Sanggeus nganuhunkeun gedig we Jalma kaluhur; masih kadenge
Upas nyarita ka babaturanana:”Teu wudu eta urang kampung boga duit oge; hahaha,
meureun di kampungna mah anak nu jegud tah budak boloho teh.” hahahaha opatanana
sareuri mani rame. 


Jalma bungah lantaran ahirna bisa oge nempo eta nu disebut
Ondernimeng teh; wah enya lega pisan; manehna nuturkeun tapak kareta si cina nu
tadi; keur kitu di hareup ti tonggoh aya kareta laju pisan ditarik opat kuda;
kudana siga nu ambek pisan, kusirna meureun geus kabantingkeun da kaciri euweuh
kusiran; dijero kareta jejeritan sora awewe. 


Jalma geus teu loba mikir deui, ngaluarkeun elmu
ngahampangkeun raga, bari maca jangjawokan supaya kuda ulah ngadat teuing;
terus luncat bari newak nu masih bisa katewak. Saenyana ieu teh risiko gede
pisan; bisa wae manehna teu bisa nyekel nanaon, lantaran kudana keur mangpreng
tarik pisan; untung Jalma masih bisa nyekel berego kuda; tapi eta ge ampir2an.
Enya ge ka cekel tapi Jalma mani tibabaranting; karasa nyeri; tapi nulungan
jelema leuwih penting; teu ngingetkeun risikona Jalma terus we mancal ka luhur
nyekel kadali; nya hese beleke bisa oge kuda teh eureun; persis hareupeun pos
jaga. Barang nempo Jalma nu naek bari nyenyekel kadali kuda; eta Upas jeung nu
tiluan mani reup beureum ray pias; teu tata pasini deui Jalma didudut nepi ka
ngajongkeng tigugulitik; si nu pang dedegna nyentak:”Dibere hate menta jantung!
Rek nyoba maling kareta , hah !?” 


Keur kitu awewe nu jejeritan kaluar ti na kareta, langsung
nyentak tarik pisan :”Gott perdom ( god Damn tea )inlander ! de man holfe ik. U
bodoh2 semua ! minggir kowe !” 


Atuh si Upas jeung nu opatan teh mani pupurungkutan;
dicarekanan laklak dasar ku eta none kumpeni; si Upas jeung nu tiluan ngan ukur
bisa ngomong ya nona, sababaraha kali; bari sirahna ngareluk. Maranehna ngarti
ayeunaa mah yen Jalma teh geus nulungan si nona nu ampir cilaka kabawa kabur ku
kuda ngadat. 


Si nona nyarita deui ku basa Melayu nu teu pati kaharti ku
Jalma:”ni kereta en kuda tahan disini.......... en kamu kamu......... eee
gotong ini man bawa kerumah ku, ngerti !?” 


Ya non ngarti non. Kabeh ngan ukur bisa ngomong kitu. 

Memang
Jalma rada ripuh, lantaran tadi waktu luncat mancal kuda, rada tibabaranting,
awak nyareri keneh; ari pek digusrakkeun ku nu opatan, jadi Jalma ngarasa
leuleus, pasrah we waktu digarotong ku nu daredeg ka tonggoh; mangkaning ti pos
jaga ka tonggoh teh lumayan jauh; tapi terus we Jalma digarotong dituturkeun ku
si NONA Blanda. Sajajalan eta nu ngagarotong, rada kukulutus lalaunan; teu
kadenge ku si Nona mah; siah mamawa cilaka ka aing siah ! Hanjakal make dibere
asup siah ! Mere saperak deui ge masih kurang siah! Awas mun teu mere saringgit
ditampilingan siah. Jalma api2 peureum we; da jeung enyana badan asa pasiksak. 


Barang nepi ka imah nu gede jeung sigrong , Jalma satengah
dibeubeutkeun ka na kursi nu kacida empukna ( engke Jalma nyaho, eta teh
ngaranna sofa); nempo kalakuan nu ngagarotong sentak deui si Nona ngambek; atuh
mani murungkut2 we nu tiluan teh; terus we barirat, sieuneun digelendeng. 


“Eh.......... Emeh........... kowe panggil tuan dokter kesini...........” 

Ya nona............; bari gancang we nu disebut Emeh teh
gesat gesut kaluar......... 

Jalma kaget, emeh ? Naha emeh urang Leuwiseeng kituh ?
Wah......... teu sangka .......... di dieu bakal panggih; tapi Jalma cicing we;
teu loba gerak; lantaran konsentrasi keur nyageurkeun sorangan awakna nu
nyareri. Aing kudu nyieun alesan supaya bisa lila didieu, pikeun nyilidik nu
disebut Nyi Emeh tea. Alah naha asa loba kabeneran pisan, yeuh? Cek hatena.
HANCA
 

Kirim email ke