Kang Hasan, cawene nyingsat mun dilembur biasana aya di cai/walungan keur 
marandi. 
Nyingsatkeun anduk, nyingsatkeun samping, oge aya nyingsatkeun rok.
Kula basa keur budak, mun keur ngusep di cai sok ngajeueung eta cawene marandi 
nyingsatkeun andukna, laju brus asup ka cai. Katenjo pingpingna mulus satengah, 
kaluhur rada beresih bodas, ari kahandap sampe kana bitis katenjo rada hauk 
loba teuing kapoe panon poe.
Mun nenjo cawene mandi, panon teu kudap kedip, moncorong nenjokeun eta cawene, 
bari beunget nenjo usep, padahal panon ngureleng teleng nenjokeun cawenen mandi.
Ceuk Mang Sarkam, "Naon eta panon dia teleng bae ka palebah cawena marandi, 
naon dia ngusep bari ngintip".
 
 

________________________________
 Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: Ki Sunda <[email protected]> 
Cc: Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda 
<[email protected]> 
Dikirim: Kamis, 5 April 2012 13:53
Judul: [kisunda] Carpon - Cawéné Nyingsat
  

 
   
 
Carpon - Cawéné Nyingsat
Ku Rohendi Pandeglang

Allohuma umur dunya, salamet berekah Alloh, naga hérang naga lengggang naga 
pangawasa Alloh, turun ti perbu, ditampa ku perdawati, disanggap ku guru 
Ingra…  Dédéngéeun jasa sora Abah mun seug nyapunkeun, deuk ngarapak ngaseuk 
usim ngahuma. Sakabéh dulur jeung  tatangga béh barat, timur jeung kiduleun, 
caringogo burieun Abah nu mancuh kanu parukuyan.  Sabudeureun parukuyan Abah, 
ningker sasaratan nu ngabayak, sarupaning bubur bodas, bubur beureum, cikopi 
pait, cikopi manis, binih, paré indung, tamiang, tiwu, cikur, panglay,  
jaringao  jeung teuing nanahaon deui, ja tara pati engeuh kanu kararitu téh.

Haseup ngebul kaluhur, minuhan langit Cibaliung, paamprok jeung haseup lianna, 
anu doangna mah sarua papada tinu keur mitembeyan. Ngagerenggeng sawara Abah, 
nu isok ditémbalan kunu ngariung. Kapeung nyebut “nyaksian”, kapeung ngahaminan 
Abah anu beuki mendeko baé silana, diamparan daun cau salambar.

Di antara sadudulur, doangna kula anu pangdeugeulna téh. Ja kula mah tilok  ilu 
mendeko doang maranéhna. Teuing kumaha boa étah?, kanu karitutéh, teu pati 
percaya kula mah. Ceuk pangrasa, teu makéan nu kararitu géh, paré mah moal 
burung jaradi baé, ja taneuh Cibaliung mah sakieu suburna, ceuk guru i pé és di 
sakola géh. Tapi, sadeugeul deugeulna kula, teu kituan amat, tetep baé ka huma 
mah kula géh ilu indit. Ngan mun geus Abah mimiti ngelunkeun haseup di 
pabinihan, kula tilok iiluan ngariung burieun Abah, isok ngadon  ngahénén wéh 
di saung cawéné nyingsat, tempat Abah nyaung-nyaung mun geus mimiti usim 
ngahuma.

Pernah éta géh Abah nalék kula, “Pan dia mah tilok aya burieun jing, mun Abah 
keur nyapunkeun?” ceuk Abah nanya. “Laju saha nu bakal nyapunkeun jaga, mun 
Abah geus euweuh?”  Abah serieus jasa. Kula tilok ngajawab, ukur ngahéhéh baé, 
aleman. Abah tara kateterusan tatanyana, doang nu ngaleusteuinkeun teu dijawab 
géh. Doangna mah teu hayang kateterusan cacahan kebel-kebel jeung kula, anakna 
nu rada deugeul.

Pangadatan kula éta, sabalikna jeung Si Bungsu, Kai Sarkim adi kula. Si éta mah 
kacida nurutna kana Abah, Ema, jeung papatah kokolotan di Malang Nengah 
Cibaliung, lembur kula. Unggal jampé, jangjawokan, rajah, nyapunkeun, jeung 
papatah kolot séjénna, doangna geus katalar ku si éta mah. Matak ampir 
salembur, harémaneun jasa ka adi kula éta. Pajar, Si Sarkim mah budak nu 
bageur, pinter, nurut kana papatah kolot, jeung lian-lianna. Ampir sakur pamuji 
tumplek kabéh keur si éta.

