Barang nepi ka imah nu gede jeung sigrong , Jalma satengah dibeubeutkeun ka na kursi nu kacida empukna ( engke Jalma nyaho, eta teh ngaranna sofa); nempo kalakuan nu ngagaarotong sentak deui si Nona ngambek; atuh mani murungkut2 we nu tiluan teh; terus we barirat, sieuneun digelendeng. “Eh.......... Emeh........... kowe panggil tuan dokter kesini...........” Ya nona............; bari gancaang we nu dissebut Emeh teh gesat gesut kaluar......... Jalma kaget, emeh ? Naha emeh urang Leuwiseeng kituh ? Wah......... teu sangka .......... di dieu bakal panggih; tapi Jalma cicing we; teu loba gerak; lantaran konsentrasi keur nyageurkeun sorangan awakna nu nyareri. Aing kudu nyieun alesan supaya bisa lila didieu, pikeun nyilidik nu disebut Nyi Emeh tea. Alah naha asa loba kabeneran pisan, yeuh? Cek hatena. Teu lila Dokter perusahan sakaligus dokter pribadi kulawarga Hendrik.datang, terus ngomong ka si nona ku basa nu Jalma teu ngarti sama sakali; euh ieu meureun basa Kumpeni teh; basa Walanda tea, cek hate Jalma. Dokter ngaluarkeun alat2na; wah ieu “dukun” teh mamake alat leutik nu diantelkeun ka na dadana, buntutna diasupkeun ka na ceuli eta si dukun; ieu dukun meureun ngingu “Jin” dina eta alat; kitu Jalma mikir waktu harita; engke mah apal, yen eta teh ngaranna statoskof tea. Wah enya araraneh urang Kumpeni mah, ka dukun2na wae nu disebut Dokter mamake alat; teu nyaho ari kasiatna mah ? Naha leuwih alus ti batan dukun nu biasa, atawa ieu dukun urang Kumpeni? Geus kitu eta dukun teh nyokot jarum gede pisan, tapi disebut jarum asa gede2 teuing dijieunna tina logam campur jeung kaca. Euleuh naon deui ieu ? aduh naha aing rek dirogahala kituh? Kek we dukun teh nyekelan leungeun Jalma; terus diulas oles ku lamak bodas, nu lembut pisan. Ieu aing rek dinaonkeun yeuh ? Ujug2 gejos wae Jalma di”tubles” ku jarum; Jalma kaget, terus luncat; atuh eta jarum suntikan teh tipecleng; untung teu peupeus. Dokter ampir tigugulitik :”Hofperdom! Omong si dukun. Wah tadi si nona ge ngomong it; ambek meureun pedah ampir tiguling, jeung jarumna tipecleng; tapi sabagian obatna geus asup; memang karasa rada nyeri; tapi teu naon2 . Si Nona ngomong ku basa Malayu:”Eh kowe jangan......... eee jangan berisik........... eee jangan banyak tingkah dahulu.........e tenang tenang saja............ tidak sakit.......... ini untuk kebaekaan kamu orang.”
