Wah kesit
pisan ieu budak ngora teh; enya we jago. Pikir Ki Jumsa; nya terus manehna oge
maju bari nyekel gegendir; manehna oge kasohor di na kakesitan; terus we maju
ngahurup.
 

Ki Cakramana
teu sieun ku majuna Ki Jumsa teh, malah kaciri beuki atoh, lantaran meureun
bisa dipake latihan; enya we manehna kesit balucat balicet, boh ti na bedog,
boh ti na gegendir Ki Jumsa; malah hiji deui bedog lawan ngacleng deui. 


“Wah lain
lawaneun , mundur !” cek Ki Jumsa mere komando bari manehna miheulaan kabur.
Cakramana teu ngudag; ngan seuri mani tarik pisan. 


“hahaha,
cacing cau wawanian ngalawan Macan ! hahahaha !” Cek Ki Abd Gofar mani ngeunah
pisan seurina. 


“Tah mun
engke urang panggih jeung Jalma tea, urang paksa we supaya manehna daek
mutuskeun papacangan jeung Nyi Syarifah; bari ku urang di iming2 harta; piraku
teu daekeun ! Hahaha. Pilakadar urang kampung.”Cek Ki Abd Gofar nguntup pisan. 

  
HANCA
 

Kirim email ke