Hehehe ngaran asli kuring kasep (kang asep) ngan ku babaturan kuring sok dipanggil Mang Kabayan utamanamah dina komunitas 4x4, land rover jeung nulaina... Kadang sok disebut Mang Keby da meureun Kabayan panjang teuing hehehe.
Heueuh ari keur kuring mah mu'tah jeung mi'syar mahluk anu sarua hehehe. Sarua alusna keur kuring salaku lalaki hehehe. Nu penting syaratna ceuk kuring mah para pihak sepakat, MOU-na atawa gentlement agreementna aya, sepakat maharna sabaraha!! Nu teu meunang mah pokokna Maksaaaaa komo deui merkosaaaaa!! Komo lamun bari nyiksa mah hehehe. Kuring teu sepakat tah urusan bobogohan teu meunang hahaha... Kieu euy logikana... Meuli mobil wae urang kudu aya anu ngarana test drive lin supaya ulah nyesel engkena hoooor geuning pas geus dipake teu sesuai hahaha, komo deui ieu urang rek rumah tangga jeung awewe saumur hiruuuup hahaha kuduuuu atuh test drive wkwkwk. Itu Bi Uti geus mamawa parang rek maledog ka kuring hahaha. Heeeeeeh kekekeke Bi Uti ulaaah waraaaa ngambeeeek anu dimaksud test drive didieu lain awewena ditumpakan siga mobil hahaha. Tapi nya kudu aya penjajagan, kudu wawuh, kudu kenal luar jero, pan nyorang rumah tangga teh ngahijikeun 2 awak jadi hiji lin. Ku kituna kudu aya test drive uji coba mediana naon nya bobogohan hehehe... To get to know each other bahasa linggis na mah... Taaah lamun teu bobogohan ke siga arab ujug-2 dikawinkeun teu nempo beungeut-2na acaaan hahaha da diteregos siga ninja pas geus akad mere mahar badag deuih pas muka keun tregos anyiiiiiiiiiir aing kabelejog hahahaha naha bet siga Mpo Nori atawa Ma Ewo hahaha. Atuuuuh puguh ngabulanyin meureun... Ngaharepkeun pamajikan siga dian satro nu aya didi katro hahaha. Mending lamun kabelejog tetep aya liangan kumaha lamun kabelejog meunang anu aya kanyutan hahahaha. Pan aya kasus lin di Indonesia oge hahaha. Pan kawin teh ceunah kudu runtut raut sauyunan, kacai jadi saleuwi, kadarat jadi salogak, batu turun keusik naek, itu purun ieu daek hahaha. Tapi lamun awewena daek ditumpakan nya asal duanana papada suka nya pek weh hahaha. Kuring moal nyaram jeung moal nitah kumaha maranehna weh xixixi. Nu penting lamun can kawin tong poho make sarkon ~ sarung kontrang hahaha. Nuhuuuuuns, Mang Kabayan nyantri, nyunda, nyakola www.kasundaan.org ti urang, ku urang, keur balarea -----Original Message----- From: Mohammad zen <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 29 Dec 2011 09:54:05 To: [email protected]<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Re: Diskusi Nikah Mut'ah (maksad ngawangun) Salam, Maksad ngawangun didieu nyaeta ngawangun diskusi ku pembahasan ilmiah, kulantaran seuseurna ngaler ngidul kitu katingalina mah... anu kadua kanggo kang Kabayan (punten bilih namina aslina sanes ieu), faedah sanes anu utami, anu utami mah kenal kana syareat anu leres, tur lamun hoyong ngalaksanakeun kedah sasuai jeung syareat, da pasti sadaya syareat ti Allah mah aya faedahna, boh faedah dhahir atawa bathin, boh faedah pribadi atawa masyarakat, Kulantaran Allah Swt masihan aturan kanggo kamaslahatan sadaya makhluk. janten sanes dalil pipiluan faedah privasi (kahoyong pribadi), tapi faedah ngiringan dalil sahih kukituna lamun sagala sasuatu bijil tina dalil anu lepat bisa jadi lepat, saperti misyar, teu aya dalil hiji dalilpun boh tina quran atawa riwayat atawa kaidah anu sanesna anu ngabenerkeunana, anu kadua dina bagian nikah misyar teu sasuai jeung kaidah ,kulantaran misyar nikah ngaggo aqad permanen (teu nganggo batas waktu) tapi ku maksad kana batas, akhirna ku talak, artina ngagge lafadz teu talak, ku maksud talak ieu bertolak belakang. hal ieu teu tiasa ditarima dina kaidah ushul, kulantaran jatuhna akad eta akad permanen, akad permanen teu kengin ku maksad talak, haram hukumna. beda deui ari pasangan anu nikah permanen terus talak(cerai) mah, kulantaran awalna dua pasangan maksudna permanen, kulantaran aya masalah jadina cerai /talak, walaupun hukumna makruh. lamun