Sule OVJ, bari make baju model Babah, sababaraha kali oge mineng nyanyi:

- Cici lalay, sosorodotan.
- Aya ucing, teu dikarungan.
- Sorong ke kiri, sorong ke kanan
- Eyy domba nini jot enjotan.

Cenah, eta teh plesetan Sule tina lagu barudak baheula, nyaeta:

- Cici Lalay, Babah cileuhan
- Mapay lembur, mawa buntelan
- Sorong ka kiri, sorong ka kanan
- Eyy, domba nini jot-enjotan.

Ceuk cenah oge, baheula rea urang Cina nu jualan barang ka lembur-lembur, keur 
masih sarusah keneh. Ku barudak lembur sok dieleg-diheureuyan.

Sabab susah, ceuk dalil cenah, rea orang Cina nu susah tisaprak Walanda-Kompeni 
geus ripuh ngajajah.

Ceuk sakaul, rea orang Cina nu ngabdi ka penjajah, sawareh nyebutna jadi budak 
walanda, aya oge nu ngadon neang piuntungeun, nu ripuh tuluy daragang ka lembur.

Dalah dek ripuh ge da baheula, maranehna mah pinter dagang. Nu cileuhan jeung 
mawa buntelan mah da baheula.

Pakait jeung ieu per-cenahan, babaturan nu sakola di Al-Azhar Kairo 
ngabenerkeun, yen baheula orang Cina dagang door to door ka orang Mesir. Jualan 
panitih, gunting kuku, jsb. Tapi ayeuna, rea orang Mesir nu digawe ka Cina, 
mawa barang keur didagangkeun -nguriling lembur.
Sugan aya nu langkung apal...?  Cag! Wallahu a'lam.
Baktos,
::zya
Rampes™
Powered by Telkomsel BlackBerry®

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke