Fikmin #dot dot dot"
Keur anteng nulis make Word. Dot, dot, dot. Curuk nakolan tombol titik tilu
kali. Na ari gurawil teh. Tilu titik ngantet, harirup sorangan. Diulang
deui. Pating gurawil deui. Pagegeye. Bari jiga nu ngiceupan. Beu, boa aya
jurigan. Panasaran, nyusud ku Google. Euh, cenah aya mesin koreksi otomatis
aktif. Paingan. Sugan teh diheureuyan onom. Naha ngan tilu, teu kurang, teu
leuwih. Nyusud deui ka Google. Ngungkaban sababaraha Kamus jeung Tatabasa.
Geus kasapukan cenah. Mun elipsis cukup ku tilu titik. "Tah eta ge Ang,
tetekon. Cekap titu titik elipsis mah. Teu kedah seueur teuing. Tangtos nu
maca ngartoseun!" sora Kang Godi ngaharewos. Dilieuk ka tukang, geuning
taya sasaha. Beu, Kang Godi ngaririwaan.

Kirim email ke