Episode
ka 34 – Nyi Epon masantren di Miftahul Falah 

   

Peutingna
Nyi Emeh ngahaja ngajak ngobrol Jalma soal Nyi Syarifah di Wanayasa; cek Jalma,
manehna geus dibere bros ku Syarifah; terus manehna geus jangji yen ka kitu ka
kieu kudu buru2 ka Wanayasa; ayeuna geus rada lila cenah, bisi doraka geus
jalir jangji. 


Nyi Emeh satuju
Jalma indit ka Wanayasa, bari Nyi Emeh ge cenah rek milu; lantaran hayang nyaho
ka calon minantu jeung pibesaneun; Jalma jangji rek mawa ma Emeh ka Wanayasa. 


Isukna Nyi
Emeh beberengkes naon nu rek dibawa, jeung ngirim naon cenah keur oleh2 ka
ditu, da piraku ngosong mah; ari Jalma indit ka Cirangkong rek Nyewa Roda
cenah, atawa dokar; da lobaa di cirangkong mah. 


Barang Nyi
Epon datang ka imah Nyi Emeh, kacida heranna lantaran nempo Nyi Emeh
beberengkes; tuluy we ngabantuan, bari tunyu tanya; sanggeus nyaho yen Jalma
rek ka Wanayasa Nyi Epon balik; tuluy bebeja ka bapana hayang masantren cenah
di Wanayasa. 


“Nanaonan
maneh teh Epon, teu gugur teu angin, make hayang masantren sagala ? Kapan di
dieu ge aya Kang Jalma lain ? Tah atuh ka manehna ge geus cukup.” Cek Ki
Astahiam teu nyatujuan ka na karep anakna. 


“Ah teu
cukup bapa; cek kang Jalma ge cenah Ilmuna masih kurang keneh, jadi Epon kudu
indit ka Wanayasa pikeun nimba elmu agama Islam di ditu.”Tembal Nyi Epon; bari
siga maksa pisan. 


“Keun we
atuh bapa, kapan si Epon na ge ngaligeuh keneh; meureun hayangeun pinter ieu
budak teh.” Indungna ti dapur milu ngomong. 


“Ah sok nyanyahoanan
 kitu ? memangna ari masantren teh euweuh
waragadna ? Encan keur cicing di ditu; encan keur dahar sapopoe; encan keur
meuli kitabun jste; loba deuleu waragadna teh.” Tembal Astahiam bari rada
nyengor. 


“Henteu
bapa, teu kedah nganggo waragad naon2; pan Kang Jalma oge gratis we ngajina
teh.” Nyi Epon nambalang embung eleh. 


“Kapan ari
Jalma mah lalaki, ari maneh mah awewe, rek digawe naon ?” Cek Astahiam bari
rada sewot. 


“Aeh ari si
Bapa ?! kapan ngarambet; ngabinihan, tandur, atuh mun perlu nyeuseuhan baju2
Ustadz; naha mani poekeun; ulah kitu bapa; hartosna eta kirang nampi nimat ti
Pangeran.” Epon beuki nengterewelang. 


Bapana repeh
we dikitukeun mah; ari enggeus kumaha inditna ka ditu ?” 


Ahirna
bapana nanya ka Nyi Epon. 


“Ngiring we
ka nu bade ka Wanayasa.” Tembal Epon daria pisan. 


“Saha kituh
nu rek ka Wanayasa ? Mani sagala nyaho wae maneh mah Epon.” Cek Bapana bari
rada heran, nyaho ti mana ieu si Epon; nepi ka nu rek iinditan ge kanyahoan. 


“Kapan Ma
Emeh sareng Kang Jalma bade arangkat ka ditu.” 


Sajongjongan
mah Ki Astahiam ngahuleng we; emh ieu anak aing ku naon nekad pisan nutur2
Jalma; bari Jalma na mah teu riuk2 acan ? Asa kapiasem oge Ki astahiam teh, pok
we ngomong:”Ieuh Epon , maneh ulah cau ambon dikorangan, malati ka pipir2;
maneh teh ambon sorangan, Jalmana mah teu mikir2.” 


Si Epon
ngaheugeu, tapi kaciri rada keuheul ka bapana teh, pok wae nyarita:”Bapa ari
resep ka sahiji jelema; heg urang ihlas; teu kudu urang ngaharepkeun manehna
resep ka urang. Urang tembongkeun we kanyaah urang; mun manehna teu males oge
teu naon2 eta geus nasib abdi meureun.” 


Bapana ngan
bati ngurut dada, da nyaho adat Nyi Epon nu hese dihulag mun aya kahayangna, ti
baheula oge kitu; ngan manehna nyaho eta teh hartina Nyi Epon boga cekelan,
boga patekadan, boga cita2, Mun jelema boga cita2 eta saenyana mah positif;
tapi manehna mun teu boga jodo kumaha? Ah keun we pasrahkeun we ka nasib. Kitu
pikiran Astahiam. Nya atuh Nyi Epon teh meunang idin we ti bapana rek masantren
ka Wanayasa.
HANCA
 

Kirim email ke