banten?". 
Tah, mangga ka sing saha anu boga ancer-ancer jawabanana atawa rek ilubiung 
ngomentaran, langsung wae direplya.

manar

Kirim email ke