ha..ha..ha...aya basa jawaan euy.....
hese atuh Kang Abas, kuring mun nanya hiji jalma "Saha ngaran maneh" ceuk eta 
jalma "Ngaran kuring jalma"
Ditungguan deui episod lanjutana.......
Ulah bosen kang Abas, ngareuah-reuah ieu milis ku Cersil......... ceuk kuring 
meunang Pahala, sumpah! hik..hik..
 

________________________________
 Dari: Abbas Amin <[email protected]>
Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
<[email protected]> 
Dikirim: Selasa, 3 April 2012 5:13
Judul: [kisunda] Cersil Sunda ka 151
  
 
   
 
Keur leceng we Jalma leumpang, bari teu luak lieuk, da asa
euweuh pamandangan nu alus keur ditempo; na ari gejret teh hareupeun, aya
bungkusan ngagejret; rada reuwas oge manehna; tapi ahirna ku Jalma teu diwaro,
terus we Jalma gagancangan neruskeun lampahna. 
Barang geus rada jauh ti tempat eta, karasa ku Jalma asa aya
nu nuturkeun; ku sabab teu nyaho sabaraha jauh deui jeung asa ka teu teu ari;
Jalma teu ngawaro ka na sora naon wae; terus we maju kahareup gagancangan. Keur
kitu karasa aya nu ngabelewer ka na tonggongna; bisa dicingcetkeun tapi Jalma
api2 ngaguling, lantaran ahirna Jalma ngarasa asa digoda terus2an; ah mun perlu
rek diwarah oge eta jelema teh, cek hatena. 
Jalma api2 aduh2an bari nyekelan tonggong; ari ditempo nu
dipake maledog teh; buah jeruk nu geus asak, paingan teu pati nyeri ngan
ngotoran bajuna. Keur kitu teh cakakak, aya nu nyakakak nyeungseurikeun ; terus
pok ngomong :”hahahaha, eh pira ge ku jeruk…………  moal matak paeh ! Kowe ora 
trimo !? hahahaha…………  arep nopo ? bales ? wani kowe ? karo ingsun ?
hahahaha !” 
Barang ditempo, hareupeun manehna  ngajega bari nulak cangkeng, hiji pamuda nu
buukna panjang gondrong, beungeutna kurang diurus, umurna saluhureun Jalma,
kulitna hideung tapi saenyana beungeutna kaciri bear teu siga kejem; tapi
sigana sok remen ngaheureuyan batur. 
“Eh Ki Silah, arep nopo sampeyan ? ganggu perjalanan Kulo ?”
Cek Jalma nanya ka si eta pamuda. 
“Kowe Sundel yo ? arep ngendi heh ?” 
“Eh Jawer ! ngahina siah………. Ojo ngenye yo ?” 
Ayeuna obrolan langsung disundakeun ( hehehe, sieun salah
ngomong Jawana ); 
“Hahahaha ! eh kowe pasti PESILAT nya ?! Sok atuh ambek
kainyah, ingsun rek nempo nepi ka kumaha kajagoan maneh !” 
“ah nanaonan make gelut ? Eh ari sampean saha atuh ?
Ngaganggu perjalanan uing !?” 
“Hahahaha, dititah ambek malah nanya ngaran ? Jadi hayang
babaladan ? Moal bisa kudu GELUT heula, kakara sasalaman !” 
“Naha geuning make kudu gelut heula ?” Jalma nanya bari jeung
enyanaa heran, naha ieu jelema teh keukeuh hayang gelut !? 
“Hahahaha, disabudeureun ieu daerah, can ngajaran KULO gelut
eleh; tangtu uing nu meunang, padahal uing teh hayang pisan sakali mah eleh.”
Cek eta pamuda nyombong. 
Jalma hayang nyaho pok nanya :”Ah meureun we nu dilawanna
bangsa cacing cau !” 
“Hahahaha, enya eta ge……… tapi kamari ieu aya pamuda cenah
mah urang Cirebon, ngaliwat kadieu; urang duaan tarung; enyaan eta mah hebat,
nepi ka luut leet kesang, kakara urang meunang, padahal umurna sahandapeun
uing, tah model maneh (KOWE) lah.” 
Jalma mikir na hatena, moal kituk ki Cakramana ? Lamun
Cakramana, tangtu ieu si pamuda buraong teh enya boga kabisa na kanuragan, tapi
naha enya ieu pamuda teh can aya nu ngelehkeun ? Cing ku aing dipancing deui
:”Ari jeung Mawar Hideung, geus ngajaran tarung !?” 
“Naon !? Mawar Hideung, uing langsung nyumput, lantaaran uing
embung diadu jeung AWEWE !” 
“Hahahaha, Jalma seuri mani nyakakak. Si Pamuda nyentak:”Naon
maneh make seuri siah?! Hayang dicabok !?” 
“Hahahaha, lain pedah awewe tapi maneh sieun nya !?” Kakara
ge sakitu Jalma ngomong, heat teh peureup mani ngahiuk ka na dadana; tapi Jalma
awas, terus nyingcet, enya we karasa tanagana gede oge eta pamuda teh, keun
hayang nyaho nepi kamana ? cek Jalma noroweco na hatena. 
Si pamuda kageteun pisan nempo Jalma bisa nyingcet, bari jiga
wani ka manehna, manehna ti na kaget jadi panasaran, terus we nyerang leuwih
kesit ayeuna mah; tapi eta ge ngan sakilat dicingcetkeun ku Jalma. 
“Euh sigana maneh teh jago oge nya ! Hehehehe, di na waktu
ieu tong disebut si Bejo si Embeling, mun teu bisa nalukkeun maneh.” 
“Hahahaha, Bejo…….. Bejo……….. maneh mah ngan ukur gede omong
wungkul; ka awewe oge sieun ! Hahahaha.” Jalma beuki mapanas.  
Atuh enya we, eta pamuda nu ngakuna si Bejo, ngamuk, ayeuna
mah enya2 nyerangna teh; Jalma ge ngalayanan enya2 oge, da nyaho si Bejo lain
sabangsana Ki Jara; kapan si Cakramana ge eleh, hartina elmuna kaasup hebat
oge. Tapi di na waktu ieu Jalma can males, ngan ukur ngagiwar jeung makis we. 
“Heh, siah sebutkeun ngaran maneh ! pan aing mah enggeus tadi
!” omongna bari tipopolotot.  
“Hahahaha, uing mah Jalma !” 
“Enya aing ge nyaho, sia teh manusa lain monyet ! Naha saha
ngaran teh !?” 
“Hahahaha, enya ngaran uing si Jalma.” 
“Hahahaha, aya ngaran ku araraneh pisan ! Eh Jalma maneh ti tatadi
ngan mundur wae; can ngajaran sakali ge nyerang hah !?”

HANCA
     
         

Kirim email ke