Perkara kawin mut'ah jeung misyar, ceuk uing kieu : 1. Kawin Misyar dimuncunghulkeun ku Mukti Mekah manehna nyien Fatwa ngenaan kawin Misyar. Perkara ieu kaasup perkara anyar, sabab opat Majhab Ahalussunah teu hiji oge ulamana anu mere panjelasan ngenaan kawin Misyar, jeung deui henteu aya dalil nash anu nerangkeunna. Ngenaan fatwa anu mangrupakeun ijtihad salah sahiji ulama hal ieu henteu bisa dijadiken padoman pikeun ngalakukeun kawin misyar. Fatwa bisa bener oge bisa salah jeung lakuna pikeun jumlplukan atawa sakuliweng hiji nagara, anu hal ieu henteu bisa diterapkeun di nagara sejen. Ulama utamana kalangan Syafiiyah ngalarang (ngaharamkeun) kawin Misyar kusabab loba mudarotna (hukumna haram). 2. Kawin Mut'ah, noong kana nash anu sakumaha dijelaskeun dina hadits pariwayatan Bukhari jeung Muslim, Ahmad jeung Ibnu Majah anu sanadna langsung ti Ali bin Abi Thalib ra. anu mimitana dimenangkeun tapi dimansukh (dihapus). Dumasar kana pendalilan ieu, Ulama ahlussunah wal jamaah boga pamadegan yen kawin Mut'ah hukumna haram. 3. Dampak tina gampangna kawin Misyar jeung Mut'ah baris ningkatkeun status janda, mun eta awewe reuneuh tangtu euwuh bapaan, sabab kawin Misyar jeung Mut'ah teh kawin samantara anu ditangtukeun waktuna. Praktek kawin Misyar jeung Mut'ah baris ngadeketkeun kana praktek Perzinahan Terselubung. Hal ieu tangtungna bertentangan jeung tujuan nikah eta sorangan nyaeta pikeun ngawangun rumah tangga jeung katurunan anu mawadah warahmah sakumaha anu geus didawuhkeun ku Allah jeung Rasulna. Dawuhan Nabi Saw. : "Saestuna, lamun saurang salaki netep isterina (pinuh kaasih jeung kanyaah) jeung isterina oge netep salakina (pinuh kaasih jeung kanyaah), mangka Allah bakal nganetepkeun kaduana jeung tetepan kadedeh jeng kanyaah. Jeun glamun saurang salaki nyekelan ramo isterina (pinuh kaasih jeung kanyaah) mangka baris maruragan dosa-dosa ti sagala ramo duaanana". (H.R. Abu Sa'id). "Shalat dua rakaat anu diamalkeun jala anu geus rumah tangga lewih hade/alus batan tujuh puluh rakaat anu diamalkeun ku jajaka atawa parawan" (HR. Ibnu Ady tina kitab al Kamil sanadna ti Abu Hurairah). Dawuhan Allah Swt. tina Al Qur'an : "Jeung diantara tanda-tanda kakawasaan-Na nyaeta Anjeun-Na nyiptakeun pikeunna isteri-isteri ti jenis maneh sorangan, supaya maneh condong jeung ngarasa tentrem ka manehna, jeung dijadikeun-Na diantara maneh rasa kaasih jeung kanyaah diantara maraneh rasa kaasih jeung kanyaah. Saestuna dina anu kitu eta bener-bener aya tanda-tanda pikeum kaum anu mikir" (Q.S. Ar-Ruum : 21). "Jeung sagala hiji hal kami jadikeun silih pasangan (Q.S. Adz Dzariyat : 49) "Ulah diantara maraneh ngadeketan zina, sabab zina eta kalakuan keji jeung hiji jalan anu goreng (Q.S. Al Isra : 32) "Anjeun-Na anu nyiptakeun maraneh ti hiji jalma, saterusna tidinya Anjeun-Na nyiptakeun isterina, sangkan ngajadi cocok jeung tengtrem pikeun manehna" (Q.S. Al Isra : 32). Sakitu pamaparan singkat ti uing ________________________________ Dari: Ki Hasan <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Jumat, 23 Desember 2011 8:56 Judul: [kisunda] Re: Wacana - Perkara Kawin Mut'ah?
