hehehe.... mangga dilajengkeun cersulna. abdi mah ngiring maos bae.


----- Pesan Asli -----
Dari: Abbas <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Cc: 
Dikirim: Jumat, 9 Desember 2011 13:11
Judul: Re: Bls: [kisunda] Fw: Cersul Sunda ka- 13

Rupina mh masih saturunan sareng SUN GOUW KONG hehehehe

--- In [email protected], ahsa <albanduni@...> wrote:
>
> Rusuh teuing Bah AA nyeratna, janten weh nyerat 'subjek' kalah 'sunjekna'. 
> Kinten-kinten kecap 'sunjekna' aya hartosna teu?
> 
> 
> 
> ________________________________
>  Dari: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
> <[email protected]> 
> Cc: [email protected] 
> Dikirim: Rabu, 7 Desember 2011 11:24
> Judul: [kisunda] Fw: Cersul Sunda ka- 13
>  
> 
>  
> 
> 
> 
> Hilap sunjekna; hehehe
> 
> --- On Wed, 7/12/11, Abbas Amin <abas_amin08@...> wrote:
> 
> 
> >From: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> >Subject: 
> >To: "kisunda" <[email protected]>, "urangsunda" 
> ><[email protected]>, [email protected]
> >Received: Wednesday, 7 December, 2011, 4:19 AM
> >
> >
> > 
> >Jalma tetep we sabar nyanghareupan ieu tilu jelema nu
> merekedeweng hayang males pati; terus we dileleran jeung dileuleuyan; tapi
> beuki dileuleuyan beuki tambah napsu eta si tilu begal teh; malah si pendek 
> mah
> geus langsung nigas; nu akhirna disusul ku si kumis baplang jeung si jangkung;
> tapi dicingcetkeun gampang pisan ku Jalma, najan Jalma nempo memang aya
> kamajuan gerak silatna eta nu tiluan teh tapi tetep teu bisa naon2 ka Jalma ;
> Jalma can males, da baheula mah gelut soteh pedah we Jalma melaan nu rek
> dirogahala.
> >Jalma geus rek pok ngomong deui, nyabarkeun tapi seak2 eta
> tilu begal teh teu mere tempo pisan; malah aya hiji sabetan ampir pisan
> ngeunaan Jalma; Jalma ngagilir saeutik, kek we ngan sakilat eta bedog di cekel
> nu bagean mintulna; sakali ngagibegkeun lesot ti na cekelan si Jangkung ; 
> terus
> digilekkeun nuju ka na bedog si pendek; nepi ka meclengna pisan ari si Kumis
> Baplang , barang ngadek; barang direngkas ku Jalma nepi ka ngagubragna pisan.
> Eta gerakan sakitu lobana teh ngan sakilat sakilat pisan dilakukeun ku Jalma;
> tanda yen Jalma luhur elmuna jauh saluhureun sitilu begal ! Jeung satiap gerak
> Jalma tangtu 5X lipet cepetna ti batan nu tiluan, nu matak nu tiluan teu bisa
> naon2 ka  Jalma.
> >Tilu begal haruhah harehoh carapeeun, ambekanana ngahegak;
> tapi kaciri maranehna kabur pangacian nenjo ketak Jalma; maranehna sadar 
> ayeuna
> mah, yen sanajan Jalma ngora keneh, tapi memang elmuna jauh mapakan maranehna;
> nya ku sabab masih panasaran, teu nungguan deui biur wae barirat, maksudna rek
> bebeja ka jajadugna supaya pang maleskeun; da lamun nungguan mah engke dititah
> hahampuraan sagala, padahal maranehna masih hayang keneh males pati ka Jalma.
> > 
> >Episode ka-9 Milu ka tempat Begal
> > 
> >Jalma ngan ukur bisa ngahuleng we, bari gogodeg, terus
> istighfar; muji ka Pangeran ti na geus disalametkeun ti na balai diraponan ku
> eta begal nu tilu. Laju  Jalma neruskeun
> lalampahanana. Teu karasa waktu Lohor geus deukeut, Jalma culang cileung 
> neangan
> masjid; tapi di leuweung kitu mah moal aya; sakitu Jalma geus rurusuhan make
> leumpang gancang; di jalan satapak eta mah ukur tatangkalan jeung rungkun 
> wungkul;
> bari jeung jalanna oge tarahal; jajauheun aya masjid; teu aya cai keur wudu2
> acan; Jalma ngarasa beuteungna kukurubukan; jeung tikoro asa hayang manggih
> cai. Wah ieu lembur teh teu subur pisan; kitu pikiran Jalma.
> >
> >
> >HANCA
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links



    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke