Waduh..disambat deui we simuing ku kersana Abah Abas Amin. Nu kahiji, perkawis BODO. maksadna keur sakuringeun jeung keur sakuring-kuringna. Upamina Abah bade nyebat abdi pinter, mangga teh teuing. ha.ha.ha. lumrah puji makhluk ka papada makhluk. Bade nyebat belegug oge teu sawios-wios.
Eta Ceunah Stephan Hawking pinter, nya heueuh ceuk urang-urang, ngan palebah keur dirina sorangan, geuning teu walakaya, ngan bisa diuk dina korsi roda, eta oge lamun aya batur anu daek mangku manehna sangkan bisa diuk dina korsi. Bukti keur sadirieun manehna BODO PISAN, elah ku tukang pulang pulung botol plastik anu ti isuk jedur nepi ka sore jeder teu cape-cape neangan botol urut. Kitu oge keur kuring. Ku ilustrasi ieu, kuring rumasa ngasongkeun diri BODO. Kadua, soal Rahmatan Lilalamin. Margi aya babasaanana upami ngaji ulah kaluar ti diri sabab bilih sasar. Atanapi aya babasaan Ulah Sieun, komo Wani. Ulah Embung komo Hayang. Teuneung ludeung lamun sagalana didasaran ku niat nu bersih/suci. Dharma anglakoni, nampi jadi makhluk anu dihirupkeun ku Kholikna. Apan dina qur'an jentre, pangbagja-bagjana jelema nyaeta anu bisa nyucikeun dirina. Kumaha soal siar(dagang/dakwah) agama KEUR BATUR ? Pedah aya dalil Amar ma'ruf nahi munkar ? Palebah dieu osok pahili NAHI MUNKAR osok diheulakeun padahal AMAR MA'RUF na masih NOL BADAGS. Ieu dina nyigeung soal SELF KRITIK. Tah cik atuh, ulah eleh ku nu ngagem Kresten dina soal AMAR MA'RUF, manehanana boga dalil KASIH, tah urang nu ngagem Islam ; AMAR MA'RUF. Mana ? Nu katilu, KISUNDA jeung Kasundaan. Nu matak ngagebruskeun maneh ka milis ieu taya sanes keur sim uing mah NGALANCARKEUN basa sunda. Anapon soal kritik ngeunaan kritik ka MUI. Kritik ka Oma Irama, masalah goyang dangdut. Kritik masalah budaya samodel jaipongan jrrd. Ceuk rarasaan sim uing mah asa acan pernah khususon di milis Kisunda. Asa teu rumasa. Nu kaopat, soal Agama (Islam). Aya dua jalan anu umum ditempuh pikeun ngahontal bab Ilmu agama. Kahiji, ti "handap ka luhur", nu kadua "ti luhur ka handap". Anu "ti handap ka luhur', nya anu diajar agama tina buku atanapi kitab / tulisan, sejarah atawa riwayat. Naon nu diteanganna ? Kadang teu jelas, pokokna naon anu ditulis dina kitab manteq eta nu bener, jalankeun, dakwahkeun ka batur. Neangan bener ? atanapi "Pembenaran". Pabaliut. Kadang aya nepi ka kajadian silih begalan jeung silih podaran da ceuk ceunah marebutkeun kebenaran mutlak, duka pembenaran mutlak. Anu "ti luhur ka handap", jalan nu ditempuh nyaeta nyusud ti nu ngadamel heula agama. Saha ? Hayang kapanggih heula kumaha jujutanana. Muguhkeun heula ka Gustina. Lamun geus apal, tangtu ngarasa isinna. Tangtu ngarasa bodona. Boga karumasaan. Pan dina dalilna : Alloh mah leuwih deukeut batan urat beuheung maneh sorangan. Ari simuing kumaha ? Nya ikhtiar mah ngangge pendekatan "ti luhur" sareng "ti handap". Sangkan pinanggih KANIKMATAN. Ha.ha.ha.. Sakitu anu kapihatur. Hapunten bilih aya salah ketig. Salam Baktos. --- On Wed, 8/2/12, Abbas Amin <[email protected]> wrote: