Assalamualaikum wr wb Istilah Quran jeung sunnah, kadang jadi klaim sabagean golongan kana golonganana, anu ngarasa paling nyunnah, padahal sunnah didieu beda2 penjabaranana,
aya anu ka sahabat , aya anu ka ahlulbait, jadi sabegean ngayakinan penjabaranana ka sahabat sabagean penjabaranana ka ahlulbait nabi as tabiin oge seueuer perbedaanana, aya anu ka mazhab ieu aya ka mazhab sanesna, mazhab teh seueur pisan. masalah ketuhanan dina kaum terdahulu aya anu ngarujuk ka ahlulbait nabi, aya ka asyari, aya anu ka maturidi, sufi, muktazili, dzahiri, bahkan ibn taimiah anu dirujuk ku wahabi eta mah belah dieu lain salafi (terdahulu). lamun syiah ngayakinan ka kulawarga nabi kulantaran dalil : inni tariku fikum tsaqalain kitabullah wa itrati , wa in tamassaktum bihima falan tadhallu abada (sumber kitab suni) (kuring ninggal ka anjeun dua pusaka besar kitabullah (quran) jeung itrah ahlulbait nabi, lamun nyepeng kadua2na moal sasar salilana. jadi sunnah nabi didieu dijelaskeun ku ahlulbait anu 12 di setiap zaman, beda deui lamun anu dijabarkeun ku sahabat jeung tabiin. jadi klaim quran jeung sunnah teh rupi2 ... teu masalah ngayakinan kamana wae jalur anu diyakini, ari diakhirat mah engke ningalina , cing penting hukum dhahir wae anu ditingali , dina syahadatain saha wae anu shahadatain maka disebatna muslim, ulah gagabah nyebat sesat jeung kafir, kade... di jaman nabi wae kaum munafik di sekeliling nabi seueur, nepi ka disebatkeun dina quran syahadat ka nabi, tapi Allah anu apal yen manehna teh munafik, walau kitu nabi ngahukum jalmi munafik (anu hatena teu iman) ku islam, kulantaran Islam hukum dhahir, iman hukum bathin. lajeungkeun diskusina.............................. wassalam
