Manstaaaaaaaaaaap Juragan :) beyond expectation bahasa linggis na mah :).

Nuhuuuuuns,
New KAsep Mang Kabayan Tea
www.dkabayan.com
ti urang, ku urang, keur balarea

-----Original Message-----
From: YADI supriadi wendy <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Wed, 04 Jan 2012 13:28:51 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Sumanget (mun.................)


Aya budak lalaki asup ka hiji toko. Manehna nyokot salah sahiji peti,
terus ngadorongna ka deukeut tempat telepon koin. Peti tadi ditaekan,
supaya bisa mencet kenop-kenop nomer kalayan laluasa. Terus dipencetan
kenop-kenop eta, pikeun ngebel salah sahiji nomer telpon. Nu boga toko
nyerangkeun paripolah budak tadi, bari ngadedengekeun obrolan budak
eta dina telpon. 

Budak: “Ibu, naha abdi tiasa kenging motongan jukut di halaman
bumi Ibu?” 

Ibu (sora di peuntas telpon): “Oh Ibu tos gaduh nu
migawena” 

Budak: “Ibu tiasa mayar abdi satengahna tina buruh padamel
Ibu” 

Ibu: “Hmm teu tiasa, sabab Ibu tos ngarasa sugema kana
pagaweanna” 

Budak (bari rada maksa): “Abdi oge bade sakantenan nyapuan sisi
trotoar bumi Ibu, sareng abdi ngajamin dina dinten Minggu halaman bumi
Ibu bakal janten bumi pang asrina di saantawis bumi-bumi sakomplek
Ibu” 

Ibu: “Henteu ah, nuhun”. 

Bari keom si budak neundeun gagang tenpon kana
tempatna. Nu boga
toko, nu ti tadi nyerangkeun, ngadeukeutan si budak bari pok nyarita. 

Nu boga toko: “Ujang, Bapa resep kana sikap anjeun nu semangat,
Bapa rek nawarkeun pagawean ka anjeun”. 

Budak: “Ah henteu, nuhun”. 

Nu boga toko: “Tadi kadenge ku Bapa, anjeun hayang pisan
digawe” 

Budak: “O itu, abdi mung hoyong ngecek naha pagawean abdi tos
nyugemakeun. Abdi nu jadi pagawe Ibu tadi….!”  
Warmest Regards, Yadi Supriadi Wendy .:sent with love:. 

 
-- 


Kirim email ke