Simuing mah boga dongeng nu sejen. Babaturan kuring nepi teu kawin-kawin pedah 
nyeri hate. Pramugari kabogoh manehna 'ditumpakan' ku Pilot Garuda.
Ceunah, baheula lamun aya Pramugari teu daek diajak sare ku pilotna, nya 
manehna di'grounded'kan, alias teu bisa hiber ngilu jeung pilot.

Dongeng sejen deui(baheula), lamun pasawat GIA hiber ka luar nagreg, 
salalawasna dibarengan / ngunguntil INTEL (bakin baheula mah), nu matak teu 
aneh lamun Munir alm.
basa arek indit ka Walanda, ditengah jalan aya nu mere Jeruk Nipis Rasa Endrin.
Baheula, duka ayeuna mah.

Baktos
mz
 
------------------------------
On Sat, Feb 4, 2012 5:03 PM ICT [email protected] wrote:

>Mangga bandingkeun garuda sareng anu sanesna upama bade mendarat. Kapiawaian 
>pilot teh salah sahijina pami mendarat teu karaos "deg" komo deui "dug", 
>waktos ban pesawat paantel sareng landasan.
>
>Ari jalmi bule mah cenah, pami naik pesawar teras mendarat mulus kalayan teu 
>karaos benturan, sok kaleprok, tanda muji ka juragan pilot nu maher dina 
>mendarat.
>
>Mrachmatrawyani 
>Powered by Telkomsel BlackBerry®
>
>-----Original Message-----
>From: "Waluya" <[email protected]>
>Sender: [email protected]
>Date: Sat, 04 Feb 2012 09:44:33 
>To: <[email protected]>
>Reply-To: [email protected]
>Subject: [kisunda] Pilot "Nyabu"?
>
>Cenah, subuh tadi aya deui pilot Lion Air ditewak pulisi di Hotel di Surabaya, 
>kaperego make shabu-shabu. Jadi geus dua urang pilot Lion Air ditewak 
>kulantaran ngonsumsi shabu-shabu, nu saurang deui ditewakna awal januari 2012 
>di Makasar. Beja nu matak pikahariwangeun, nu nyupir mobil wae, gara-gara make 
>narkoba ngakibatkeun 9 nyawa leungit. Ieu "supir" kapal udara? Beu ...... Komo 
>lamun nempo yen Lion Air teh Airline nu panglobana panumpangna da puguh 
>airline murah- meriah (lamun teu salah mah kapalna oge panglobana).
>
>Dua minggu katukang kuring ka Palembang make Lion AIr. Waktu turun di 
>Palembang, pas banna keuna kana landasan, na ari "deg" teh, malah rarasaan mah 
>lain "deg" deui, tapi "Dug" tarik pisan. Kuring tepika ngarenjag, kitu deui nu 
>sejen, bakating ku kaget. Untung saterusna mah mulus, eureun di landasan. Ngan 
>umur-umuran sok naek  kapal udara, kakara ngalaman kajadian kitu. Jero hate 
>meureun pilotna diajar keneh. Ngan umpama lain diajar, tapi kulantaran nyabu? 
>......
>
>Baktos,
>WALUYA
>
>
>
>
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke