Hapunten deui wae Bah Willy. Leres kasauran Bah Willy; memang ari Elmuna maah 
wajib ku urang dipetik; da nu jarahat teh saenyana nu Atheis dompleng di na 
jurusan Elmu Pangaaweruh pikeun kalecehken agama. Eta saleresna mah intina teh.

Ih ari soal elmu pangaweruh mah kapan etaa ge ti Gusti; masihan HUDA ka manusa 
supaya ngalaakukeun trial and error tea; teras dicatet tea. Nya jadi Elmu 
pangaweruh pikeun jalma rea; bari sakalian beuki nyaketa tuhanna. Ngan ku 
Atheis anu memang anak buah Iblis; diselewengkeun jadi tuhan teh euweuh. 
Padaahal hahahaha.......
elmu pengetahuan teh atuh ti saha.

Kul Innamal Ilmu indallah................
Sagala Elmu ge anging ti Allah.

Ngan manusa2 seueur nu teu sadar; lantaran SILAU ku iming2 IBLIS.
Yen ilmu teh ti maranehna ! Bari jeung IBLIS mah jelas teu gableg elmu naon2 
salian ti ilmu GELUT jeung ngagoda jelema.


--- In [email protected], "Waluya" <waluya56@...> wrote:
>
> Sumuhun Bah, maksad trial and error teh pan prosesna nyoba, terus salah, 
> nyoba deui bari dibebener tina kasalahan nu tiheula, salah deui, coba deui 
> bari dibebener deui. Kitu sanes?  Sanes prosesna nyoba, salah, nyoba salah, 
> bari teu ningali kunaon salahna. Euh ari model kitu mah nya moal aya hasilna. 
> Pangalaman2 ieu nu jadi pangaweruh. Tumuwuhna Elmu pangaweruh oge 
> mangrupakeun evolusi.
> 
> Upami Bah AA teu satuju kana teori evolusi mangga teh teuing, ngan kuring mah 
> teu satuju lamun nu resep mempelajari kana teori evolusi dicap atheis. Naqon 
> sababna? Teori ieu salah sahiji dadasar sains. Ku nuduh teori evolusi = 
> Atheis, nya sami we jeung nuduh jurusan2 sakola nu aya hubunganan jeung teori 
> evolusi (Biologi, kedokteran, geologi, Arkeologi jst), sakola calon kaum 
> atheis ?
> 
> WLY 
> 
> --- In [email protected], Abbas Amin <abas_amin08@> wrote:
> >
> > Bah Willy, hapunten anu kasuhun.
> > Mangga ku Bah Wily manahan. Naha barang ayana manusa ka bumi,
> > duka ku Evolusi, duka dicipta  "tuhan"; naha jol aya Ilmu Pengetahuan ?
> > 
> > Pan henteu, sanes ?
> > 
> > Kumaha tah Elmu eta muncul ?
> > Nya kapaan ngawitan mah teu "dihaja" tea. Ahirna nimbulkeun kapanasaran.
> > Tina panasaran, terus nyoba jeung nyoba. Ahirnaa sanggeus aya nu nyaho 
> > TULISAN.
> > Eta sagala nu ditemukeun teh DICATET.
> > Nepi ka muncul Hukum Phitagoras; Boyle sste.
> > 
> > Tah kapan ku ayana trial and error etaa teh.
> > 
> > Dadasar Elmu cenah kudu aya ELMU deui.
> > Nya eta tadina mah kapan barodo keneh manusa teh.
> > 
> > Ku sabab boga BRAIN, nya bisa MIKIR.
> > Nu dibere BRAIN ngan UKUR manusa. Da sato mah saukur keur
> > mempertahankan hidup wungkul.
> > 
> > Jadi saenyana eta sakabeh Elmu teh memang geus aya; ngan can dikali ku 
> > manusa.
> > Kakara ayeuna kapaanggihna. Bari sagalana tidinya keneh.
> > 
> > Jadi kabuktian yen memang TUHAN Maha Menciptakan segalanya.
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke