Uing mah rek nambahan kalieur uing we, kie kalieuran uing : 1. Mun jalma Syiah anu hobi nyutat hadits Ahlussunnah jeung mela sampe ka modar pensyariatan KAWIN MUNTAH anu nisbatkeun kana pendapat Ibnu Abbas, ieu artina jalma Syiah henteu konsisten sabab Ali bin Abi Thalib ra. anu ceunah ceuk Syiah MAKSUM bebas tina sagala kasalahan boga anggapan yen Ali bin ABi Thalib salah tina mawa hadtis Nabi Saw. ngenaan haramna Kawin Mut'ah. 2. Mun nyokot teori kamashuman Ali bin Abi Thalib ra., mangka mimiti ayeuna kudu belajar ngomong yen nikah Mut'ah eta diharamkeun ku Allah jeung Rasul-Na. Henteu aya nukilan shahih anu nerangkeun yen Ali Bin Abi Thalib menangkeun atawa nganjurkeun nikah mut'ah sanggeus Nabi Saw. nurutkeun referensi kitab-kitab Ahlussunah. 3. Mun periwayatan Ali bin Abi Thalib dianggap lemah atawa maudhu, kinten-kintenna sikap anu kudu aya di diri Ali bin Abi Thalib ra. tina larangan Nabi Saw. ngenaan nikah Mut'ah, ngingkari atawa sapakat kana larangan Nabi Saw. 4. Riwayat pelarangan Nabi Saw. ngenaan nikah Mut'ah sampe ka poe kiamat dianggap henteu shahib? Mun kitu cukup sakitu we pamaparan Mang Zen. Uing moal nembalan deui, sabab geus jelas tujuan tina ngawangun nikah teh lain sakadar pikeun ngalajur hawa napsu shahwat.
________________________________ Dari: Mohammad zen <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Senin, 26 Desember 2011 3:19 Judul: [kisunda] NIkah Mutah teu dihapus (tanya Jawab) sesi ka 5A Sesi ka lima Dalil kana anggapan penghapusan hukum nikah Mutah Sareng Jawabanna Lamun ku urang dibagi anggapan penghapusan hukum ieu bisa dibagi kana dua bagian : 1. Zaman ti nabi keneh tos dihapus, tapi hal ieu bertolak belakang jeung keterangan sahih dina tafsir jeung dina riwayat yen pelarangan eta terjadi setelahna (zaman Umar), lamun ditilik tina hadits na seueuer anu dhaif tina sanadna bahkan tina matanna, walaupun sabagean ngasahihkeunana, ngan teu aya faedahna ku jumlah riwayat anu bertolak belakang jeung hadits eta. 2. Pelarangan eta terjadi di zaman Umar bin Khatab (khalifah kadua), permasalahan bijil tidieu, dina pembahasan quran , yen kumaha bisa quran dinasakah ku sahabat, bahkan ku nabi pun teu bisa, quran kudu dinasakh ku quran deui. 3. Pelarangan ti sabagean ulama suni, pelarangan ieu teu ngarubah hukum asli kana kahalalanana , jadi pelarangan ieu hanya sifatna sementara, artina teu ngarubah hukum asli, karena manusa moal bisa ngarubah hukum asli nu aya. Penjelasan : a. Anggapan pelarangan Nikah Mutah di Zaman Nabi saw, dibagi kana opat zaman anu berbeda, tapi sateuacana anggapan ieu masih teu ditarima ku masalah kaidah naskh jeung mansukh kulantaran nabi saw nyalira teu tiasa ngaharamkeun naon anu dihalalkeun ku Allah swt, jadi sabenernamah penghapusan kedah ku nu sadarajat, quran ku quran deui, hadits kudu ku hadits deui. b. Tapi anggaplah urang narima penghapusan hukum quran ku hadits nabi, maka kejadian na kana opat perkara anu beda beda sasuai kana riwayat anu aya, hiji pelarangan eta terjadi di Tahun Futuh mekkah, penyerangan hunain, khaibar, sareng Tabuk, maka ku ku kituna Muslim dina sahihna nyebabkeun bab pengharaman mutah, teras penghalalan teras pengharaman teras penghalalan dll, hal ieu lamun ditingali dina qaidah hukum melazimkan yen hukum asli masih aya (halal), kulantaran kumaha bisa anu halal diharamkaeun teras dihalalkeun teras diharamkeun? Anu kaduana lamun ditingali tina hukum mantiq hal ieu ngalazimkeun tanaqudh nyaeta di satu sisi halal di satu sisi haram, sedangkan jauhar ( isi) hukum teu bisa berubah, lamun berubah ngalazimkeun tanaqudh (bertolak belakang) jeung lamun anu bertolak belakang maka mustahil. Tapi lamun anu dimaksud nyaeta hukum kadua --- hukum aya hukum asli aya hukum kadua (anu hubunganna jeung kondisi) --- maka hukum kadua eta sanes dzat hukum atawa sanes hukum asli tapi hukum aradhi ( hukum luar) anu ngakibatkeun dina kondisi tertentu bisa haram, saperti makan lamun seueur teuing kamerkaan bisa haram, tapi zatna hukum dahar (makan) teu haram. Ku kituna balik deui kana hukum asli nyaeta hukum halal. c. Pembahasan sanad 1) Pelarangan di tahun futuh Hadits pelaranganna kieu: إبراهيم بن سعد، عن عبدالملك بن الربيع بن سبرة الجهني، عن أبيه، عن جدّه، قال: أمرنا رسول اللَّه صلّى اللَّه عليه وسلّم بالمتعة عام الفتح حين دخلنا مكّة، ثمّ لم نخرج منها حتى نهانا عنها (sahih muslim : 3:167) Urang cukupkeun kana keterangan ibn hajar atsqalani dina tahdzibutahdzib perihal salah sahiji perawi anu dhaif nyaeta Abdul malik ibn Arrabi’ (6:350) قال أبو خيثمة: سئل يحيى بن معين عن أحاديث عبدالملك بن الربيع عن أبيه عن جدّه فقال: ضعاف. وحكى ابن الجوزي عن ابن معين أنّه قال: عبدالملك ضعيف. وقال أبو الحسن بن القطّان: لم تثبت عدالته، Abu khaitsamah nyarios : ditaros Yahya ibn Mu’in tinu haditt-hadits anu dicandak ti abdul malik ibn arrabi’ ti bapaknati akina, anjeunna nyarios : yen (abdul malik) dhaif Ibn Jauzi nyaritakeun ti Ibn Mu’in saenyana anjeunna nyarios : Abdul Malik Dhaif Abul Hasan IBn Alqathan nyarios : can lebet kana golongan anu adil Jadi walau ayana di sahih muslim, tapi lamun urang tingali kana perawina seueur oge anu dhaifna kitu oge dina sahih bukhari. 2) cape istirahat heula , engke dilanjutkeun deui... ok Wassalam zen
