Fikmin #LOCAL GÉNIUS#

Geus mulan malén irigasi dibangun ku pamaréntah, tapi cai angger teu
ngocor-ngocor. Padahal proyékna dipingpin ku tukang insinyur. Nangtukeun
lokasi maké Gépéés, ngukur luhur handapna lemah maké théodolit. "Teu becus
kitu-kitu acan mah, halik ku aing!" ceuk Ukin ahli nyieun solokan ti
Kadupandak. Théodolit jeung sakabéh pakarang PU dibalang-balangkeun. Ukin
tuluy ditaranjang. Nonggéng. "Taeunna" dijadikeun visir pikeun ngéker.
Rahayat dikeprak sina ngagali hasil kékeranana. Alhamdulillah, teu mangkuk
tilu minggu cai ngocor nepi ka hilir. Rahayat surak.
Ninggali kana kahébatanana, Ukin diondang kana Seminar Nasional Téknologi
Tepat Guna. Basa aya anu nanyakeun, ngeunaan prospék "réplikasi" téknologi
sangkan bisa diterapkeun di tempat séjén, Ukin ngajawab :"rada sesah
...margi akurasina gumantung kana panjang pondokna "visir"...sedengkeun
panjang pondokna "visir" gumantung kana gagaduhan séwang-séwangan, atanapi
tiasa ogé dipangaruhan ku faktor-faktor sanésna..... sapertos......
murungkut saupami katirisan........atanapi ngabadagan saupami ninggali aya
mojang nuju mandi di walungan...................." [GK]

Ti lapak tatangga.

Kirim email ke