Kang Hasan, panginten eta kecap teh henteu jauh mun urang diciwit ku wanoja geulis, najan eta ciwitan karasa peurih jeung nyeri ari ku deudeuh heuheuy mah, eta ciwitan karasana saperti diusapan wae...ha..ha..ha...atuh da bogoh tea! Coba mun urang henteu aya rasa kadeudeuh jeung heuheuy ka eta wanoja meureun balik skak "Siah buntelan hitut cuwat ciwit wae, nyeuri nyaho!!!" Kitu deui mun urang ngalakokan naon wae mun hate lapangan (ikhlas) sagalana karasa hampang, enjoy jeung enteng. Sabalikna saperti kecap Imam Ibn ul-Qayiim pasti ngarasa beurat jeung stress!!!.
________________________________ Dari: Ki Hasan <[email protected]> Kepada: Ki Sunda <[email protected]> Cc: Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda <[email protected]> Dikirim: Kamis, 29 Maret 2012 7:50 Judul: [kisunda] Quote - Pagawean tanpa kaihlasan Quote - Pagawean tanpa kaihlasan "Migawe pagawean tanpa kaihlasan ibarat ngasupkeun kokotor kana cai terus digendong. Beuratna jadi beban bari teu nambah kauntungan nanaon ka nu ngagendongna. - Imaam Ibn-ul-Qayyim Tarjamahan "Deeds without sincerity" tina "Islamic Quotes". Panarjamah: Ki Hasan ***