Teu geura baé, leusteuin, kula tara ngarasa kalindih ku adi sorangan, samalah 
haren baé nu aya, ja dulur sorangan ieuh.

Jagisuk geus tepung deui jeung mangsana ngabaladah ngahuma. Doangna mitembeyan 
kwarimah rada husus. Eta baé kupédah Abah jeung dulur-dulur, haliwu jasa 
nyanghareupanana. Saung Cawéné Nyingsatna Abah di huma, geus saminggu 
diberesihan, dibeneran, malah dipapaés bélékétépé sagala, dina buri jeung 
gigireunna kwarimah, “Pang éndah” cénah. Calung Rénténg nu ngagantung dina para 
saung, anu biasana tilok dijajal heulan, kwarimah dibawa ka imah sagala. Unggal 
soré, ditabeuhan, “Pang sawarana ngageureuleung, laju bakal betaheun Sang Hyang 
Sri na” ceuk Abah yakin jasa.

Geus puguhan sasaratan nyapunkeun mah, adi kula kacida pakupisna ngumpulkeun 
sakur nu biasa diayakeun dina nyapunkeun. Nu geus ngumpul, laju hiji-hiji 
dibéjakeun ka Abah. Atuh Abah, doang komandan anu mariksa kalengkepan 
prajuritna, neuleuan sakur sarat anu dikumpulkeun ku Ki Adi.

Ema jeung étéh, haliwu di dapur ti isuk kénéh, saksak siksik, kurat keureut, 
kulab kulub, bubay bubuy, puas pais. Teuing deuk ngajieun jeung  ngasakan 
nanahaon, ja kebel jasa, taya anggeusna.

Tolombong jeung bakul eusi binih petingan, ngagunduk pipireun leuit, geus 
tinggal jung manggul ka humakeun. Abah mah meuni geus lengo deui lengo deui 
noongan, doang nu sieun laleungitan.

Beuki sareupna, nu haliwu lain anggeusan, malahan kalah ngarosaan. Ema bulak 
balik ka dapur, ka jero imah, ka imah étéh, ka dapur étéh barateun imah. Kitu 
jeung kitu baé, teu anggeus-anggeus.  Abah jojong di pipir, nyieunan aseuk.  
Ngan ki adi nu teu kadeuleu téh, teuing kamana tah si éta,  ti bada asar kénéh, 
teu neuleu paciweuhna di sakurilingeun imah.

Ari kula mah, sakumaha biasa, jojong baé, nyangsaya di juru ambén hareup. Abah, 
Ema, ki adi, étéh, teu maliré, teu naritah, malah teu ngajak-ngajak acan, 
barang pasosoré, taram mangsana nyatu balakécrakan di ambén hareup étéh. Tilok 
pundung kula mah, nyampeurkeun baé, laju habek baé ilu nyatu babarengan.

Peuting beuki jempling, simpé lain bobodoan. Kabéh geus ngarampih. Ka Eméd anu 
biasa isok pangtungtungna asup ka imah, di sabudeureun tatangga kula, ogé geus 
ngampih. Tandaning geus peuting jasa ieu wanci téh. Sora Jangkrik jeung 
Caricangkas wéh nu jelas sawarana téh. Kalan-kalan kadéngé Anjing babaung ti 
kajauhan, nambahan waasna peuting  jeung puringkakna bulu punduk.  

Sakumaha biasa, kula mah ngaringkuk di juru ambén hareup imah baé. Teu ieuh 
ngarasa disapirakeun ku kolot, ja saprak ki adi lahir, émang teu kabagéan 
tempat saré di jero imah Ngaringkuk di ambén hareup géh karasa haneut jasa. 
Komo  kacida harenna, mun kapeung isok di dongéngan ku Abah jeung Ema, méméh 
ngarampih.

Bulan teu kadeuleu saemét-emét acan, béntang nu biasa baranang, lapur, anggeus 
wéh, teu kadeuleu samata-mata acan, teuing kamarana. Doangna mah jagisuk rék 
hujan. Tina liang sarung nu méléngéh saeutik, kadeuleu Abah kukulintingan 
gigireun leuit. Panasaran, laju nguniang, nyampeurkeun ka Abah. “Kadeuleuna mah 
dia tadi geus tibra jalu?” Abah meupeuskeun jemplingna peuting, najan bari 
halon jasa. “Ari Abah nanaéunan kénéh dina leuit?” kula malik nanya, teu maliré 
pananya Abah. “Kadoang aya nu blag blig bleg ngurilingan leuit, sugan téh dia 
jing?”  Abah kalem jasa, cacak mendakan sawara nu sakitu ahéngna, ceuk kula 
mah. Puringkak, bulu punduk ngadadak ngagurijag, pasang kuda-kuda dina luhureun 
taktak.

