Kang Zen,
boga adi awewe teu?
rek di mut'ah ku kuring 3 minggueun, meunang teu?
^_^
On 12/27/2011 06:34 AM, Ki Hasan wrote:
Nu ieu mah tangtuna klaim nya, Kang Zen. Da salila ieu nu kungsi
kapanggih, boh dina pangajian di lembur, nitenan ormas Islam nu aya,
oge neangan rujukan dina artikel nu katepi ku Internet, asa teu kungsi
manggih nu ngabahas perkara nikah mut'ah. Apal soteh, anyar-anyar ieu,
sanggeus Syi'ah jadi paguneman masyarakat. Mun mut'ah lain syari'at
mazhab, tangtu moal aya penolakan ti mazhab sejenna.
2011/12/26 Mohammad zen <[email protected] <mailto:[email protected]>>
Nikah Mut’ah Salah Satu Syariat Islam
Bukan Syariat Mazhab
Mukaddimah
Dina pembahasan ieu urang mertelakeun perihal salah sahiji Syariat
Islam anu dina sabagean diperdebatkeun dina masalah tilu sisi ,
kahiji masalah ayana eta syariat, anu kadua masalah dihapus atawa
henteuna eta syariat, anu katilu masalah hubungan eta syariat
jeung kaayaan urang ayeuna. Eta syariat anu dimaksad nyaeta NIkah
Mut’ah.
Bahasan ieu diuangkap sanes maksadna ngajak atawa marentah kana
nikah mut’ah, tapi bahasan ieu ayeuna pikeun penjelasan wungkul
kana syariat Allah , teu aya maksud sanesna lamun istilahna mah
“/fi maqamilbayan” /ngan saukur penjelasan wungkul. Syariat Islam
deuk beurat deuk henteu ari penjelasan mah kudu ayana. Ulah
disumput-sumput. Ku Maksad anu disebatkeun dina Quran yen urang
teu meunang ngahalalkeun naon anu diharamkeun ku gusti Allah kitu
oge urang ulah ngharamkeun naon anu dihalalkeun ku Gusti Allah,
sabab hal ieu salah sahiji karakter ahlulkitab anu diancem ku
Allah Swt, ku kituna Allah Swt masihan peringatan ka jalmi beriman
saperti dina ayat:
يا أَيُّهَا الَّذينَ آمَنُوا لا تُحَرِّمُوا طَيِّباتِ ما أَحَلَّ اللهُ
لَكُمْ وَلا تَعْتَدُوا إِنَّ
اللهَ لا يُحِبُّ الْمُعْتَدينَ
Hai orang-orang yang beriman, janganlah kamu haramkan apa-apa yang
baik yang telah Allah halalkan bagimu, dan janganlah kamu
melampaui batas. Sesungguhnya Allah tidak menyukai orang-orang
yang melampaui batas.
(Almaidah: 87)
Larangan ngarubah-rubah naon anu tos ditetapkeun ku Allah Swt
وَلا تَقُولُوا لِما تَصِفُ أَلْسِنَتُكُمُ الْكَذِبَ هذا حَلالٌ وَ هذا
حَرامٌ لِتَفْتَرُوا عَلَى
اللهِ الْكَذِبَ إِنَّ الَّذينَ يَفْتَرُونَ عَلَى اللهِ الْكَذِبَ لا
يُفْلِحُونَ*image002*
Dan lantaran kebohongan yang selalu mengalir dari lidahmu,
janganlah kamu mengatakan, “Ini halal dan ini haram”, demi
mengada-adakan kebohongan terhadap Allah. Sesungguhnya orang-orang
yang mengada-adakan kebohongan terhadap Allah tiadalah beruntung.
(Annahl: 116)
_r فَمَنِ افْتَرى عَلَى اللهِ الْكَذِبَ مِنْ بَعْدِ ذلِكَ فَأُولئِكَ هُمُ
الظَّالِمُونَ_l
Maka barang siapa mengada-adakan dusta terhadap Allah sesudah itu,
maka merekalah orang-orang yang zalim.
(Ali imran :94)
Ku Kituna, Maksad pembahasan ieu ngan saukur penjelasan kana
naon-naon anu diterangkeun Allah sareng nabina dina Alquran.
Perihal hal-hal lainnya , balik deui kana mukallaf masing-masing.
Mudah-mudahan ku penjelasan ringkes ieu urang tiasa ningali kana
naon anu bener naon anu salah, naon anu fitnah naon anu lainna,
kulantaran sabagean ti golongan wahabi anu tos tertanam
kebencianana ka Umat Islam umumna khususna ka syiah, nyebarkeun
buku-buku fitnah anu henteu aya dalil sareng penjelasan anu jelas
jeung bener. Maksud aranjeuna ngan saukur nyieun karusuhan sareng
fitnah kana golongan lainna. Nyumputkeun naon anu kudu
dijelaskeun, ngaya-ngaya naon anu euweuh, bari jeung aib
maranehanana disumputkeun tina saku. Mudah-mudahan ku penjelasan
ilmiah ieu urang bisa langkung dewasa kana ruang lingkup elmu anu
luas jeung luhur, urang bisa ngahormatan ka batur jeung ka dulur,
urang bisa ati-ati kana pependak naon anu teu apal dicandak.
Insyaallah.
MATERI
Materi singkat ieu sangaja disusun anu dicandak tina Quran, sareng
tafsir kitab suni, sareng kitab hadits , kitab ulama suni. Henteu
dihubungkeun kana kitab-kitab syiah, kulantaran ari dina syiah mah
tos jelas ayana, anu diperdebatkeun dina Mazhab suni.
Mudah-mudahan tahkik (penelitian sim kuring) ieu tiasa aya
faedahna. Tambihan deui ieu sumber ngan saukur SABAGEAn wungkul,
kulantaran ku seueurna sumber kana ayana nikah Mut’ah ieu.
(ngan meureun lamun aya salah ketik, atawa kesalahan lainna,
koreksi wae, bilih teu ka edit...)
Pembahasan ieu urang bagi kana 7sesi :
1. Penjelasan tafsir ayat nikah mut’ah (Annisa :24)
2. Riwayat anu ngajelaskeun nikah Mut’ah
3. Keterangan Nikah Mutah ti para sahabat
4. Keterangan nikah mut’ah ti para tabiin, jeung ti paraulama suni
, fuqaha suni sareng penjelasanana
5. Dalil-dalil kana pelarangan atawa penghapusan Nikah Mut’ah anu
sabagean tos disebatkeun ku kang SP dina milis ieu sareng jawaban
anu eusina nikah mut’ah teu dihapus nepi ka akhir zaman.
6. Kerancuan nikah Misyar (wahabi) , Ijtihad tanpa dalil,
perbedaan jeung nikah mut’ah, sareng tanya jawab.
7. Kesimpulan
Zen