Hehehe. Ieu topik teh geuning tiiseun deui nya. Sacara umum aya tilu perkara nu perlu ditoong, boh kawin mut'ah oge misyar. 1. Legalitas Jigana masalah ieu bakal ngarujuk kana nash Qur'an jeung Hadis 1.a Rujukan Nash Qur'an Mun asumsina Qur'an Syiah jeung Sunni sarua. Ieu oge bakal ngahasilkeun sababaraha pahaman. Misalna wae ayat XYZ 1.a.1 Tafsiran ayat XYZ numutkeun Syiah 1.a.2 Tafsiran ayat XYZ numutkeun Sunni 1.a.3 Tafsiran ayat XYZ numutkeun paham sejenna. 1.b. Rujukan Hadis Jigana rujukan hadis mah bakal leuwih loba variasina 1.b.1 Hadis Rujukan Syiah 1.b.2 Hadis Rujukan Sunni 1.b.3 Hadis Rujukan paham sejenna 2. Aspek Sosial Ieu bakal leuwih lega deui bahasanana. Misalna wae, kumaha efek sosialna ka wanoja nu kungsi kawin mut'ah/misyar? Aya teu peluang ieu wanoja bisa jadi istri nu ditikah deui sacara ilaharna nikah nu lain misyar/mut'ah 3. Aspek Rekreatif / Bisnis Jigana nu ieu mah bakal boga daya tarik keur Kang Bayan. Kaci teu misalna mun aya samodel "Mut'ah Srvice Center" atawa "Misyar Service Center". Kumaha tah kamandangna 2011/12/22 Ki Hasan <[email protected]> Hayoh tah Kang Zen. Geura bahas deskripsi ringkesna. >Laju komentaran ku nu lainna. > > >2011/12/22 Sp Saprudin <[email protected]> > > >> >>Uing nyuhunkeun dihampura kang Mang Zen, uing sok rada heuras ari ngomong >>teh, sok lah pedarkeun numutkeun anjeun sorangan, sugan uing nambahan pinter >> >>Uing urang sunda, ilaing urang sunda, sarua sundana, anu beda meureun >>kanjutna, boga uing panjang, teuing bobogaan anjeun, iheung uing mah >> >> Dari: Mohammad zen <[email protected]> >>Kepada: "[email protected]" <[email protected]> >>Dikirim: Kamis, 22 Desember 2011 14:43 >>Judul: Re: [kisunda] Trs: Pikeun Muhammad Zen (urang bahas topik kawin mutah >>heula) >> >> >> >>Tah kitu atuh , ngan kopi daratna di milis wae, nembean uih uieh deui ka iran >>... kapungkur diantosan kopi darat sarang sabagean dulur didieu ngan teu >>janten. >>sok atuh urang derr bahas hiji2... >>kumaha lamun kawin mut'ah heula lah... anu sok jadi jurig nu digambarkeun ku >>wahabi , bari jeung nikah misyar(kontrak) disumputkeun dina saku... hehe... >> >> >>kumaha juragan sadaya satuju ???? >> >> >> >> From: Ki Hasan <[email protected]> >>To: [email protected] >>Sent: Thursday, December 22, 2011 8:22 AM >>Subject: Re: [kisunda] Trs: Pikeun Muhammad Zen >> >> >> >>Cadangan topik diskusikeuneun: >> >>1. Konsep Kawin Mut'ah >>2. Konsep Kawin Misyar >>3. Konsep Khalifah numutkeun Syiah >>4. Konsep Khaliah numutkeun Sunni >>5. Pandangan Syiah kana Budaya >>6. Pandangan Sunni kana Budaya >>7. Pandangan Syiah kana Sains jeung Teknologi >>8. Pandangan Sunni kana Sains jeung Teknologi >>9. Prestasi Syiah dina kahirupan kiwari >>10. Prestasi Sunni dina kahirupan kiwari >> >>Sok pilih, rek tiopik mana heula. Atawa topikna pilih ku publik >> >>Cing kumaha baraya, tong nyarempod wae atuh. >>Nyarita, Nyarita! Eh Nulis, Nulis! >> >> >>2011/12/22 Ki Hasan <[email protected]> >> >>Hahaha. Kalah rek ngajak kopi darat. >>>Kang Udin, asana Kang Zen keur teu di lembur, keur nyaba. >>> >>>Mending ge kieu geura. Kumaha mun urang bahas hiji-hiji topik nu rek >>>diadurenyomkeun teh. Laju bahas babarengan. >>> >>>Misalna kieu: >>>Babak kahiji: Topikna perkara "Kawin Mut'ah" >>>Pamilon 1: Ebrehkeun pamanggih ngeunaan konsep mut'ah >>>Pamilon 2 (Publik): Komentaran, atawa bantahan >>> >>>Mun topik ieu geus rengse. Laju kana topik saterusna. Kawin mut'ah misalna >>> >>>Aya catetan ti uing: Sakabeh peserta diskusi, kudu make basa Sunda. Jeung >>>perlu migunakeun tatakrama etika diskusi nu objektif. >>> >>> >>> >>>2011/12/22 Sp Saprudin <[email protected]> >>> >>> >>>> >>>>Kapihatur Saderek Muhammad Zen, >>>>Kieu Mang Zen, kumaha mun urang kopi darat, uing ngondang ente pikeun >>>>datang ka tempat uing, bisa teu. Mun sadia, ke ku uing dibejaan tempatna. >>>> >>>>Baktos, >>>> >>>> >>>> >>>> >>>> >>>> >>>> >>>> >>>> >>>> >>> >> >> >> >> >> >
