Jalma rada heran, naon sababna Aj. Salim nyaritakeun hubungan manehna jeung Nyi Syarifah ka batur ? Bari jeung kakara panggih ? Tapi terus we nyarita :”Euh ari kitu ? Bapa sadaya sareng ieu adi aya maksad naon ?” Abd Rauf :”Hahahaha, Aj salim aya kamungkinan mikir yen papacangan Ujang ka Nyi Syarifah, teu pati cocog lantaran cenah rada jauh umurna.” Jalma reup geuneuk ray pias ngadenge omongan Abd Rauf saperti kitu; tapi manehna gancang istigfar jeung sadar, asa teu mungkin Aj Salim ngomong saperti kitu, ka jelema saliwat ? Tapi ari ieu, naon maksudna ieu 5 semah datang ka aing bari ngomong kitu ? Naha kitu urusanana jeung itu pamuda ? Cek Jalma ngocomang di na hatena. Nenjo omonganana aya pangaruhna, Abd Rauf beuki sumanget :”Jalma, sampeyan ngabangun masjid nu basajan pisan, jeung jadi guru ngaji di dieu , Bapa hayang ngabantu ngawangun masjid nu alus tur agreng. Kumaha cek pikiran sampeyan ?” Jalma rada ngahuleng, barang rek pok nyarita, Abd Rauf geus ngomong deui :”Tong mikir soal waragad, sabaraha oge bakal ditebak ku Bapa jeung ieu lanceuk bapa Ki Abd Gofar. Mun perlu kitab2 nu aralus ti Cirebon bakal dibawa ka dieu keur ningkatkeun Elmu agama. Mun perlu ayeuna keneh ge Bapa siap ngawaragadan ieu masjid, kumaha tah ?” HANCA