From: Abbas Amin <[email protected]> Subject: [kisunda] Al Islam - Self Kritik To: "kisunda" <[email protected]> Received: Wednesday, 8 February, 2012, 10:58 AM Saenyana nu hayang diomongkeun teh loba pisan, tapi ari geus prak diketik hese ngomongna, tapi eta teh ngagambarkeun memang “kanyaho” urang masih heureut pisan. Nu matak bener cariosan Kang Gus Maman, urang mah tetep masih BODO. Nu jelas intina mah nu rek diomongkeun atawa ditanyakeun teh, nya eta : Kapan Islam teh cenah Rahmatan lil Alaamiin. Nu cek anti Islam mah cenah : Laknatan lil Alamiin cenah. Ayeuna kuring rek nyoba nyarita make kaca mata nu NETRAL; bari tetep aya di na kaimanan ISLAM. Naha bisa ? Duka. Da eta ge pikeun panilaaian Jalma rea, utamana nu aya dimilis Kisunda ieu. Ngahaja tulisan nu kieu teu dikirim ka milis sejenna, lantaran naon ? di Kisunda wungkul oge, can puguh kuring bisa ngabela ieu tulisan, mun aya kritik ti ditu ti dieu. Can puguh kuring bisa nyacapkeun hate para nu nanya. Jadi ku sabab Ilmu jeung kanyaho kuring Kacida heureutna, nya nulis ge diwatesan we ku Milis KiSunda wungkul. Eta ge susuganan pas deuih. Mungkin wae pertanyaan2 atawa kapanasaran kuring teh loba sarua jeung kapanasaran baraya2 sejenna, ngan teu wani atawa tacan pok meureun. Nya ayeuna kuring ngamimitian. Naha ieu tulisan cukup ngawakilan ? Tangtu we jauh ti cukup mah; ngan wae kuring boga kayakinan sautak saeutik aya ngawakilan nu sejen. Saenyanaa mah, di ieu Milis ( Ki Sunda ); loba atawa aya oge nu sok rajeun ngritik Agama; utamanaa ka Islam. Saperti Gus Maman, Ilen Kardani, Bah Willy, Kang Engkus Ruswana jssd ( jeung sejen2na deui ). Malah kadang2 pertanyaan atawa kritikna masing teu vulgar tapi nyeleneh oge. Samodel kritik ka MUI. Kritik ka Oma Irama, masalah goyang dangdut. Kritik masalah budaya samodel jaipongan jrrd. Nu matak ! kade ka nu ngadagangkeun MAZHAB, atawa Sekte Islam, kudu ati2 pisaan, lantaran naon ? Tong boro Mazhab kapan, dalah Islam sagemblengna oge dikritik ? Malah ayeuna mah Nabi Muhammad Saw oge lain wae dikritik, tapi dihujat; pada nyarekanan, nepi ka nyieun Video Fitnah, nu nyaritakeun Nabi Muhammad memperkosa dlsb. Bisa wae urang nyebutkeun eta bakal dilaknat ku Allah ! Tapi lain ngan ukur kitu, urang ge kudu usaha, ulah nepi keun ka predikat rahmatan lil alamiin robah jadi laknatan lil alamiin. Di na waktu ieu mah eta kecap teh sakadar FITNAH, memang. Tapi urang kudu ati2 cing tempo kumaha WAJAH Islam ayeuna ? Nyata atawa henteu rahmatan lil alaminna teh ? Cing coba alak ilik make kacamata nu jujur ! Ulah ngabenerkeun nu salah; ulah ngalelempeng nu geus puguh bener. Cing pikirkeun di mana rahmatan lil alaminna Islam teh ? Naha tindakan2 Muslim sadunya geus nuduhkeun pikeun meunang predikat Rahmatan lil alamiin ? Atawa naon nu dilakukeun ku Umat Islam teh rek kitu rek kieu, ku urang kabehanana dianggap rahmatan lil alamiin ? Cing ieu brain storming teh aya teu nu haat nunjukkeun ? Cing nepi ka mana ieu brain storming teh jalanna !? EOR, Rebo, February 8, 2012
