hatur nuhun bahAA
moal pati ngaburayot teuing gado teh ari kieu mah...
langsung dua sesi, tanpa iklan...
heheh...

2011/12/17 Abbas Amin <[email protected]>

> **
>
>
> *Episode ka 14 – Nalukkeun Para Begal*
>
> Jalma ayeuna nyarita:”Tah geuning hasilna kitu; tah ayeuna saha deui nu
> hayang ngarebut Nyi Epon ?”****
>
> Ki Jara ayeuna mah rada mureleng ka Jalma; jeung aya kasadaran oge yen
> Jalma teh sigana api2 wungkul, salila milu di dinya teh; wah lamun kitu
> bahaya yeuh, cek gerentes hatena.Nya sanggeus sakeudeung badami jeung begal
> nu sejen , manehna ngepung Jalma. Tapi Jalma kalem we nempo ketak Ki Jara
> kitu teh. Demi si Tilu begal, manehna enyaan geus kapok pisan, ngalawan
> Jalma; manehna cicing we disisi; kitu deui si Gandi; jadi jeung NYi Epon
> ting rariung we limaan; ari nu sejen mah ngararepung.****
>
> Jalma seuri mani nyakakak:” Hahahaha, ku sabab sorangan2 geus gagal;
> ayeuna arilaing kabeh rek ngoroyok kuring ?”****
>
> Ki Jara nyentak:”Teu wudu siah, bisa nyumput di nu caang Jalma ! Maneh
> ngan ukur ngandelkeun Elmu Welut Putih tong sambat kaniaya ! Pasti badan
> maneh bakal direcah di na waktu ieu !”****
>
> Begal2 sejen geus pada ngaluarkeun sanjatana; kabehanan ting polotot ka
> Jalma; siga hayang ngerekeb; terus ki Raksa ngomong ka tilu begal:”Eh
> Ganda! Jangkung! Pendek ! kunaon teu pipilueun? Kapan hayang males pati
> lain !?”****
>
> Ki Ganda:”Asa teu boga kaera euy ngoroyok budak ngora kitu ! Hahahah; jadi
> ke we uing mah majuna pandeuri.”****
>
> Belasan Begal sasenjata senjatana ngadeukeutan ngepung Jalma; Jalma ayeuna
> mah ngarasa yen geus cunduk ka na waktu ninggang ka na mangsana  kudu
> tarung; Jalma lain sieun dikoroyok; tapi manehna mikir kumaha cara
> ngelehkeun ieu begal nu loba tanpa aya nu binasa ? Da kapan ari geus der
> mah; kadang2 poho di na ngaluarkeun tanaga; kurang ngukur kakuatan nu jadi
> lawan mah, bisa matak ngabinasa; tah di dieu saenyana Jalma jadi teu
> ngabasmi ieu pasukan begal ti bareto; lantaran mun bisa mah talukkeun lain
> dibinasa.****
>
> Ki Jara nyorowok:”Eh Jalma ! Sok maneh rek make senjata naon ? Hayoh
> gancang Kula sarerea bakal ngarecah maneh ! “****
>
> Jalma:”Hahahaha, asa teu kudu make senjata ! keur murid Ki Nurustunjung
> cukup ku dua leungeun tanpa senjata ge !”****
>
> Gebeg we Ki Jara ngagebeg ! Mun enya Jalma murid Ki Nurustunjung; pastina
> ge lain sisiwo; pantes mun si Tilu Begal keok! Tapi naha enya kituh ? tapi
> tadi waktu gelut; mani lila pisan ngelehkeun lawan2na ? Naha kitu api2?
> Tapi ah, da Ki Nurustunjungna ge ayeuna mah nyao dimana ? Keun we rek
> dicoba heula; mun memang beurat; masih aya waktu pikeun mundur. Kitu
> pikiran Ki Jara.  ****
>
> Ki Dipa jeung Ki Raksa geus teu sabar deui, maranehna pangheulana
> nigaskeun bedogna ka Jalma; tapi ngan sakilat geus dicingcetkeun ku Jalma!
> Ayeuna kakara Ki Jara jeung nu sejenna kaget nempo gerakan Jalma nu kacida
> kesit jeung cepetna! Wah paingan atuh si Tilu Begal nalambru; da geuning
> sakitu kesitna ? Nya teu nungguan deui,  Ki Jara jeung begal sejenna pada
> ngahareumbatkeun bedogna !****
>
> Tapi sakitu dikepung ku belasan begal teh; Jalma teu pisan gentar atawa
> kadesek; malah ayeuna mah Jalma mimiti males. Des ! ki Jara katonjok igana
> ! Plak Ki Raksa katalipak nepi ka pengpeongan; gubrag tilu begal sejen ting
> talambru !****
>
> Enyaan ayeuna mah Jalma ngaluarkeun Elmuna ! Ki Jara bari nyekelan igana,
> nyeri. Kaget pisan; wah enyaan ieu Ki Jalma teh memang asli murid Ki
> Nurustunjung ! Da moal enya ngora2 sakieu hebatna ari lain murid Ki
> Nurustunjung mah. Tina nguntup, Ki Jara jadi rada miris; bret! We bedogna
> karebut; bari manehna tigugulitik disigeung ku Jalma; karasa nyeri pisan,
> ampir teu bisa hudang deui. Ari begal2 sejen kaasup Ki Raksa jeung Ki Dipa
> geus ting talambru dibabat ku Jalma; aya dua tilu nu rek kalabur; tapi ngan
> sakilat ku Jalma kauber terus diketig igana nepi ka aduh2an jeung ampun2an
> lantaran karasa nyeri pisan.****
>
> Jalma ayeuna mah nyorowok tarik, tur ngajelengeng, loba begal nu
> katorekan:”Eh para begal ! awas tetep maraneh di dieu ! Mun aya nu nyoba
> kabur bakal ngarasakeun kanyeri saperti itu batur2 maraneh!
>
>
> HANCA
> ****
>
>  
>



-- 
Dikdik

>>gowes 4life, gowes 4ever<<

Kirim email ke