Mani pias campur sepa beungeut Ki Tanu; terus nyembah pok nyarita:”Ti iraha eta dua budak awewe, jadi murid sampeyan ………… ?” Kakara ge sakitu nyaritana gaplok we Ki Tanu dua kali dicabok, bari teu bisa nyingcet atawa nakis2 acan; atuh dua huntuna langsung copot harita keneh. “Eh……….. pantes siah nanya ka Kula soal eta ? naha pantes hah !??” “Adduuuh ampuuun……………. Enya Kula salah; eh barudak gancang bebaskeun eta Nyi Epon jeung Nyi Ipah. Gancang harita keneh duanana dibebaskeun. Ngan sakilat Si Mawar Hideung geus ngajingjing dua budak awewe kenca katuhu; teu nyaho iraha gerakna; da ngan sakilat pisan; terus wae luncat bari nyakakak :”Hahahaha ! Heh kunyuk Ki Tanu ! Kula titip nyawa andika; moal waka dicabut ayeuna2; ati2 ngajaga eta sirah ulah copot !” Sorana masih kadenge, tapi jelemana mah teu nyaho geus kamana Ki Tanu ngan ukur bisa gogodeg bari mencetan sirah, nu ngadadak pararusing; keur kitu kadenge sora kuda jeung jelema lalumpatan nuju ka markas Rajawali bodas. Wah ieu semah ti mana deui ? Ki Tanu mikir mani nyureng. Naha ayeuna aing loba pisan sial jeung apes ? Boa ieu ge nu bakal ngaganggu ka Kaula. Langsung we ayeuna mah Ki Tanu nyiapkeun anakbuahna supaya saha wae nu wani ngadeukeutan, tong loba tatanya langsung we serang. Atuh harita keneh pasukan panah geus aya di tingkat pangluhurna; siap2 bakal manahan nu datang. Nu datang ayeuna mah tujuhan naek kuda, nu sejenna lalumpat; kaciri garagah jeung sarigep; terus hareupeun markas kira2 50 meter masang Bandera nu Gambarna Maung Hideung ! “Maung Hideung ? Lain di Gunung Gede ? Naha jauh2 make ka dieu ? Kitu pikiran Ki Tanu; nu panghareupna kaciri masih ngora pisan, make rompi beubeur jeung geulang ti na kulit macan. HANCA