emh... hasil long wiken teh ngan sakitu bah??
heuheuheu...

*hatur nuhun bahAA, ngadepong deui ningali nu hoghag... :D

2011/12/27 Abbas Amin <[email protected]>

> **
>
>
> Ku sabab perjalanan di na waktu ieu mah nyorangan, Jalma bisa gancang
> pisan; akhirna na waktu Lohor; geus nepi ka sisi pasir nu pang sisina; di
> dinya Jalma tayamum, terus shalat; niatna sanggeus tarapti shalat rek bius
> deui moal eureun2an Jalma nuju ka Pasir Buncit, tempatna para begal.   ***
> *
>
> ** **
>
> *Episode ka-19  Maung Hideung*
>
> Kakara ge cengkat Jalma ti na shalatna, kaciri ti tonggoh aya nu lalumpat
> mani rurusuhan, barang gok dua pihakanana karaget, ti na teu nyangka bakal
> tepung di ieu tempat; anu daratang teh opatan Begal anak buah Jalma. Tapi
> kaciri eta begal bungah pisan nempo Jalma; pok nyarita:”Wah kabeneran
> pisan; kuring rek neang anjeun ka Leuwiseeng; eh panggih di dieu. “****
>
> Jalma :”Aya naon mani jiga rarusuh pisan ?”****
>
> Walon salah sahiji utusan begal:” Keun we engke Ki Jara nu bakal
> nerangkeun mah; ngan wae aya nu rek ngancurkeun kumpulan urang.”****
>
> Jalma:”Naon ! Hayu atuh buru2 ka Pasir Buncit.”****
>
> Nya gancang we limaanana nuju ka Pasir Buncit lalumpat; atuh sakeudeung ge
> nu opatan katinggaleun; da Jalma kesit pisan di na ngajalankeun elmu
> lumpatna; nya atuh Jalma geus ti heula nepi ka Pasirr Buncit.****
>
> Barang jol Jalma ka Pasir Buncit; kacida barungahna para begal teh;
> langsung ngariung bari pating corowok ! Nya Ki Jara ngangkat leungeunna;
> jep we jempling deui; terus we ayeuna mah ting rariung; Ki Gandi dibantuan
> ku hiji anak buah begal nyadiakeun dahareun jeung inuman; biasa gelasna na
> awi atawa batok; ari nu disebut piring dijieunna ti na taneuh kasar pisan;
> sanggeus dariuk ; pok we Ki Jara nyarita:”Sanggeusna sampeyan indit; teu
> lila 10 poe ti harita jol teh rombongan nu marake baju Hideung, ngarurug ka
> dieu !”****
>
> Jalma :”Naon cenah kahayang maranehna teh , jeung ti golongan mana ?”****
>
> Ki Jara :”Maranehna disebut Maung Hideung; nu kawentar waranian tur
> karejem , ari Markas maranehna teh di Gunung Gede, jauh pisan ti dieu mah;
> jadi saenyana euweuh alesan maranehna daratang kadieu ngarebut ieu tempat !
> Da asa teu aya hubunganana pisan ! Tapi maranehna nerangkeun, yen markas
> maranehna geus kanyahoan ku Kumpeni; jadi maranehna nyao isuk atawa pageto
> bakal meunang serangan ti Kumpeni; jadi kudu buru2 nyingkir; lamun henteu
> pasti ancurna; tah nya tempat ieu Pasir Buncit; tempat nu alus pisan ;
> strategis pisan; jadi maranehna rek menta ieu tempat; dibikeun sukur cenah;
> teu dibikeun bakal dipaksa; urang dibere tempo ngan 5 poe keur mikir; ku
> sabab kitu Kula nitah kurir nyusul sampeyan Jalma; naha ieu tempat bikeun
> wae atawa kumaha !?”****
>
> Jalma:” Ke heula , cing kuring bere kamandang; dibikeun kumaha, teu
> dibikeun kumaha ?”****
>
> Ki Jara nyarita deui:”Lamun urang nolak teu mikeun, bakal digempur ku