Kula ngadeukeutan Abah. “Bagor… horeng Si Monyong teu bisa arasup ka leuit, 
jadi ngadon sing kuriling wéh na jorongan wungkul. Meunggeus ah, kumanéh teu 
kudu inggis, ja lain nanaeun geuningan jalu!” Abah ngupahan, doang nu apal kula 
inggis jeung sieun. Ised, kula mundur ngajauhan deui Abah, isin kupédah kasieun 
kula, karasaeun Abah. “Oh kitu nyah?” kula maksakeun nyawara. “Jig saré deui, 
jagisuk bantuan Abah mawaan binih ka huma”  Abah miceun rasa kasieun kula. 
“Heug géh!”, kula ngoloyong deui ka ambén hareup, bari sabenerna mah rada 
kabayang kénéh, blag blig blegna sawara, ceuk cacahan Abah tadi. Sing sameledin 
teu percaya, kana katerangan Abah nu bieu, majar téh si monyong nu teu bisa 
arasup ka leuit.

Kongkorongok si jago dina tangkal jambu aér, gigireun ambén hareup, 
ngaburisatkeun lalakon impian kula. Gurijag hudang, kadéngé Ema keur cacahan 
jeung étéh di dapur, doangna bari kaprak keprek ngasakan sagala rupa kadaharan, 
bawaeun ka huma.  Ari Ema iraha saréna?, ceuk haté. Panya téh Ema wungkul nu 
geus hudang, horéng Abah mah geus singkil, gigirireun leuit.  Tolombong jeung 
bakul geus nyampak di émpér pipir, kari jung. Ti tungtung buri leuit tepi ka 
tungtung hareup imah, ngajajar rapih bawaeun aya kana sapuluh sikina.  

Najan bari haté rada can méréan, lalanjung jasa, maksakeun kula hudang, laju ka 
buri, ka sumur, nimba, sibeungeut, malah kagol sakalian kula siwuwung. Sarung 
ditalikeun kana cangkéng. Ceuk pikir, bérés muuhan liang aseuk, deuk ngagolér 
dina saung cawéné nyingsat, méakeun parat kapanasaran.

Langit  wétaneun Malang Nengah mimiti ruhay, doangna  panon poé geus deuk taram 
ngapung kana luhureun Cibaliung. Bray, bray, beuki lila beuki caang, tina 
kelemeng kana ngabrak. Curuk mimiti kadeuleu, bulu bitis saeutik-saeutik 
ngabéntésan, tandaning wanci peuting deuk anggeusan, kaganti taramna beurang. 
Kami geus ngalabring sabawana sabawana, ngaleut saurang-saurang, mapay jalan 
satapak ngajugjug huma kami, nu kira-kira salawé rébu léngkah ti buruan imah.

Sabari leumpang, garalécok cacahan duaan duaan. Doangna ngan kula nu teu 
nyawara téh. Hareupeun, étéh cacahan jeung Ema. Burieun, ka Eméd jeung ka 
Arnasa. Kulamah  jojong baé manggul boboko kéjo, pangbagéan gawé ti Abah téh.

“Allohuma umur dunya, salamet berekah Alloh, naga herang, naga lénggang, naga 
pangawasa Alloh. Turun ti perebu, di tampa ku perdawati, disanggap ku guru 
ingra. Kami lain sri sasiki dua siki, saranggeuy dua ranggeuy, réalna saratus, 
lobana sarébu, gunung manik gedong rasa, sanghiyang gunung kancana. Leuit mani 
teu ngadanti kagungan Gusti …”, Abah ngarandeg ngarajah Lutung Kasarungna, laju 
malikeun paneuleuna ka buri, melong hiji hiji sakur nu ngahaminan. Kadeuleu 
beungeut Abah kadoang sedih.

“Seureuh leuweung mawa reuneuh, anakan méméh lakian, rincik rincik ringkak 
ringkak. Nyi beuti manis, nyi akar kawat, nyi buah Emas ranggeuyan”. Nongtoréng 
jasa sawara Abah, padahal teu ceuceuleuweungan.

”Jalu, sarat kurang hiji. Abah jadi teu kebat nyapunkeun!” aya sawara 
meupeuskeun lamunan kula. Horéng Abah geus ngabedega dina jorongan cawéné 
nyingsat. Kula gideug “Kai Sarkim meureun bah!” témbal kula sabolong béntor, 
mantékkeun panyangka ka Si Bungsu. 

