Kang Abbas, jigana akang, saneskanten jalma sadaya, butuh ka Gusti nu eta nyah? 
Miwarangan naon tah Gusti kang Abbas teh jang urang sadaya?

TiRiLik
> > Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu

--- In [email protected], "Abbas" <abas_amin08@...> wrote:
>
> Ari Gusti nu disembah ku Kaula mh Nya ta Gusti Nu Mangerann sakabh alam : 1. 
> Alam dunya  2. Alam semesta  3. Alam Akherat
> 4.Nu nyadiakeun sagala fasilitas jeung peralatan pikeun makhluqna jeung mere 
> pituduh kumaha cara mengelola eta failitas jeung peralatan.
> 
> Sakitu we ti Kaula !@ Sok aya pertanyaan ?
> 
> 
> --- In [email protected], "Tubagus Rifki L" <tbrifki@> wrote:
> >
> > Ieu jang ngawaler S Hawking.
> > 
> > Kula ngabenerkeun ageman S Hawking (SH) nu netelakeun make alat fisika nyen 
> > Gusti (manehna) teh teu aya. Gusti dina kalimat samemeh ieu make kecap 
> > sipat (manehna) nu nunjukeun Gusti nu aya dina konsep SH sorangan. 
> > 
> > Permasalahan ieu saenyana sakitu sederhanana. Gusti nu diteuayakeun ku SH 
> > teh Gusti nu mana? 
> > 
> > Beda deui jeung Gusti kula. Nyaeta Gusti nu ku kula dipupusti, 
> > dipentatulungNa. Kecap Gusti ti semet ieu nunjuk ka Gusti nu kula. Sangkan 
> > kaharti, kula rek make siloka (Alegori ceuk basa deungeun.) Siloka ieu hiji 
> > geh teu aya nu nyurup. Teu aya hiji siloka nu nyurup kana misal Anjeuna. 
> > Lamun disebatkeun Gusti eta 'aya,' ayaNa beda jeung ayana sahabae, naonbae 
> > di sakuliah jagat, satungkebing langit. Lamun disebatkeun 'hirup,' hirupNa 
> > lain jiga hirup manusa atawa makeluk hirup nu lain.
> > 
> > Tapi, Gusti aya. Gusti hirup.
> > 
> > Gusti nu dipupusti ngawaler sakabeh paneda kula, mangkawelas, mangkaasih. 
> > RahmatNa miheulaan angkaraNa.
> > 
> > Gusti aya dina teuayana, teuaya dina ayana. Ti Anjeuna sakabeh nu aya, ka 
> > anjeuna balik teuayana.
> > 
> > Kaimanan kula ngeun ukur nyakseni kana cicirenNa nu aya dina awaking jeung 
> > sakabeh nu aya di sakuliahjagat, satungkebing langit. Kaasup, Baduy, Syiah, 
> > Wahabi, Karesten, Budha, Hindu, Maya, Zulu, Papua, Arab, Jepang, Kebo, 
> > Batu, Bintang, Langit, Anjing, Babi.
> > 
> > Kaasup jelema nu sok popoyok, bener aing salah batur. Kaasup SH nu make 
> > alat 'akal'-na mendakan Gusti (manehna.)
> > 
> > Gusti bener ayana, kula nyakseni. Ngeun kaimanan kula, bisa bener bisa 
> > salah. Sabab Gusti nu eta teu ka untup ku sakabeh kasadaran bahasa kula.
> > 
> > Ngeun kula teudeuk arek ngajak balarea sangkan 'percaya' ka Gusti nu 
> > dipupusti ku kula. Anjeun boga kabuyutan, kula boga kabuyutan. Jojong.
> > 
> > Iheung.
> > 
> > Ari Gusti nu dipupusti ku anjeun jiga kumaha silokana?
> > 
> > Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay tapak nu baheula.
> > 
> > TiRiLik
> > Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke