Ieu mah judulna diganti jadi "ngalamun" ge bisa. Hahahaha. Lantaran nulis kieu mah enyaan bebasna teh. Tapi lamun nulis CERBUNG tah eta mah sok kauger ku............ naon cing ?
--- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote: > > Fikmin #Bati Heureuy!# > > Geulis manéhna téh, sampulur, mancung, cureuleuk. Bageur, soméah, pinter, > kawantu doktor lulusan MIT. Wanoja karir. Ngan masih lalagasan. Perbawa > sagala pinunjul, arang lalaki wani ngadeukeutan. Mindeng digonjak, > "Nungguan naon deui Din, sagala tos kasorang, tinggal rarabi." "Kersa ka > Akang? Ari taya nu séjén mah?" "Serieus Kang?" "Serieus!" poho ka nu di > imah. Manéhna nyéréngéh. > > Sabulan méméh Rayagung, manéhna nepungan. "Kang! Dini sasih payun tos > panceg badé rarabi!" "Alhamdulillah, syukur tos aya jodona!" "Saha > pamegetna Din?" "Rusiah éta mah. Pokona akang kedah sumping, sadintén > saméméhna, duaan sareng Euceuna. Tong ngiringkeun barudak. Ngarah nyalsé! > Pangrereban disayogikeun!" Ukur hareugeueun, mireng nu capétang teu répéh. > > Cunduk waktuna, belenyeng mangprung nohonan ondangan manéhna. Duaan jeung > pamajikan. Anjog ka imahna dibagéakeun ku kulawargana. Reureuh sakedapan. > Ba'da magrib diajak rempugan kulawarga. Ari pokna téh, "Kang, kapan akang > kungsi nyarios, serieus sejak mileuleuheungkeun Dini, kanggo nyarengan > Aceukna! Ayeuna urang jadikeun. Sagala kaperyogian tos disayagikeun. Enjing > urang baris dirapalan!" > > JB, 11/02/12 > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