Laju paneuleu kula lumpat ngurilingan huma, jojongor, leuweung tutupan, samalah 
tepi kana pila di peuntaseun jojongor Gadog. Kojéngkang, kula hudang, karék 
sadar, mun Si Bungsu euweuh di huma, titadi kénéh teu kadeuleu. Abah géh 
doangna karék engeuh. Luak lieuk, panon Abah ngucing buringas, nganjing 
tulangeun, doang haranga nyiar tegékkeun. Barijeung keukeuh, Si Bungsu  teu 
kapendak aya di huma.  Saréréa jadi haliwu, ngalalakonkeun euweuhna Si Bungsu, 
dina poéan ngaseuk.

Wanci panon poé lempengan émpér cawéné nyingsat, “Dut…Tak…Dung Dang…Dut!”, ti 
béh barat, kadéngé sawara nu geus papada wawuh. Abah reureuh, diuk leuseuh dina 
ambén cawéné nyingsat, paneuleuna ngepung jojongor Gadog, nu di peuntaseunnana 
aya pila, tempat datangna éta sawara. Kula nyampeurkeun Abah, “Dangdutanna, 
éndah jasa nya bah?, komo sulingna, ngagelik ngagelik wéh, kelaaar jasa. Laju, 
sawara sulingna doang nu nyunda téa étamah, nya bah?!”  kula mudalkeun 
pangrasa, pikeun ngahibur Abah.

Nu di ajak ngobrol ngarénghap jero jasa, “Enya, Si Bungsu nu nyulingna, éta téh 
jalu. Kamari soré bébéja ka Abah. Matak… euweuh tamiangan dina pangsaratan 
nyapunkeun tadi téh” ceuk Abah balaka.  Dina sorot paneuleu Abah, aya haren, 
aya reueus, tapi kabuktianana, Abah kalahka tungkul ngotok muyung, miceun 
beungeut kana kolong cawéné nyingsat. Doangna isineun ku kula, ku huma, ku 
tamiang, ku angin, nu nganteurkeun sawara suling Si Bungsu, kana ceuli nu keur 
ngaraseuk, kana binih nu henteu ditamiangan, kana calung rénténg nu isok 
disulingan ku Si Bungsu.

Bagooor…! orok kameumeut Abah jeung Ema, kareueus dulur sa-Malang Nengah, nu 
giak gasik kanu panitah kolot téa, horéng papiuh masinikeun karesepna kana 
cawéné nu nyaringsat nyah…?!, beuh… nyulingan nu génjléh.  

Mun kitu, doangna nu peuting blag blig bleg, ceuk cacahan Abah dina jempling 
téh, sawara Si Bungsu  cék son, meureun nyah?... haté nyoh-nyoh teu 
eureun-eureun, mupuas kanyataan. Beuh… aya kituna Kai Sarkim, adi kula nu nurut 
kana papatah kolot téh.

Sapopoé, Ayu Ting Ting jeung suling Si Bungsu “Kai Sarkim”, anak Abah Kalimi, 
kokolot lembur tukang nyapunkeun, kakalayangan tumpak angin Malang Nengah. 
Laju, blas blus kana ceuli, kana haté, kana rasa dulur salembur. Mudal, bedah 
jadi haliwu, nyoh-nyoh nu ngaraseuk di huma Cibaliung.

Moal kitu kupédah di tengah huma aya cawéné nyingsat mah?. Lajunamah geura baé 
burung…

Ciwasiat, 5 Januari 2012


Katerangan Dialék Sunda Banten :
Aleman = pupujieun
Ambén hareup = tepas
Bagor =  bangor siah!
Barat = kulon
Buri = tukang
Cawéné = parawan
Cawéné nyingsat = ngaran modél wawangunan (saung)
Deugeul = bangor
Doang = jiga
Éndah = ngeunah / hade
Génjléh = jeté/jalingkak
Haliwu = rame / rebut
Haranga = lapar
Haren = atoh
Heman = nyaah
Isok = osok
Ja = nya (paneges)
Jagisuk = isukan
Jasa = pisan
Jing =  sih
Jojongor = pasir
Jojong = jongjon
Jorongan = panyawéran
Kebel = lila
Kotok = hayam
Kwari = ayeuna
Lalanjung = lalieur
Laju = terus
Leusteuin = los teuing
Manték = nénggor / malédog
Naeun = naon
Ngarapak = ngamimitian
Nyawara = nyora/ngomong
Nyoh-nyoh = rényom / galécok
Orok = sebutan ka lalaki
Siwuwung = kuramas / maseuhan buuk
Sing Sameledin = sumpahan
Taram = mimiti
Tegékeun = dahareun
Tilok = teu pernah
Usim = usum

Carita Pondok: Rohendi Pandeglang
Dimuat dina Mangle No. 2358 Edisi 25 Januari - 1 Februari 2012


   
      

Kirim email ke