Nyanggakeun:
#Fikmin #BUKU# - edisi diropea deui (revisi)
Simpé. Di kamer sing sarwa bodas, nu gering parna, 85 taun, keur dirariung
ku palaputera. “Cai, hanaang!”, pananganana pepeta. Rot dileueutan. Kamer
simpé deui. Palaputera saregep merhatikeun nu gering. Ngadadak rabul buku,
patingkalayang, nyampeurkeun ka nu ngairung. Saréréa kabagéan éta buku.
”Ujang, Ema téh ayeuna mah geus teu bisa nanaon. Hampura!”, sora nu gering
les-lesan. Simpé deui. Laju buku-buku téh hideng nembrakeun eusina. Paralak
kabaca lalakon hirup sapuratina dosa jeung kasalahan ka nu jadi indung dina
bukuna masing-masing. “Kuduna remen ngarumpul siga ayeuna téh, lain?”,
pananya buku. Taya nu ngajawab, tarungkul. “Kaduhung nya aranjeun?”, “Tah
ilaing ogé kabéh baris kitu!”. Kamer tambah simpé, siga di kuburan. Buku
beuki rosa ngancam: “Kitu sotéh lamun nasib hadé; pareng nasib goréng mah
boa leuwih ti kitu!”. Buku ahéng dibaca bari ngahuleng sakapeung rudet
sabab katohyan sagala laku lampah. Saréréa ngarep-ngarep kasempetan
samporét ngaladénan nu jadi indung, bisa reureuh tina maca buku.#

manar

Kirim email ke