Taun 1964/1965 urang ngalaman susah beas teh; nu matak beas ti ditu dibawa ka 
dieu; nu ti dieu ka ditukeun; bari jeung diintervensi ku pamarentah; teu 
meunang mawa beas cenah ti Jabar ka Jateng jst. Nepi ka Pamarentah 
ngadaatangkeun "BULGUR" ; eta lantaran langka.

Tapina sadayana ditangtukeun ku HARGA PASAR; kasaimbangan di na demand and 
Supply tea.

Kumaha ari BBm ? 
Tah ieu Bah Willy kedah paham; yen nu hiji ieu mah sagalanaa ditangtukeun ku 
PAMARENTAH; kebijakan Pamarentah ! Nu matak di DEMO !!!!


--- In [email protected], "Waluya" <waluya2006@...> wrote:
>
> > "Abbas" <abas_amin08@> wrote:
> > Satuju lah kang SP; ngacaprukna kang SP bakaal ditambahan deui ku 
> > ngacaprukna kuring ayeuna.
> > Saenyana lamun BBM naek. PES . TITIK. we di dinya teu naon2. Tapi 
> > kumaha kajadian mu sabenerna ? hehehehe, satiap harga BBM naek, maka  > 
> > harga2 bakal parebut paheula nerekel; gula hargana naek; Aci naek, 
> > tarigu naek; susu keur baby naraek !@ Coba kumaha teu rek lieur 
> > rahayat NKRI ?
> 
> Nu uing teu ngarti mah, naha ari beas naek, tara aya nu demo nya? Padahal 
> harga beas turun-naek, tapi trendna mah nerekel terus. Beas jauh leuwih 
> penting ti BBM, sabab ari beuteung mah teu bisa diisukeun ..hehehe. Aya dua 
> kamungkinan kunaon beas siga nu leuwih teu berharga tibatan bengsin.
> 
> 1. Naekkeun harga BBM ngaganggu "kasenangan" kelas menengah. Nu dimaksud 
> kelas menengah didieu, kolompok masyarakat nu kaperluan hirup paling dasarna 
> geus kacukupan (jadi geus teu mikirkeun deui harga beas sabaraha). Ku naekna 
> harga BBM, jelas ngaganggu kelas menengah. Kelas menengah dimana-mana oge sok 
> paling tarik sorana (vokal). Ceuk cenah mah, lamun jadi pamimpin , kudu 
> ati-ati ulah ngaganggu kapentingan kelas menengah, sabab bisa ribut 
> terus-terusan.
> 
> Sakadar ilsutrasi kumaha "gede sorana" golongan menengah nyaeta beja perkara 
> Tomcat. Sarangga ieu asli Indonesia, ti baheula oge geus aya, jeung teu 
> kungsi jadi perkara gede. Tapi waktu Tomcat "nganjang" ka apartemen di kota 
> Surabaya, si Tomcat jadi beja "gede" nu matak geumpeur sarerea. "Tomcat" geus 
> ngaganggu kelas menengah, pan nu ngeusian apartemen biasana kelas menengah.
> 
> 2. BBM Naek efek psikologina gede, sabab hargana dianggerkeun/ diregulasi. 
> Tah kumaha lamun siga harga beas sina ngiluan harga pasar we, turun naek. 
> Kira-kirana efek psikologina leungit moal?
> 
> 
> WLY
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke