Fikmin #Sorangan#
Ku Ki Hasan

"Puguh sorangan ge kaget. Ku teu nyangka, da karek apal ayeuna. Geuning
manehna teh adi teges didinya." "Heueuh, mun didinya keukeuh ngaheroan wae
manehna, lengkahan heula bugang didieu!" "Ah moal ngalengkahan bugang
didinya mah, atuh sorangan moal laksana ka manehna!" "Terus, ayeuna didinya
rek kumaha hojahna?" "Eta mah pek we pikiran ku sorangan. Keur sorangan
mah, nu penting manehna daekeun ka didieu."
***

Kirim email ke