Hal ieu dina rarasaan asa bisa disambungkeun jeung kiriman seratan ti Ahsa, 
ngeunaan  resensi/ringkasan tulisan Kang Jalal nu judulna : "Dahulukan ahlak 
tibatan fiqih".
(ceuk rarasaan kuring, naha mucunghul tulisan siga kitu, aya naon dina fiqih 
naha teu
diajarkeun ahlak?).

Salajengna, upamana guru Zen ngajarkeun pentingna percaya diri, apan si muridna
geus cumarita : "Kami teu butuh ku lantera," pokna. "Poek atawa caang keur kami 
mah sarua wae." bisa manggih keur jalan balik (ka imah atawa ka akherat?).

Syareatna mah enyaan urang teh tiasa ningali, ngan palebah "balik", kabeh oge 
asanamah
"lolong". (da acan pernah nu geus "balik"/maot hirup deui).

Kitu pamikiran kuringmah mang. Duka tah tinu sanes.

Baktos.
mz
------------------------------
Pada Min, 1 Apr 2012 20:18 ICT Ki Hasan menulis:

>Kang Gus, nya tiasa wae jiga tafsiran salira.
>
>Ngan jigana ari keur uing mah, ngahartianana teh, perkara perluna urang
>boga rasa percaya diri, teu percaya kitu wae ka batur, najan eta teh sobat
>sorangan. Uing ngaduga nu mere lantera jeung nu megat di jajalaneun eta
>jalma nu sarua. Meureun guru Zen tea. Keur nguji muridna ku pangajaran
>pamungkas, nu lolong tea.
>
>Tapi duka keuna henteuna mah eta toongan uing teh. Bisa jadi aya tafsiran
>sejen nu leuwih rasional.
>
>2012/4/1 Gus Maman <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>>
>> Naon kinten-kintena hikmah tina carita Zen ieu Mang Hasan?
>> Lantera, nu aya dina lilin diibaratkeun naon?
>> Tiasa teu diibaratkeun kitab/keterangan atau tulisan atanapi fiqih jste?
>> Jalma lolong teu butuh lantera tapi daek mamawa lantera, bisa teu
>> dihartikeun yen
>> kitab/keterangan atau tulisan atanapi fiqih mah keur batur, lain keur diri
>> sorangan.
>>
>> Baktos.
>> mz
>> ------------------------------
>> Pada Min, 1 Apr 2012 04:27 ICT Ki Hasan menulis:
>>
>>
>> >Kisah Zen - Pangajaran Panungtungan
>> >
>> >Jaman baheula di Jepang, sok marake lantera awi-jeung-keretas nu make
>> lilin
>> >di jerona. Aya saurang jalma lolong, nganjang ka baturna peuting-peuting,
>> >ditawaran lantera pikeun dibawa balik.
>> >
>> >"Kami teu butuh ku lantera," pokna. "Poek atawa caang keur kami mah sarua
>> >wae."
>> >
>> >"Kami nyaho anjeun teu butuh lantera keur manggihan jalan," jawab sobatna,
>> >"tapi lamun andika teu mawa ieu lantera, boa jalma sejen bakal datang
>> >nyampeurkeun andika. Jadi anjeun kudu mawa ieu lantera."
>> >
>> >Jalma lolong tea indit bari ngajinjing lantera jeung saacan leumpang jauh
>> >pisan aya jalma sejen datang nyampeurkeun. "Waspada, anjeun rek indit
>> >kamana!" manehna nyeluk ka jalma asing tea. "Na anjeun teu ninggali ieu
>> >lantera?"
>> >
>> >"Lilin anjeun geus beak kabeuleum, sobat," jawab eta jalma asing.
>> >
>> >Tarjamahan "Teaching the Ultimate" tina "101 Zen Stories".
>> >Panarjamah: Ki Hasan
>> >***
>>
>>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke