Laporan sejenna bisa dipariksa di dieu: http://www.facebook.com/groups/165984686754470/permalink/362384343781169/
Nya rame wae sakitu mah informasina. Mudah2an wae aya perhatian ka Gn Padang supaya leuwih kaurus. manar 2012/2/14 oman abdurahman <[email protected]> > Memang rada aheng. Tapi supaya rada saimbang informasina, coba diilikan > anu ayeuna keur rame dipadungdengkeun. Hasil panalungtikan anu anyara tiasa > dipariksa di dieu: > > > http://nasional.vivanews.com/news/read/286338-gunung-padang--wonders-dari-4-700-sm > > Naha Gunung Padang teh piramid? Can tangtu. Ngan, teu kudu rurusuhan > nolak, teu kudu gagancangan ngaenyakeun. Urang dagoan wae terus hasil > panalungtikanana. > > Salam, > Oman A. > > 2012/2/14 [email protected] <[email protected]> > > ** >> >> >> asa teu percaya aya piramida di Sunda. naha kitu aya turunan ti Firaun >> Mesir? >> >> --- In [email protected], Sp Saprudin <udarider@...> wrote: >> > >> > Gunung Padang situs Megalitikum di Cianjur, pundan berundak nyaeta batu >> anu ngarupakeun anak tangga ti handap sampe ka luhur. Mun ningali >> situs-situs anu tos kapendak ku para ahli, situs Gunung Padang pastina >> henteu jauh jeung urut tempat Istana Raja atawa tempat-tempat ibadah. Tapi >> wallahu alam bentuk wangunan naha jiga piramida. Mun ningali pagunungan >> lain di nusantara, model pagunungan anu nyarupaan bentuk piramida oge >> seueur, naha eta oge jieunan leungeun manusa. Ieu meureun bacaeun pikeun >> manusa anu ahli dina widangna pikeun ngagunakeun utekna dina raraga >> ngembangkeun elmu panganyahona. >> >> > Terus barita ngenaan pagunungan di Garut anu bentukna jiga piramida, >> mun enya eta ahli arkeologi jeung geologi nyidikkeun yen eta hasil jieunan >> leungeun manusa, kumaha jeung gunung tangkuban parahu anu jiga parahu oge >> eta jieunan leungeun manusa? >> > >> > >> > ________________________________ >> > Dari: MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...> >> >> > Kepada: urangsunda urangsunda <[email protected]> >> > Cc: "[email protected]" <[email protected]> >> > Dikirim: Selasa, 14 Februari 2012 11:33 >> > Judul: [kisunda] Gunung Padang Ceuk Ahli Arkeologi >> > >> > >> > >> >  >> > >> > Waktos KIBS II kamari, aya sesi dimana Mang Hasan (ahli Arkeologi) >> ngadadarkeun perkara Gunung Padang. Malihan mah harita oge aya wakil >> arkeologi (?) ti Provinsi Jawa Barat, anu netelakeun, Gunung Padang >> dirarancang jadi salah sahiji tempat wisata, ngaaktipkeun deui jalur kareta >> api anu ngaliwatan torowongan...... >> > Mang Hasan harita teh teu nyabit-nyabit eta gunung mangrupa hiji >> piramid. Almarhum Mang Ayat oge dina buku memoarnya heunteu netelakeun aya >> piramid. Tapi anu jelas mah tempat neangan jodo. >> > >> > Duka ahli dina widang naon, jol aya wae urang LIPI anu netelakeun >> Gunung Padang teh di handapna aya wangunan piramida. Sok sanajan masih >> hiji hipotesa anu perlu dibuktikeun, tapi upama maca di media, mani siga nu >> yakin pisan aya piramid. Duka tah, naha para peneliti LIPI anu "ceroboh" >> atawa media anu rek neangan sensasi, atawa aya pihak-pihak anu ngahaja >> "mempolitisir" perkara ieu. >> > >> > mrachmatrawyani >> > >> >> >> > >