> Kumpulan Maung Hideung; bisa jadi banjir getih. Tapi lamun urang mikeun ieu
> tempat; ari urang kudu kamana ? Mun urang tetep di dieu kudu taluk atawa
> gabung ka Maung HIdeung.”****
>
> Jalma nanya deui:”Aya teu pilihan sejenna ?”****
>
> Ki Jara:”Naon deui ? Asa euweuh............ “****
>
> Jalma:”Lamun urang tong mikeun; tapi oge teu kudu  tarung banjir getih,
> kumaha?”****
>
> Ki Jara:”Nya atuh moal bisa, urang kudu milih diantara dua pilihan.”****
>
> Jalma:”Kumaha mun tarung adu Jago ? Kira2 daekeun moal Maung Hideung ?”***
> *
>
> Ki Jara ngagakgak:”Hahahaha; kuring ge geus mikir ka dinya teh; tapi
> harita mah Kula mikir mun diadu jajaten tea mah; meureun urang eleh,
> lantaran itu mah loba Jagona; tapi ayeuna hahaha memang sampeyan Jalma !
> Sigana bisa ngelehkeun eta Jago2 Maung Hideung; sok urang coba we tangtang;
> yen lamun bisa ngelehkeun Jago ti Pasir Buncit; eta Pasir buncit bakal
> dipasrahkeun; cohagna adu jago ! Hahahaha; kuring yakin sampeyan Jalma bisa
> ngelehkeun eta gorombolan Maung Hideung !”****
>
> Jalma:”Tah mun kitu tilu poe deui urang ngayakeun pesta; meuli embe; meuli
> Domba jeung meuli hayam; meuli beas ka pasar; sing loba; lantaran pasti
> urang bakal kadatangan Semah nu loba.”****
>
> Ki Jara:”Jalma; tapi gudang urang teh kosong, sabab geus lila tara
> operasi; kapan urang sarerea geus Islam tea, ayeuna mah.”****
>
> Jalma:”Hahahaha; keun we atuh ari kitu mah; tapi keur meuli hayam2 wae mah
> aya meureun nya ?”****
>
> Ki Jara:”Nya ari hayam2 wae mah, sigana bisa,”****
>
> Jalma:”Tah atuh hayam jeung lauk lah; nyambel we sing loba ! Ari tuak mah
> tong disadiakeun; ayeuna mah ganti ku lahang.Ari nu rek dititah nangtang
> saha wae? Jeung dimana ayeuna nganjrekna utusan ti Gunung Gede teh?”****
>
> KI Jara:”Cenah mah di Leuweung nu deukeut ka Cisurili. Urang titah we si
> Ganda, Pendek, jeung Jangkung nu bakal mere warta ka ditu.”****
>
> Jalma:”Atuh deukeut Cisurili mah; sabaraha urang cenah eta Gorombolan
> Maung Hideung teh ?”****
>
> Ki Jara:” Nyao teuing atuh, da cenah mah puluhan anak buahna teh.”****
>
> Jalma:”Atuh mun nyerbu tea mah kadieu beurat pisan nya ?”****
>
> Ki Jara:”Enya kitu, nu matak cara adu jago, pang alus2na.”****
>
> Jalma:”Kumaha kira2na kajagoanana Maung Hideung, naha loba Jagona ?!”****
>
> Ki Jara :”Sigana mah kitu, tapi ka sampeyan mah sigana kabeh ge
> sahandapeun. Kuring yakin Jalma bisa ngelehkeun Jago2 Maung Hideung !”****
>
> Ki Raksa, Ki Dipa pipilueun ngomong:”Enya lah, kuring yakin, ka Jalma mah
> maranehanana pasti eleh.”****
>
> Ti dinya babadimian teh ditutup; lantaran waktuna asar, terus we Jalma
> adzan; nya nu sejen oge marilu shalat. Tutas Shalat, Jalma ngado’a mudah2an
> jalan nu dilaksanakeun ku Jalma beres hasilna; diaminan ku sakabeh begal
> Pasir Buncit, nu ayeuna daek asup Islam, milu Jalma.
>
>
> HANCA
> ****
>
>  
>



-- 
Dikdik

>>gowes 4life, gowes 4ever<<

Kirim email ke