Episode ka 25 Onderneming Van Hendrik Waktu Jalma kakara nepi ka PUNCAK, Jalma nempo di mana2 loba tangkal enteh, wah ieu kebon enteh teu nyaho aya sabaraha hektar, da geuning lega pisan; ieu saha nu bogana? Ku sabab Jalma hayang nyaho, nya manehna niat rek eureun heula di dinya, salian ti jalan anu bakal bablas ka Bataavia; aya jalan nanjak, meureun terus ka pagunungan tempat kebon enteh tea; nya Jalma leumpang we nuju ka tonggoh, sanggeus sawatara lilana, kaciri di hareup aya Pos Jaga; nya manehna maju ka tempat eta. Di dinya aya hiji Upas nu mawa Bedil Dorlok; terus tilu jelema daredeg kumisan, nyaroren bedog; barang Jalma rentang2 ti kajauhan ge geus gancaang eta hiji Upas, jeung nu tiluan nu daredeg teh megat jeung nanya rek ka saha, jeung rek naon manehna kadinya ? Jalma rada bingung, lantaran euweuh tujuan ngan hayang nyaho wungkul; terus we nyarita saujratna, yen hayang nempo kebon enteh nu sakitu legana jeung hayang nyaho saha nu bogana. Barang ngadenge omongan Jalma kitu, cakakak we eta opataanana teh nyakakak; pok nu hiji nu dedeg ngomong:”Eh Jang, maneh rek ulin mah lain ka dieu; nu kadieu mah, nu rek digawe di Ondernimeng; lain rek ulan ulin teu pararuguh; urang mana maneh ?” “Urang Wanayasa. Cek Jalnm singket. Hahaha deui wae eta nu opatan. Euh urang kampung. Heh balik deui we maneh, cek si dedeg bari rada molotot. “Naha teu meunang kuring jalan2 ka ieu gunung, terus nempo pamandangan ?!” Upas ayeuna mah nu ngomong:”Jang, nu asup ka ieu Onderneming Van Hendrik mah, salian rek digawe, oge mun meunang panyeluk ti Tuan Hendrik; ari datang kitu wae mah, euweuh; jadi balik deui wae Jang.” Jalma mikir, yen ieu kebon teh, geus dikawasa ku Van Hendrrik; ieu meureun nu disebut Kumpeni teh. Nya Jalma teu maksa leos wae indit, da ayeuna mah geus apal saha nu boga ieu kebon teh. Keur kitu ti kajauhan aya kareta keur nanjak ka tonggoh; terus we nu opatan sayagi; reg we kareta eureun, terus hiji jelema turun tina kareta; eta jelema teh make pakean sarwa hideung nu loba kancingna; nu aneh buukna diuntun siga awewe; panonna kacida leutikna; bangsa sipit. Ieu meureun Cina teh, cek Jalma di na hatena. “Owe, latang langtalan panggilang dari tuan becal hendlik; aaah. Owe kecini ada bisnis dengan tuan Hendlik aaah.” Upas:”Oooh kitu; sok tuh jung ka luhur; tapi biasa lah Koh; da didieu ge perlu makan minum atuh.” Cina:”Oh gak apa apa ! itu biasa.......... ini saketip top keul jalajan kowe sekalian.” Upas:”Hahahaa, nuhun Koh, sok we terus ka tonggoh.” Jalma barang nempo kitu, kusiwel nyokot sakelip kop we dibikeun ka Upas:”Kumahaa kuring ayeuna bisa teu ka tonggoh nempo sakeudeung.” Rada kaget oge si Upas jeung nu daredeg tiluan, ti na ku teu nyangka ieu urang kampung bau lisung teh boga deuit jeung daek nyecep maranehna; budina robah jadi marahmay; pok si Upas nyarita:”Geus we atuh ari keyeng2 teuing hayang nempo pamandangan mah, jung ! Tapi awas ulah lila teuing nya !”
