Kesel nungguan sambungan dongengna.. *panasaran
-haha
::zya
Rampes™
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Abbas Amin <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Wed, 28 Dec 2011 10:56:15 
To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [kisunda] Cersil Sunda Ka 32





Ki Darga:”Hahahaha ! alus Ki Jara ! Tah samemeh der, ieu Kula
ngenalkeun heula Pimpinan2 ti Maung Hideung ! Tah ieu nu teu resep dibaju,
ngaranna Ki Joyo Sembodo; urang Wetan! Tapi geus biasa ngomong Basa Sunda !
Kakuatanana ampir nyaruaan Kaula; nu matak diangkat jadi Wakil.”

“Tah nu ieu, nu geus rada Kolot ngaranna Ki Wira, manehna
diangkat jadi Panasehat Maung Hideung!”

“Tah nu itu nu limaan, Jagoan nu bakal maju lamun aya adu
Jago ! Hahahaha!

Tah nu kerempeng Ki Uca, ari nu kadua Ki Seta; tah nu katilu
Ki Dada; nu kaopat Ki Gondo urang Cirebon; jeung nu kalima Ki Jumsa.”

Jalma nengetan hiji2 jelema nu disebutkeun ku Ki Darga; tapi
Jalma teu pati perhatian; Jalma rada prihatin nempo Ki Wira; lantaran salila di
dinya, panonna teu cicing; nempo ka sakuriling eta Pasir Buncit; terus nempoan
Belasan anak buah Ki Jara; manehna meus2 kerung, meus2 kerung, sigana aya nu
dipikiran; wah ieu Ki Wira pasti rada ngarasa curiga, ka na kasiagaan Pasir
Buncit; tapi manehna rada tenang lantaran nempo baladna leuwih loba. Kitu
pikiran Jalma waktu harita.

Sanggeus kitu ki Darga pok ngomong, ngahaja tarik ngarah
kadenge ku sasaha:”Tah sok atuh kumaha aturanana! Kula mah nuturkeun we; ngan
ulah hanjakal mun engke Kaula sa balad2 nu meunang; sampeyan kapaksa kudu
arindit ti ieu Pasir Buncit!”

Ger atuh anak buah Ki Jara ting kecewis kutuk gendeng,
lantaran omongan Darga kaciri pisan nguntupna. Ki Wira terus nyarita lalaunan
ka Ki Darga, yen kudu ati2 pisan, lantaran sigana urang Pasir Buncit geus aya
persiapan. Darga seuri ngehkey, tapi bari rada ditahan:”Tong sieun Wira; bisa
naon maranehna ? Jagoanana ge paling Ki Jara ! Baladna ngan saeutik pisan, bisa
naon maranehna ?!”

Ki Wira ngaharewos:”Tapi maranehna aya di luhur; ari urang
pan dihandap; jadi maranehna leuwih untung.”

Ki Darga:”Ah teu kudu sieun, tong loba pikiran; ayeuna mah
konsentrasikeun we kumaha supaya sanggeusna karebut ieu Pasir Buncit; kumaha
nohagaanana, jeung kumaha operasi urang supaya bisa ngumpulkeun harta nu rea ?”

Ki wira teu bisa ngomong deui, cicing wae bari waspada; najan
haharewosan tapi kabeh ge kadenge ku Jalma; lantaran sajeroning ngarobrol kitu;
manehna meleng ngagunakeun Elmu ceuli nu ngabedakeun sora; jadi bisa kadenge
jelas pisan;

manehna atoh yen Ki Darga sama sakali nguntup ka na kasiagaan
Pasir Buncit.

Ki Darga terus susumbar deui:”Samemeh prung tarung; kuring rek
nyieun atraksi heula; ngarah jelema di dieu bisa beunta, nempo kumaha ari
tarung teh ! Sok Uca kainyah maju !”

Der we Ki Uca ka hareup, manehnaa nyekel bedog sadua dua;
rupana mah manehna ahli di na ngamaenkeun sapasang bedog; der we manehna
ngaluarkeun elmuna; enya we cepet jeung kesit pisan; si Jara oge rada hemar
hemir, moal bisa ngelehkeun eta ki Uca, Bener2 ahli pisan ngamaenkeun bedogna.

 

Ayeuna nu maju Ki Seta; manehna nyenyekel tongkat nu panjang;
terus dimaenkeun; enya we gesit jeung tanagaan; nepi kadenge sora suat siet;
matak miris. Ki Dada maju ayeuna mah teu make senjata; tapi kaciri leungeunna
aya tanagaan; nepi ka kadenge wak wuk sora anginna.

Ki Gondo mah ahli maen Cagak; ari ki Jumsa boga elnu
luluncatan nu kesit pisan; sigana hese katewak. Ger ger we sarurak balad2 Maung
Hideung !  Sabalikna Balad2 Pasir Buncit
rada keder nempo eta Demontrasi; da memang rata2 nu lima teh saluhureun rata2
balad Pasir Buncit ! Tapi maranehna tetep teger, lantaran yakin Jalma bakal
bisa ngelehkeeun kabehanana.

Pang ahirna Demonstrasi nya eta Ki Joyo Sembodo; manehna
kalawan ngahinakeun ka balad Pasir Buncit; nyorowok:”Sok balad2 Pasir Bunci !
pangnyokotken batu nu rada Geude ! hhehehe.”

Sanggeus aya batu; Ki Joyo semboodo konsentrasi geplak! Eta
batu teh beulah pisan ! Ger urang Maung Hideung sarurak !  Balad2 Pasir Buncit 
karaget; wah enyaan jago
yeuh ki Joyo teh; moal aya nu bisa ngelehkeun manehna; ari lain Jalma mah. Kitu
pikiran urang Pasir Buncit; nu disebut Pasir BunCI ku Ki Joyo Sembodo.

Ki
D

Kirim email ke