Tah ieu teu pipaseaeun............sok mang teruskeun......

 

________________________________
 Dari: Abbas Amin <[email protected]>
Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
<[email protected]> 
Dikirim: Jumat, 16 Desember 2011 13:35
Judul: [kisunda] Cersil Sund ka- 21
 
 
   
 
Episode
ka -13 Ngadu Jajaten 
Jalma usul
deui :” Ayeuna mah kieu wae, saha nu tadi geus mawa Nyi Epon, eta boga hak ti
heula; tapi mun hayang meunangkeun Nyi Epon, kudu bisa ngelehkeun ………………. Sok
we kuring laah ! Saha nu bisa ngelehkeun kuring tah eta nu bakal kawin ka Nyi
Epon !” 
“Hahahahaha
! Wanian euy si juru masak ! Wanian euy si Jalma !  sok lah ku aing pangheulana 
! Mani paheula
heula eta para begal, hayang pangheulana, ngan si tilu begal nu cicing wae teh;
da nyaho pisan kahebatan Jalma. 
Ki Jara
ngagakgak:”Hahahaha ! Jalma , enyaan ilaing rek jadi tukang nguji Kula sakabeh
?!” 
Jalma :”Enya
sok lah, ti batan euweuh mah, maning kuring lain !?” 
Ki
Jara:”Hahahaha, enya lah sok we, tapi saha nu tiheula boga kasempetan tarung?
Da Kula ge hayang ngawin eta budak teh, hahahaa !” 
Ki Raksa
milu nyarita:”Tapi pan cek Jalma kuring limaan boga hak tiheula lantaran kuring
limaan nu mawana.” 
Jalma:”Enya
kitu, tah Ki Jara kudu sabar nunggu giliran.” 
Ki Jara
nyarita bari rada ngagerem:”Eh Jalma, mun ilaing meunang . Mun henteu? Boa
karek saurang ge maneh geus keok?” 
Jalma:”Tah
eta hartina milik nu bisa meunangkeun Kuring; kuring ge rek enya2 supaya ulah
gampang eleh !” Begal pada saleuseurian ngadenge omongan Jalma; ngan si Tilu
begal nu repeh wae teh. 
Ki Raksa
ngomong deui:”Kumaha tah nangtukeun saha pangheulana diantara nu limaan ?” 
Jalma:” Ieu
kuring geus nyekel lima rokrak nu kira2 sarua gedena; tah limaanana kudu
ngalungkeun eta rokrak; saha nu pangjauhna , nya manehna nu bakal boga hak
pangheulana, nu kadua pangjauhna nyaa nomer dua, jeung saterusna.” 
Ki Jara milu
ngomong:”Hahahaha ! Pinter ! Nyata si Jalma memang pinter ! Alus cukup adil,
sok lah ayeuna urang ngamimitian.” 
Ger we
sarurak para begal nu sejenna. 
Nya lima
begal ka hareup; akhirna Ki Dipa nu pangjauhna; Ki Raksa mah ukur meunang
tempat kadua. Hartina Ki Dipa nu bakal pangheulana boga kasempetan, ari Ki
Raksa jeung nu sejenna rada handeueul; sabab kabehanana oge diluar nu tilu
begal nyangka yen Jalma pasti elehna, ku sasaha oge.

HANCA
     
         

Kirim email ke