“Padahal naon ? sok atuh teraskeun ulah dipotong kitu, mun henteu tos we urang tong ngobrol deui percuma; da salian tukang tipu akang teh sok mere kapanasaran wae ka batur.” Sari geus neken deui, ayeuna leuwih keras ti batan samemehna. “aduh…………. Tapi akang teu wasa nyarita…………….. rumasa………… era.” Tembal Jalma rada tag teg tog. ‘Ah sawios atuh ari kitu mah, abdi ayeuna rada tunduh…………” bari Sari rek ngaleos, gancang ditewak leungeunna ku Jalma; tapi mani ngan sakilat digibaskeun. Jalma rada kaget oge, lantaran karasa tanagana lumayan. Gancang Jalma megatan, pok nyarita:”eeeeeh kieu Sari……… kapaksa akang balaka era2 ge…………….” Jalma bari ngadegdeg nyoba ngahalangan Sari indit ti dinya. Sari ngarandeg, pok nyarita:”Sok atuh, tapi jujur ulah nipu wae.” Eleh deet Jalma bari arap eureup nyarita:”Sari, ……..eu eu akang teh, barang indit ninggalkeun Giriresik teh, melaaang pisan ka Sari.” Ngomongna Jalma duka kumaha siga teu dipikir deui, jol brol we eusi hatena kaluar. Saenyana mah mun dibandingkeun antara nu tiluan, memang Sari leuwih geulis ti batan Nyi Epon, tapi eleh geulis ku Nyi Syarifah; ngan wae Sari teh keur Jalma mah awewe nu munggaran kapanggih ku Jalma; bari Jalma jol jol resep jeung nyaah. Jeungna deui Sari teh hiji wanita nu boga kharisma husus dibanding awewe mana wae ge. Pikeun Jalma, Sari teh hiji wanita nu pantes dipikanyaah jeung pantes dipihormat/dihargaan. Memang ti barang mimiti Jalma geus nganggap Sari awewe nomer hiji pikeun dirina; da ari awewe nu sejen mah, cek hate Jalma pedah we nempo pisan kaayaan Jalma jadi daraekeun. Barang Sari ngadenge kekecapan Jalma kitu, segruk ceurik, geus teu tahan ahirna kapiuhan. Ayeuna tibalik tadi mah Sari ngagulang gaper Jalma, ayeuna mah Jalma ngagulang gaper Sari. Nu tiluan ayeuna geus jaragjag deui ngancam ku tilu bedog, bari Mimi nyentak:”Eh lalaki jahat, ku naon eta Teteh nepi ka kapiuhan kitu ? Masing maneh jago ge kuring tiluan moal mundur ku pantar andika !”HANCA
