Tah hade Kang Yani, diresensi, ngarah aya alternatif padungdengan. Disagigireun diskusi teologi nu teu rampung-rampung, urang euyeuban ku bahan bacaan sejen. Ke sacara bertahap ku uing diposting hiji-hiji. Da uing geus menta idin ka pangarangna.
2012/2/7 MRachmat Rawyani <[email protected]> > ** > > > Ti kamari tos hoyong ngaresensi carpon “Lalakon Awon” anu dialungkeun di > milis urangsunda/kisunda. Kataji ku eusi carpon anu pinuh ku > simbolisme/bahasa symbol. Ari simbol tea pan salah sahiji pakakas > komunikasi. Ayeuna di milis kisunda/urangsunda aya deui carpon kang godi > anu sejenna. Wah jadi numpuk yeuh bahan tuliskeuneun. > Tadina teu pati pirajeunan kana hasil karya Godi teh. Tapi barang pendak > di acara KIBS II, dimana macakeun hiji sajak karyana, “atas permintaan” > kang Mikihiro Moriyama, anu jadi salah sahiji “pembicara utama” dina KIBS > II, cih, geuning hebat oge, cara maca sajakna. “mengingatkan” atawa > memper-memper siga Sutardji Calzoum Bachri upama maca sajak. Atraktif, > Irama jeung intonasi macana naik turun, kadang-kadang nanjak terus, kadang > aya idiom-idiom anu unik, anu teu kagambarkeun dina tulisan. Hanjakalna, > waktu KIBS II teh teu aya kasempetan ngobrol. > > Lalakon Awon, ceuk kuring mah hiji carpon anu pinuh ku simbol-simbol anu > sifatna universal. Awon, hiji kecap anu ngagambarkeun kagorengan, tapi > tokoh dina carpon eta, Awon teh hiji lalaki amu kurang saeundan (sakit > jiwa) tapi lugu. Bakating ku luguna, nepi ka daek “diperalat” ku > jalma-jalam anu bejat/awon moralna. Dina carpon eta oge > digambarkeun/disombolkeun sora entog anu hos-hosan jeung oray anu sok “luar > leor” teu pararuguh. Dina ahir carita, aya tokoh orok, anak nyi Nenih, > duka saha anu jadi bapana. Da aya tiluan atuh anu sok ngaheroyan nyi Nenih. > Naha make aya tokoh orok sagala, padahal pan sacara teoritis, upama hiji > awewe “dicampuran” ku sababaraha lalaki, moal jadi “anak”. Sigana wae > pangarang ngahaja “munculkeun” tokoh anak, simbol di tengah-tengah generasi > anu moralna bejad, aya generasi penerus anu masih suci bersih anu perlu > diaping dibimbing ku jalma anu lugu/lurus dina ningali kajembaran dunya ieu > siga anu disimbolkeun ku tokoh Awon. > > Kumaha kaitanana Lalakon Awon ieu jeung kaayaan ayeuna? Setingna lalakon > Awon di hiji tempat desa anu jauh ti pakotaan. Tapi pan kalakuan para > tokohna bisa kajadian dimana wae. Baheula pan kungsi geunjleung aya saurang > Da’I anu ngalajur nafsu ka saurang pedangdut. Sok sanajan sang Da’I > “kekepehan” teu ngaku, tapi pan moal mungkin pedangdut eta ngobral > kabohongan sambarangan. Nya kitu deui minggu kamari diramekeun ku beja aya > salah sahiji gegeden pulisi, anu ngancem ka kurut “cemcemanana” pedah > eta sang cemceman (pedangdut oge) anu “nyanyi” ngabeberkeun pangalamana ka > para wartawan. Di tingkat dunya, ayeuna diramekeun ku beja, ceuk cenah > salah sahiji Presiden Adidaya anu kasohor di jaman taun 1960 an, “orayna” > sok luar leor ka salah sahiji staf pagawena. Hiji deui “lalakon Awon” anu > kabuki. Padahal tadina mangpuluh-puluh taun ditutupan. Teuing, engke saha > deui anu rek jadi “lalakon Awon”. > > mrachmatrawyani > > >