ku basa lain na mah, aqad eta teu aya faedahna , lamun aqad teu aya faedah syar'i maka bathil nikahna... tambihan deui eta teu aya dalil dina sumber2 islam. kunaon syareat teh teu bisa maen2 kedah aya syaratna, nepi ka akadna wae? kulantaran syareat teh ngagaduhan bagian anu bagianana teu bisa ditinggalkeun. jeung syareat permasalahan i'tibari/ketetapananan anu dimana Allah Swt anu masihan i'tibarna contoh leutikna kieu : lamun mencit hayam teu make bismillah teu ngadep ka kiblat, teu sah mencitna, dagingna teu bisa dituang teras aya pertanyaan? dagingna mah sarua2 rua keneh atuh? jawabanana : kitu oge duit meunang korupsi jeung duit halal ari duit na mah kitu- kitu keneh, ngan anu hiji duit haram anu kadua duit halal. kulantaran sagala sasuatu aya aturanana, jadi lamun syaratna teu terpenuhi maka batil akibatna pedah mencit wae kudu aya aturanana, kitu oge nikah. eta pembahasan fiqih lamun dina pembahasan elmu hikmah, maka dibalik fiqih teh aya illat (sebab) anu sanesna dibalik alam dhahir anu ditingali ku urang saperti perkara haram, sacara dhahir indah, tapi sacara alam wujud bathin hikmah mah kotor, bisa dibahas dina hubungan fiqih jeung falsafah hikmah... insyaallah. tah kudu na mah Kang Sp teh lamun hoyong rame, ramekeun nikah misyar , bahas naon dalilna? ulah berpolitik nyerang syiah dibalik isu anu teu pararuguh kana mutah. Wassalam hampura ka sadaya bilih aya anu lepat Zen ( teu kedah ngaggo S1, S2, S3 S4 S5 S6, es teler ) kuring mah Zen wae lah ________________________________ From: Abbas <[email protected]> To: [email protected] Sent: Wednesday, December 28, 2011 6:06 AM Subject: [kisunda] Re: Diskusi Nikah Mut'ah Saenyana mah DASARNA kabehanana teh sarua sukana ! Eta dadasarna mah. Lain ukur MUT_AH sanajan nikah nu biasa ge kapan aya salah shiji teu suka mh moal JADI ! RERK mut_ah mit_AH teu naon2 asal entong MITNAH we. --- In [email protected], "Mang Kabayan" <dkabayan@...> wrote: > > Ari kuring mah boh mu'tah... Mi'syar... Satuju pisan hehehe... Pokona mah > lamun para pihak eta satuju jeung ngarasa aya benefit keur maranehna nya pek > weh da jangeun maranehna hehehe. > > Nu teu meunang mah ceuk kuring mah MERKOSA jeung MAKSA... Tapi ari kapaksa > kusabab misalna butuh duit daek dikawin kontrak nya bongan sorangan atuh > hehehe. > > It takes two to tanggo pan... Dua pihak sepakat atawa sababaraha pihak > sepakat nya pek weh... Siga Hugh Hefner pan boga kabogoh 2 awewe lin... Dua > awewena daek papada suka nya pek weh... Urang teu kudu siriiik hehehe. > > Nuhuuuuuns, > Mang Kabayan > www.dkabayan.com > ti urang, ku urang, keur balarea > > -----Original Message----- > From: "Abbas" <abas_amin08@...> > Sender: [email protected] > Date: Wed, 28 Dec 2011 02:15:57 > To: <[email protected]> > Reply-To: [email protected] > Subject: [kisunda] Re: Diskusi Nikah Mut'ah > > Ngawangun ? Maksad ngawangun teh kumaha tea ? Satuju ka mut_ah atanapi kumaha > ? > > --- In [email protected], Mohammad zen <zenhusein@> wrote: > > > > Assalamualikum wr wb. > > > > Ningali pendapat2 di milis ieu teu aya pendapat anu ngawangun , mungkin > > aya sabagean... > > punten sakali deui... yen pembahasan ieu pembahasan dalil ilmiah wungkul > > teu aya maksud kanu praktek atawa sanesna > > eta mah balik deui ka mukallah... > > teu aya hubunganana perihal aya ataw henteuna nikah mutah dina syareat > > jeung dek ngamalkeun atawa henteuna.. > > kulantaran nikah mutah sanes wajib... > > > > jadi urang kedah balik deui kana prasyarat diskusi awal, yen maksad diskusi > > ieu pikeun ngabuktikeun dalil kebaradaan nikah mutah > > kedah na mah aya tanggapan dalil deui boh anu ngabantah boh anu henteu ku > > dalil deui, sanes ngalur ngidul.. > > > > nya ari euweuh faedahna pembahasan ieu urang ganti topik pembahasan anu > > kadu lah... naon nya... ? sahabat nabi kitu atawa kepemimpinan menurut > > versi suni jeung syiah? > > > > mangga di bukakeun pendapatna... > > > > > > wassalam > > > > Zen > > >
