Ki Ganda jeung baturna kakara datang lewat Isya; sanggeus
Jalma sabalad balad sarolat. Der we eta nu tilu begal teh ditanggap.

Ki Ganda nyaritakeun, yen Gorombolan Maung Hideung nunjukkeun
kahebatanana ; waktu maranehna  kadinya,  nu tiluan dimaenkeun ku Para Jagoan 
Maung
Hideung, tapi nu tiluan salabar we, da teu guna2 ngalajur napsu ngumbar amarah,
moal matak jadi bener; Eta anggota2 gorombolan Maung Hideung kaciri nguntup
pisan, barang ngadenge panangtang ti ki Jara,jeung ngarasa pasti bakal bisa
ngarebut ieu Pasir Buncit. Maranehna terus pesta sukan2 bari salusurakan; teu
aya hiji ge nu kaciri ngarasa bakal eleh ku urang. Kitu caritana ki Ganda.

“Jung cenah bejakeun ka Ki Jara panangtangna ditarima; isukan
urang bakal ka Pasir Buncit.Rek nempo kaayaan; tilu poe deui urang adu jago” Ki
Ganda nutup caritana.

Jalma nyarita:”Isukan tangtu sakabeh gorombolan Maung Hideung
bakal ngambreg ka dieu; lantaran nu loba bakal taki2 bisi aya naon2 nu teu di
sangka2 gampang ngagerakkeun anggotana supaya ngaramuk; jeung meureun maranehna
nguntup yen pasti urang bakal eleh; jadi 
ieu Pasir Buncit bakal langsung direbut; jeungna deui maranehna tangtu
hayang lalajo nu tarung jeung susurakan mere sumanget ka Jagoanana; ku sabab
kitu isukan urang oge kudu taki taki; lantaran urang ngan saeutik; ari Maung
Hideung loba; tangtu urang bakal eleh !”

Kabeh begal anak buah Jalma meh bareng :”Eleh !? Naha make
eleh !?”

Jalma:”Hahahaha; najan urang di na adu Jago meunang, can
puguh maranehna narima ! Mungkin oge eta adu jago teu dianggap, ger wae 
ngaramuk;
tah ku sabab kitu urang ti ayeuna gancang ngayakeun persiapan pikeun
nyanghareupan kajadian nu ku urang teu disangka sangka , lain wae pageto tapi
ti isuk oge urang kudu geus taki2!”

Ki Jara unggut2an , tanda satuju ka Jalma; tapi terus nanya
mani serius:” Enya urang ayeuna siap2 waspada, tapi kumaha nyanghareupan
puluhan gorombolan kitu; ari urang ngan saeutik !”

Kieu ! Isukan sakabeh pasukan urang kudu ngajejer di beulah
dieu tah didinya !

Pasukan Maung Hideung, bere tempat beulah ditu nu rada ka
lebak; jadi maranehna aya di handap. Engke mun wae maranehna ngaramuk, teu
tarima Jagona eleh; tah tong sieun tong gimir sok we baledogan ku batu; ku
pasir; mun bisa ku cai panas; terus ku balok2 sagede bitis baledogkeun; eta teh
keur ngahalangan supaya teu ngambreg teuing. Mun eta usaha gagal; nu kadua
gancang malundur ka nu loba kakaian; urang marubus ka dinya; mun aya nu wani2
ngudag ; da moal bisaeun ngepung tinggal di sabet hiji2 nu wani asup ka eta nu
loba kakaian. Mun maranehna rek males make seuneu; tong gimir da mun kahuruan
tea mah; maranehna oge milu rugi. Kumaha kira2 kaharti !?”

Ki Jara unggut2an, wah bener si Jalma teh pinter pisan, moal
rugi manehna dijadikeun pimpinan di dieu; memang wajar pisan; gancang we Ki
Jara ngaluluguan nuaran kai; terus dibeulahan, dijadikeun balok2 sagede
leungeun; atuh nu sejen oge pada pa getol2. Jalma bungah nempo anak buahna
sumanget. 

Kira2 tengah peuting, batu2 jeung balok2 geus loba
dikumpulkeun, terus disumputkeun supaya teu kaciri; geus kitu mah kadenge we nu
kerek mani ting salegor.
HANCA


Kirim email ke