Baraya,
Nyanggakeun salah sahiji fiksi mini anu kungsi diposting di grup Fiksi Mini, FB: Fikmin #SUWUNG CINTA ANJEUN KU KI UCING# Poé Saptu, mangsa libur tapi aya kénéh pagawéan. Dihanca waé meungpeung keur rada purun. Hawar-hawar ti imah tatangga kadéngé hiji lagu, lagu jadul. Asa kungsi baheula resep kana lagu éta téh, ngan teu nepi ka apal rumpakana. Pangangguran lalayaran sakeudeung di internét, tatanya ka abah Google. Goréhél geuningan kapanggih rumpaka éta lagu téh. Tuluy dilenyepan: *#Suwung Cinta Anjeun. Ki Ucing: Unggal wengi, mangsa turun hujan, laksa keti cai hujan teu eureun-eureun ngageroan nami anjeun. Eta kaayaan kitu téh unggal wengi sami. Unggal poé, kuring ningal nu silih pikanyaah leumpang babarengan. Kuring apal, maranéhana galécok sono, sabab urang kungsi galécok sono anu sarua. Apan éta peta kitu téh kalandep anu keur silih pikanyaah. Keur kuring ayeuna kaayaanana éta leuwih ti kitu. Naha teu tiasa anjeun siga anjeun kapungkur?. Anjeun ngan anu akang hiji-hijina, ulah ngantunkeun kuring sorangan. Bari suwung cinta anjeun…#.* Bereset, asa aya anu ngalembereh dina juru panon. Emh teungteuingeun The Cats mah, nyusun rumpaka lagu nepi ka kituna. Guludug di luar patembalan, langit angkeub. Bandung, Antapani, 22 Oktober 2011 manar
