---------- Forwarded message ---------- From: iip yahya <[email protected]> Date: 2012/1/10 Subject: Re: Bls: [Urang Sunda] Kerajinan - Gosali Kujang To: "[email protected]" <[email protected]>
** Ngiring mairan sakedik. Kujang memang miboga 4 fungsi: pakarang, pakakas, pusaka, alat upacara. Di Kanekes, kujang aya anu janten pakakas. Langkung pas kujang disebat senjata khas, sanes asli. Anu spt kujang aya di unggal etnik, mung bentuk kujang khas urang Sunda. Kujang pusaka tiasa ditingalii di museum sumedang. Seueur sual2 anu pakait sareng identitas sunda, nembe muncul sabada 50-an, ieuu pakait sareng elehna 2 partai sunda dina pemilu 55. Rumaos katurug-katitih ku "jawa" nya nembe bae "harudang" neneangan identitas Sunda, hoyong ngajawab pertanyaan "kunaon urang sunda bet eleh di lemburna sorangan?" Sigana dugi ka danget ieu teu acan kajawab. Nuhun. Sent via BlackBerry® from Vodafone ------------------------------ *From: * etom ethom <[email protected]> *Sender: * [email protected] *Date: *Tue, 10 Jan 2012 09:43:28 +0800 (SGT) *To: *[email protected]<[email protected]> *ReplyTo: * [email protected] *Subject: *Bls: [Urang Sunda] Kerajinan - Gosali Kujang mun teu salah mah..rada2 kumaha kitu nyebat kujang janten sanjata urang sunda...dumagi di tatar sunda teu rada loba nu warawuh ari kujang teh sanjata urang sunda...contona ti kasenian wayang golek, si cepot nu janten peran utama ge...teu ngonggo kujang tapi nganggo bedog...nah urang kungsi ngawangkong masalah iue, da-mang manggutkeun sanjata nu digaduhan loloba urang sunda sanes kujang...bahkan teu arapaeun nu namina kujang teh....cang ah...nuhun ------------------------------ *Dari:* "[email protected]" <[email protected]> *Kepada:* urangsunda urangsunda <[email protected]> *Dikirim:* Senin, 9 Januari 2012 12:40 *Judul:* Re: [Urang Sunda] Kerajinan - Gosali Kujang Waktos desember kamari ngiring KIBS II ngobrol sareng mang ajip rosidi. Saurna teh taun 50 an teu dikenal pakakas kujang. Di daerah Kanekes mah, kujang teh pakakas kanggo ngored jukut. Di jaman gupernur Mashudi nembe dipopulerkeun kujang siga ayeuna. Kasangtukangna mah, pedah urang Jawa gaduh senjata keris, ari urang Sunda naon? Nya ahirna direka-reka, kujang jadi sanjata ciri has urang Sunda. Kitu tah dongeng mang Ajip Rosidi anu ngalaman masa rumaja di taun 1950 an. Mrr Powered by Telkomsel BlackBerry® ------------------------------ *From: * Ki Hasan <[email protected]> *Sender: * [email protected] *Date: *Mon, 9 Jan 2012 12:50:29 +0800 *To: *Ki Sunda<[email protected]> *ReplyTo: * [email protected] *Cc: *Baraya Sunda<[email protected]>; Urang Sunda< [email protected]> *Subject: *[Urang Sunda] Kerajinan - Gosali Kujang Melestarikan Budaya Sunda Minggu, 08/01/2012 - 19:23 [image: ADE BAYU INDRA/"PRLM"] ADE BAYU INDRA/"PRLM" IBNU (35) memperlihatkan salah satu Kujang hasil buatan dia dan rekan-rekannya, di Gosali atau tempat pembuatannya, di Jln. Salatiga, Antapani, Kota Bandung, Minggu (8/1). http://www.pikiran-rakyat.com/node/172289
